Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Wuluku

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
wuluku

Wuluku anu wangunna jigapalu gedé anu dijieun tina kai.[1]Anu miboga fungsi pikeun ngabajo sérang, biasana makékebo pikeun narikna.[1]Wuluku pakakas paranti muyarkeun taneuh sawah diwangun tina kai kalayan di hareupna maké ruruhit sina rada méncos, dijieun tina beusi kira-kira sagedé dampal leungeun, gunana sangkan taneuh ngaboréngkal kaluar atawa kagigir, sarta ka tukangna maké bubuntut minangka panyepenganana, biasana ditarik kumunding atawasapi boh sarakit boh hiji.[2]

Aya dua jenis wuluku, masing-masing miboga fungsi anu béda jeung dua-duana dipaké pikeun prosés ngolah taneuh.[1] Waluku kahiji dingaranansingkal, pakakas ieu dipaké pikeun ngabolak-balik taneuh .[1] Wuluku nu kadua dingaranangaru, wangunna singkal tuluy beulah handapna dijieun tina beusi anu lancip jeung bengkok nepi ka taneuh nu disodok ku bagéan hareup nu lancip, sacara langsung ngabalik ka bagéan beusi anu bengkok.[1] Bagéan luhur singkal mangrupa kai pikeun panyepenganana nu ngabajo jeung pikeun nalikeun kana beuheungmunding.[1]

Dina mimiti mangsatatanén mimitian ngembang, manusa ngan ngagunakeunsekop nyaéta gampang pikeun nu nyicingan di wewengkon anu pohara subur kawas diwalungan Nil, di mana caah taunan sok ngabenerkeun taneuh di wewengkon kasebut. Tapi, pikeun sacara tuluy-tinuluy melak di wewengkon anu kurang subur, taneuh kudu diolah leuwih tiheula sangkan sanggeusna bisa nyieun jalan pikeun ngawurbinih.[1]

Tujuan utama ti ngabajo nyaéta pikeun mawa taneuh bagian dina anu subur ka luhur.[1] Wuluku biasana dikenyang ku sabuntut sapi.[1] Cacak kitu, di sawatara wewengkon, bajak dikenyang ku kuda.[1] Sedengkeun, di nagara-nagara maju, dipaké tanaga saab.[1] Saprak dua dékadeu pamungkas, pamakéan bajak di sawatara wewengkon geus loba ngurangan alatan bisa ngabalukarkeun karuksakan dina taneuh sarta erosi.[1]

Rupa-rupa wangun wuluku

[édit |édit sumber]
  • Evolución del arado.
    Evolución del arado.
  • Simple plough components
    Simple plough components
  • Keur ngawuluku
    Keur ngawuluku
  • Ngawuluku sawah
    Ngawuluku sawah

Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. abcdefghijkl(id)Rosyadi. Kebudayaan Masyarakat Sunda di Kabupaten Lebak. CV Manfada Utama. Bandung 2000.
  2. (id)Rachmat Taufiq Hidayat, spk. Peperenian Urang Sunda. PT Kiblat Buku Utama. Bandung 2005.


Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Wuluku&oldid=626770"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp