Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Wikipedia:Bantahan umum

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
40x40px|link=|alt=Artikel ieu keur dikeureuyeuh,ditarjamahkeun tinabasa Inggris.
Bantuanna didagoan pikeunnarjamahkeun.

Wikipédia nyaéta énsiklopédi nemrak (open-content) online, anu hartina mangrupa hiji gempungan sukaréla nu ngembangkeun hiji sumberdaya umum pangaweruh. Strukturna dijieun sangkan bisa dipaké ku saha baé nu miboga sambungan Internét sartabrowserWorld Wide Web pikeun ngarobah eusi nu kapanggih di dieu. ku sabab kitu, perlu dipikanyaho yén nu aya di dieu merlukeun ulasan para profésional husus nu mémang kaweruhna dipikabutuh pikeun nyadiakeun informasi ngeunaan naon baé dinaWikipédia kalawan lengkep, akurat, sarta bisa dipercaya.

Éta hal téh teu ngandung harti yén Anjeun moal manggih informasi nu boga ajén sarta akurat dinaWikipédia, tapi ogé, mugia kauninga yénWikipedia TEU BISA ngajamin, dina jalan naon baé, sohéhna informasi nu kapanggih di dieu. Eusina bisa cikénéh pisan robah, diruksak, atawa diganggu ku jalma séjén nu pamanggihna teu saluyu jeung jihat pangaweruh dina widang husus nu kabeneran keur dipaluruh ku Anjeun. Urang keur ngusahakeun cara pikeun milih sarta nyatujuan vérsi artikel nu bisa leuwih dipercaya, tapi tetep tanpa jaminan. Nu pangdeukeutna tina usaha ieu nyaéta ku ayana prosésWikipedia:Featured articles, tapi artikel nu éta gé bisa waé robah pas pisan méméh anjeun muka.

Teu saurang ogé ti antara panulis, kontributor, sponsor, administrator, sysop, atawa singsaha waé nu patali jeungWikipédia ku cara naon baé tanggung jawab kana némbonganana informasi nu teu bener atawa fitnah atawa pamakéan anjeun kana informasi nu dikandung na atawa numbu ti kaca wéb ieu.

Anjeun geus dianggap ngarti yén sagala informasi nu aya di dieu téh disadiakeun kalawan bébas tur haratis, sarta teu aya perjangjian atawa kontrak naon ogé anu dijieun antara Anjeun jeung pamilik atawa pamaké situs ieu, pamilik server tempatna disimpen, pribadi kontributorWikipédia, administrator proyék mana baé,sysop atawa singsaha baé nuku jalan mana baé patali jeung proyék ieu atawa subyék proyéksister kana klaim Anjeun ka maranéhna sacara langsung. Anjeun dibéré ijin nu diwates pikeun nyalin sagala rupa nu aya dina ieu situs. Éta hal teu matak nyieun atawa nyababkeun kontrak naon baé atawa kontrak tambahan pikeun Wikipedia atawa agén, anggota, pangurus, atawa pamaké séjénna.

Mérk dagang, mérk layanan, mérks koléktif, hak desain, hak pribadi atawa hak sarupa anu disebutkeun, anu dipaké atawa dikutip dina artikel tina Wikipédia nyaéta milik masing-masing nu bogana. Dipakéna dina Wikipédia lain harti Anjeun bisa make pikeun tujuan lain salian pikeun eusi anu sarua atawa mirip dijieun ku panulis asli tia artikel Wikipedia ieu di handapeun lisénsi GDFL. Iwal situs Wikipedia jeung Wikimedia nyebutkeun lain deui, anu teu dirojong atawa boga hubungan jeung salah sahiji nu nyepeng éta hak, sarta Wikipédia teu bisa mere hak pikeun make bahan-bahan lain anu dilindung.Dipakéna unggal properti anu wujudna mirip atawa sarupa mangrupa résiko Anjeun.

Kudu dicatet yén informasi anu kapanggih di dieu mungkin baé ngalanggar hukum nagara atawa yurisdiksi ti tempat Anjeun ningali informasi ieu.Wikipedia teu ngadorong pikeun ngalanggar hukum naon baé, tapi lantara ieu informasi disimpen di nagara bagianFlorida diAmérika, mangka sagala rupa eusina aya dina referénsi panyalindunganKonstitusi Amérika Serikat di handapeun prinsip-prinsip Deklarasi Universal Hak Asasi Manusia tiPerserikatan Bangsa-Bangsa. Undang-undang di nagara Anjeun mungkin teu mikawanoh sacara lega panyalindung kabébasan nyarita minangka undang-undang Amérika Serikat atawa prinsip-prinsip Piagem PBB, sarta ku kitunaWikipedia teu bisa tanggung jawab kana poténsi pelanggaran hukum samodél kitu kudu ditumbukeun kana domain ieu atawa maké informasi anu dikandung dina ieu kaca.

Lamun anjeun perlu saran husus (contona, médis, hukum, finansial, atawa manajemén résiko) mangga geura panggihan profesional anu geus meunang idin atawa ngarti di widangna di wilayah éta. BacaWikipedia:Bantahan résiko,Wikipedia:Bantahan médis, jeungWikipedia:Bantahan hukum pikeun bantahan nu leuwih husus.

Wikipedia téh teu saragem dina prosés ngulas artikelna sacara babarengan, bisa waé hiji artikel aya anu ngoréksi kasalahan atawa ngahapus saran anu salah. Maranéhna teu boga kawajiban hukum pikeun ngalakukeun éta hal, nu matak sakabéh informasi anu dibaca di dieu teu dibarengan ku jaminan kaluyuan pikeun tujuan naoan waé atawa maké naon waé.

No consequential damages can be sought againstWikipedia, as it is a voluntary association of individuals developed freely to create various open source online educational, cultural and informational resources.This information is being given to you gratuitously and there isno agreement or understanding between you andWikipedia regarding your use or modification of this information beyond theGNU Free Documentation License; neither is anyone atWikipedia responsible should soméone change, edit, modify or remove any information that you may post onWikipedia or any of its associated projects.

Hatur nuhun parantos ngaluangkeun waktosna kanggo maos kaca ieu, mangga dihaturanan kanggo ngaraoskeun pangalaman diWikipedia.

Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Wikipedia:Bantahan_umum&oldid=498495"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp