Mesin Wayback nyaéta arsipdigital Waring Wera Wanua sareng inpormasi sanésna tina Internét anu diciptakeun kuInternet Archive, ieu organisasinirlaba anu matuhna diSan Fransisco,California.[3] Situs ieu ngahaja diprogram kuBrewster Kahle jeungBruce Gilliat, sarta meunang eusi/kontén tiAlexa Internet. Ladenan ieu ngamungkinkeun pamaké pikeun nempo arsip kaca wéb saban waktu atawa naon nu disebut "indéks tilu diménsi."[3]
Ngaran Wayback Machine sorangan dipilih tina hiji pakakas dina sérikartunanimasi,The Rocky jeungBullwinkle Show.[4] Dina salah sahiji bagéan kartun animasi, Peabody'sImprobable History, tokoh utama Mr. Peabody sareng Sherman rutin ngagunakeun mesin waktos anu disebut "mesin WABAC" (dibaca "Wayback") pikeun nyaksian, ilubiung, sareng, remen. Ngarobah hiji kajadian anu kawentar dina sajarah.[5]