Wasir atawaHemoroid atawa ogé ambéien nyaétapanyakit nu dilantarankeun megarnapembuluhgetih (véna) nu aya di bagéan dubur atawaanus.[1] Aya ogé nu nyebutkeun yén wasir nyaétapanyakit diréktum jeunganus dilantarankeun ruksaknapléksus hemoroidalis (pembuluhgetih nu aya di réktum jeung anus).[1]
Wasir bisa digambarkeun ngaliwatan ayana jaringan nu nonjol dina saluran anal nu eusina pembuluhgetih jeung jaringan nu ngarojongna ngawengkuotot jeung sarta élastik.[2] Saluran anal nyaéta saluran nu panjangnaopat sentiméter, nu diliwatan ku tinja ti réktum ka luar.[2]
Pikeun jalma nu boga panyawat wasir, dipiharep eureun heula ngonsumsi tuangeun nu lada, minuman alkohol jeung tuangeun nu lobalemakna.[3]Lemak bisa ngalantarankeun bagéan-bagéan anus kendor.[3]