Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Wartawan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Wartawan nyaéta jalma nu mibogapagawéan dina widang jurnalistik.[1] Salaku wartawan, manéhna kudu bisa ngawasa sababaraha kaparigelan dina widangbasa nyaéta salasahijina dina kaparigelan ngaregepkeun jeung kaparigelan nulis, sabab salaku wartawan, kudu boga kamampuan nulisinpormasi nu ku manéhna ditulis dumasar kana fakta sangkan warta nu dijieun bisa akurat jeung teu meunang nyawang sorangan, nu ahirna warta éta bisa dipaluruh ku réa jelema kalawan hadé jeung bisa dipertanggungjawabkeun.[2] Saterusna éta warta dimuat dina média massa, boh média cetak boh média éléktronik.

Peristilahan

[édit |édit sumber]

Wartawan nyaéta jalma nu kagiatan sapopoéna néangan inpormasi, ngumpulkeunwarta, nyusun warta jeung rutin nyusunlaporan pikeun dikirimkeun atawa dimuat dina média massa. Laporan-laporan ieu dimuat dina TV,internet,radio,majalah jeung réa-réa deui. Istilah wartawan mucunghulna di nagara Indonésia sanggeus pangaruh élmu komunikasi anu condong kaAmérika Serikat. Istilah ieu nu satuluyna boga dampak dina ngaran posisi jurnalistik. Contona, "redaktur" jadi "éditor". Sedengkeunwartawan, dina harti Ikatan Jurnalis Indonesia, aya patalina jeung kagiatan nulis anu ngawengku néangan data (panalungtikan, ngalaporkeun,verifikasi pikeun ngalengkepan laporanna. Wartawan diwajibkeun obyektif, hal ieu béda jeung panulis kolom anu bisa ngébréhkeun pamadeganana nu sacara subyektivitas.

Naon nu dimaksud Jurnalis?

[édit |édit sumber]

Salaku tatapakan munggaran, penting pikeun urang sadaya mikawanoh kana naon ari nu dimaksud jurnalisme. Jurnalis nyaéta individu anu tanggung jawab pikeun ngumpulkeun, nalungtik jeung nepikeuninpormasi ka masarakat. Aranjeunna bisa méré sawangan ogé gawé barengna dina sababarahaplatform média pikeun ngayakeun jeung nyieunlaporan anu faktual jeung saimbang ka pamiarsa atawa ka panongton.

Bédana Jurnalis, Wartawan jeung Réporter

[édit |édit sumber]

Jurnalis mangrupa istilah nu leuwih nyoko kana hal umum jeung kaasup sakabéh individu anu gawé bareng dina widang industri média pikeun ngumpulkeun, nalungtik jeung nepikeuninpormasi ka masarakat. Éta tanggung jawab pikeun nyayogikeun laporan anu faktual sareng saimbang ka pamiarsa atanapi panongton. Samentara éta,Wartawan istilah anu langkung husus jeung ngarujuk ka jalma anu sacara profésional ngalaksanakeun kagiatan jurnalistik. Sengkeun ari nu dimaksud Réporter nyaéta individu-individu anu ngagarap média massa tangtu, saperti koran atawamajalah, sarta boga tanggung jawab pikeun nyusun jeung nepikeunwarta ka pamiarsa ogé ka para panongtonna.[3]

Pancén Wartawan

[édit |édit sumber]

Pancén utamaWartawan nyaéta ngumpulkeuninformasi nu akurat jeung relevan, Maranéhna ngalaksanakeun panalungtikan, wawancara, observasi jeung maluruh data pikeun meunangkeun fakta anu diperlukeun pikeun ngalaporkeun warta. Urang salakuwartawan ogé kudu ngabogaan sikep anu profésional, nurutkeun informan,profsionalisme nya éta kahayang anu museur kana palayanan ka masarakat dina wangun nyebarkeun karya jurnalistik ngaliwatan média massa saperti koran,majalah, radio jeung televisi tempat gawéna. Hartina lain mangrupa minuhan kauntunganékonomi pribadi lantaran ayana wartawan salaku palayan masarakat. Upama ayawarta anu dipiharep bisa narik perhatian balaréa, kudu geuwat dicaritakeun sabab bakal méré mangpaat pikeun jalma réa. Ku lantaran kitu, wasiat anu nyicingan dina haté wartawan tuluy ngawujud komitmen kudu nyampak dina unggal kagiatan jurnalistik di lapangan.[4]

Organisasi Wartawan

[édit |édit sumber]

Organisasi Wartawan mangrupa bagian tina organisasi pers nu ngahijikeun jalma-jalma nu rutin atawa aktip dina ngalaksanakeun kagiatan jurnalistik. Réa pisan organisasi wartawan nu aya di Indonésia, tapi ngan sababaraha organsasi wartawan nu sah jeung aya dina lingkup hukum.

  • Persatuan Wartawan Indonesia (PWI)
  • Aliansi Jurnalis Independen (AJI)
  • Ikatan Jurnalis Televisi Indonesia (IJTI)
  • Asosiasi Televisi Swasta Indonesia (ATSI)
  • Persatuan Radio Siaran Swasta Nasional Indonesia (PRSSNI)[5]


Referensi

[édit |édit sumber]
  1. Felecianus, J (2025).Cara gampang jadi wartawanFelecianus. Jakarta: Galangpress Group. p. 82.ISBN 9789792499629.  Disungsi 29 Méi 2024
  2. Alula."Profesi Wartawan : Pengertian, Tugas, Skill, Tujuan, Prospek Kerjanya".Blog Arkademi (dalam en-US). Diakses tanggal2024-03-30.  CS1 maint: Unrecognized language (link)
  3. News, LSPR."Jurnalis: Tugas & Tanggung Jawabnya".LSPR (dalam en-US). Diakses tanggal2024-03-31.  CS1 maint: Unrecognized language (link)
  4. WIBAWA, DARAJAT. MIMBAR. https://ejournal.unisba.ac.id/index.php/mimbar/article/viewFile/345/43. Archived 2024-03-30 diWayback Machine
  5. Kanariyati, Pratitis Nur."5 Organisasi Wartawan yang Terdaftar di Dewan Pers: Ada PWI".Mengenal Indonesia (dalam en-US). Diakses tanggal2024-03-31.  CS1 maint: Unrecognized language (link)Archived 2024-03-31 diWayback Machine
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Wartawan&oldid=674210"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp