Walt Disney nyaéta rajamultimedia dina widanganimasi[1]. Mangjuta-juta barudak di dunya pasti teu bireuk deui jeung tokoh animasiDonald Bébék jeungMickey Mouse ogéGufi[1]. Mimitina tina film kartun, Kerajaan Disney kiwari jadi leuwih lega deui ambahanan ngaliwatan rupa-rupa produk ti mimiti film TV nepi kaDisneyland[1]. Ngaran Walt Disney kacatet makétinta emas di dunya hiburan husuna barudak[1].Manéhna nyieun tokoh kartunMickey Mouse jeungDonald Bébék anu geus kawéntar di saalam dunya, nyieun film animasi anu rada panjang, ngawangun stasiun TV anu dingarananDisney Channel, nepi ka nyieun taman hiburan Disneyland anu ngaeksploitasi fantasi manusa[1].
Pausahaan multimedia Disney kiwara jadi jawara di dunya hiburan moderen ku ayana produk-produk anu rupa-rupa jeung sukses. ku ngan saukur ningali aya merk Disney lolobana jalma percaya yén éta produk miboga kualitas anu hadé jeung bisa ngahibur. Ku ayanabrand anu sakitu kuat jeung midunya, disney barobah jadi pausahaan media anu panggedéna di dunya.Penjualan Disney per taun bisa nepi ka 22 milyar dollar AS. Produkna rupa-rupa ti mimiti film kartun animasi, film layar lebar, souvenir, media televisi nepi kapernak-pernik séjénna[1].
Antara taun1926 jeung1928 Disney ngaproduksi serial kartunOswald The Rabbit jang di produksi diUniversal Picture[1]. Sabada éta taun1928 manéhna ngaproduksiSteamboat Willie di Studio film anu diwangun ku manéhna sorangan[1]. Film ieu mangrupa film kartun munggaran anu maké sora nu geusdisinkronisasi[1]. Awal taun1928 tokoh Disney anu pangpolulérna nyaétaMickey Mouse mimiti diwanohkeun dina film kartunPlane Crazy[1]. TokohMickey Mouse meunang aprésiasi anu luhung salaku gambaran urangAmerika anu teu éléhan[1].
Taun1930-an Disney gawé bareng jeungTechnicolor nyieun filmberwarna anu judulnaFlowers and Trees [[1932 anu suksés[1]. Tuluy Disney nyieun film panjang munggarananaSnow White and Seven Dwarfs anu ogé bisa ditarima ku masarakat jeung bisa ngirut masarakat[1].Disagédéngeun éta filmPinocchio jeungFantasia jadi leuwih mekar tina segi inovasi téhnik[1]. Antara taun1950-1960,Walt Disney Productions Ltd, jadi produsén anu pangpentingna jang téater jeung TV ogé penerbitan[1]. Walt Disney ogé ngawangun hiji taman hiburan nu panggedéna diAmerika SerikatDisneyland taun1955 anu nepi ka ayeuna tingkat popularitasna can bisa ka éléhkeun ku nu séjén[1].Disneyland mintonkeunrekonstruksi,paméran, jeung sajarahna anu jadi daya irut jang para turis[1]. Disneyland geus jadi rékayasa imajinasi di mana kaéksotisan, makhluk-makhluk anu berbahaya,tempat jeung fantasi bisa diproduksi[1]. Sukses Disneyland tuluy diiluan ku dibukananDisney World diOrlando Florida taun1971[1].Disney wafat ku sabab kakeunaan panyakitkangker taun1965[1].
Dua bagéan tina bisnis raksasa Disney anu teu béda pentingna nyaéta konsumer produk jeungmedia network[2]. Bisnis konsumer produk Disney dimimitian ti1929 nalikamerchandise tokohMickey Mouse muimiti dipikaresep[2].Merchandise anu mimitina ngan saukur dipaké jang tilam méja tulis jang barudak ayeuna mekar jadi pakéan, coco'oan barudak, dékorasi imah nepi ka buku, games, kadaharan jeung kainuman, barang-barang éléktronik nepi ka barang-barang seni[2].