Wallis jeung Futuna, resminaTéritori Kapuloan Wallis jeung Futuna (basa Perancis:Wallis et Futuna/Territoire des îles Wallis et Futuna,Fakauvea jeungbasa Futuna:Uvea mo Futuna), mangrupa téritori pulo Perancis diPolinésia di Pasifik Kidul antaraTuvalu,Rotuma (Fiji), bagian utama Fiji,Tonga,Samoa,Tokelau, jeungKapuloan Phoenix (Kiribati).
Wewengkon ieu dibagi kana tilu karajaan tradisional (royaumes coutumiers):Uvea, di pulo Wallis,Sigave, di bagian kulon pulo Futuna, jeungAlo, dina pulo Alofi jeung bagian kalér pulo Futuna (ngan Uvéa nu dibagi deui, kana tilu distrik):
Ibu kota wewengkon ieu nyaétaMatāʻutu dina pulo Wallis. Salaku wewengkon ti Perancis, wewengkon ieu diparéntah dinaKonstitusi Perancis 28 Séptémber 1958, jeung mibogahak pilih universal pikeun sasaha nu yuswana 18 taun atawa leuwih. Présidén Perancis dipilih ku sora nu panglobana pikeun jabatan lima taun; administrator luhurna ditunjuk ku Présidén Perancis kalawan saran tiMentri Jero Nagri Perancis; présidén Pamaréntaha Téritorial jeung Majelis Téritorial dipilih ku anggota majelis.[5]
Artikel ngeunaangéografi ti hijinagara atawawewengkonieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.