1 Tarjamah literal motto nyaéta "Kuring bakal ngariksa". Di dieu "ngariksa" hartina keukeuh pamadegan atawa nyekel lemah. 2Den Haag nyaéta dayeuh pamaréntahanana. 3 Di Walanda,basa Frisia ogé mangrupa basa resmi (sanajan ngan diucapkan diFriesland);basa Low Saxon sartabasa Limburgish sacara resmi diaku minangka basa wewengkon. 4Katengtreman Westphalia. 5 Saméméh warsih 2001:gulden Walanda. 6 Domain.eu ogé dipaké, kawas anu dipaké babarengan para nagara anggotaUni Éropa.
Walanda sakapeung disebut minangkaHolland. Istilah ieu henteu bener, alatan minangka propinsi Holland Kalér sarta Holland Kidul anu perenahna di bagian kulon ieu saukur dua ti dua belas propinsi anu aya di Walanda.
Walanda nyaéta salah sahiji nagara anu kungsi ngawasaanIndonésia sacara resmi ti taun 1800 sarta kakara ngaku kadaulatan Indonésia dina 27 Désémber 1949, tapi ayeuna geus ngaku Indonésia merdika dina 17 Agustus 1945.
Walanda mangrupa salah sahiji nagara anu pangmundelna di dunya sarta lolobana taneuhna aya di handapeun beungeut sagara. Walanda ogé kaceluk kalayan galengan cai (dijk), kincir angin, kelom kai, kembang tulip, sarta sipat kabuka (liberal) masarakatna. Sipat kasebut jadi hal anu kaceluk sacara internasional. Walanda ogé jadi tempat kalungguhanMahkamah Internasional.Amsterdam mangrupapuseur dayeuh Walanda, sartaDen Haag puseur administrasi sarta panyicinganRaja Walanda.