Vitamin D nyaéta sagorombolprohormon nu leyur-lemak, dua di antarana anu utama nyaéta vitamin D2 (atawaérgokalsiférol) jeung vitamin D3 (atawakolékalsiférol)[1]. Istilah vitamin D ogé nujul ka sakurmétabolit jeung analog ieu zat. Vitamin D3 dihasilkeun dina kulit nukasorotpanonpoé, hususna radiasi Bultrabungur.
Vitamin D gedé gunana dina ngokolakeun sistemorgan[2]:
Vitamin D ngatur kadarkalsium jeungfosfor dinagetih ku cara absorpsi tina katuangan dinapeujit jeung ré-absorpsi kalsium dinaginjal, antukna mineralisasitulang bisa lumangsung sakumaha mistina sarta nyegahtétanus hipokalsémia. Ieu zat ogé dipikabutuh pikeun tumuwuh & mekarna tulang kuostéoblast jeungostéoklast[3][4].
Tanpa ayanavitamin K atawa ubar (hususna pangéncér getih) nu ngaganggumétabolismeu vitamin K, vitamin D bisa ngarojongkalsifikasi jaringan leuleus[5].
Mangaruhansistem imun ku ngarojongfagositosis, aktivitas anti-tumor, jeung fungsi imunomodulatoris[8].
Kakurangan vitamin D bisa disababkeun ku (1) kurangna asupan nu dibarung ku kurang kasorot panonpoé, (2) cacad nu ngawates absorpsina, (3) kaayaan nu ngaganggu konversi vitamin D jadimétabolit aktif (kayaning cacad/gangguanati atawaginjal), atawa (4) sababaraha cacad turunan anu ahéng[2]. Balukarna, mineralisasi tulang jadi kaganggu, nu antukna ngaleuleuskeun tulang,rakhitis pikeun barudak atanapiostéomalasia pikeun nu sawawa, sarta béh dituna kanaostéoporosis. Najan kitu, kasorot panonpoé ogé henteu salawasna hadé, sabab mun kaleuleuwihi bisa ngabalukarkeunkangker kulit.
Sababaraha bentuk (vitamér) vitamin D geus kapanggih (tempo tabel). Dua bentuk utama nyaéta vitamin D2 atawaérgokalsiférol jeung vitamin D3 atawakolékalsiférol, nu duanana katelahkalsiférol[9].
Tina jihat kimia, rupa-rupa bentuk vitamin D téh kaasup kanasékostéroid, nyaétastéroid anu hiji beungkeut dina cingcin stéroidna pegat[10]. Wangun anu béda antara vitamin D2 jeung vitamin D3 ukur aya dinaranté gigirna. Ranté gigir D2 ngandung beungkeut ganda antarakarbon 22 jeung 23, sarta hiji gugus métil dina karbon 24.
Vitamin D2 diturunkeun tina sumber-sumber nabati (fungi jeungtutuwuhan), henteu dijieun ku awak manusa. Vitamin D3 diturunkeun tina sumber-sumber héwani sarta dijieun dina kulit nalika7-dehidrokoléstérol karadiasi UVB dinapanjang gelombang 270–300 nm, nu puncak sintésisna antara 295-297 nm[11][12]. Ieu panjang gelombang aya dina cahya panonpoé nalikaindéks UVna leuwih ti 3 (aya sapanjang taun di wewengkontropis, usum panas jeung gugur di wewengkon sedeng, di wewengkon kutub mah teu aya), vitamin D3 bisa dihasilkeun cukup ku kasorot salila 10-15 menit dua kali saminggu pikeun raray, leungeun, jeung tonggong buligir. Leuwih lila ti éta bakal aya kasatimbangan antara produksi jeung degradasi, antukna jumlah vitaminna mah sakitu-kitu kénéh[1].
Dina awak manusa, D3 jeung D2 sarua pangaruhna dina ngaronjatkeun kadar hormon vitamin D dina sirkulasi[13], najan aya ogé nu nyebutkeun yén D3 leuwih matih batan D2[14].
Dina awak séjénspésiés, contonabeurit, vitamin D2 leuwih jétu pangaruhna batan D3[15]. Boh vitamin D2 atawa D3 dipaké salaku panambih/suplemén gizi, kaasup bentukfarmasikalsitriol (1alpha, 25-dihydroxycholecalciferol), doxercalciferol andcalcipotriene.[16]
Vitamin D téh prohormon, hartina teu boga aktivitashormon anu mandiri, tapi dirobah jadi hormon aktif 1,25-D dina mékanismeu sintésis anu diatur. Produksi vitamin D di alam ampir salawasna merlukeun ayana sorot cahya UV; samalah vitamin D dina katuangan gé diturunkeun tinaorganismeu, tisu'ung nepi ka héwani, nu teu bisa nyieun sorangan iwal mun aya cahya UV. Pikeun conto, vitamin D dina lauk asalna tina ganggang nu nyintésis éta zat dina cai dé'ét nu katojo ku UV panonpoé.
Lapisan/strata épidermal dinakulit. Vitamin D paling loba dihasilkeun dina stratum basale (kelirbeureum dina gambar) jeung stratum spinosum (keliroranyeu).
Vitamin D3 dijieun ku cara fotokimia dinakulit tina7-dehidrokoléstérol nu paling loba numpuk dina lapisan épidermal, utamana dina stratum basale jeung stratum spinosum[11]. Ku kituna, produksi pra-vitamin D3 paling loba dina dua stratum éta.
↑van den Berg H (1997). "Bioavailability of vitamin D".Eur. J. Clin. Nutr. 51 Sup. 1: S76–9.PMID9023488.
↑Cranney A, Horsley T, O'Donnell S; et al. (2007). "Effectiveness and safety of vitamin D in relation to bone health".Evid. Rep. Technol. Assess. (158):1–235.PMID18088161.;Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)
↑Salah ngutip: Tag<ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernamaSciAmNov2007
↑Dorland's Illustrated Medical Dictionary, dina Vitamin (Table of Vitamins)
↑About Vitamin DArchived 2011-11-15 diWayback Machine Including Sections: History, Nutrition, Chemistry, Biochemistry, and Diseases. University of California Riverside