Vertebra mangrupatulang irégular nu nyusuntulang tonggong — kolom nu silih sambungkeun sarta fléksibel.
Manusa boga 33 vertebra, kaasup nu opat nungahiji jadisacrum (nu séjénna mah dipisahkeun kupisin antarvertebra) jeung opat tulangcoccygeal nu jaditulang buntut.
Bagian luhur anu tilu diwangun ku 24 vertebra, nu digolongkeun dina ngarancervical ('punduk', 7 vertebra),thoracic ('dada', 12 vertebra), jeunglumbar ('cangkéng', 5 vertebra), luyu jeung perenahna dina awak.
Vertebra dibagi kana dua bagian penting: (1) ségménanterior (hareup), nu mangrupaawak vertebra; jeung (2) bagian posterior – gondéwavertebral atawaneural, nu mungkusvertebral foramen.Gondéwa vertebral dibentuk ku sapasangpedicle jeung sapasanglamina, nu ngarojong tujuhprosés: opatarticular, duatransverse, jeung hijispinous.