Républik Uzbékistan (atawaUzbékstan atawaOzbékistan), nami resminaRépublik Uzbékistan (basa Uzbék:O‘zbekiston Respublikasi atawaO‘zbekiston Jumhuriyati;Sirilik: Ўзбекистон Республикаси;basa Rusia: Республика Узбекистан), nyaéta hiji nagara diAsia Tengah, nu saencanna téh wewengkon tiUni Soviét. Nagara anu daérahna kakurung daratan ieu tepung wates jeungKazakhstan di kulon jeung kalér;Kyrgyzstan jeungTajikistan di wétan; jeungApganistan jeungTurkménistan di kidul. Bsa resmina téh nganbasa Uzbék, nyaéta kaasupbasa Turk, tapibasa Rusia tetep digunakeun, titinggal pamaréntahan Soviét. Kirang leuwih 1 jutasuku Tajik, kalompok étnis nu sarumpun jeung bangsaPérsia, nyicingan nagara ieu,[1] ogé mangrupa 4,8% ti populasi.[2] KecapOzbek diwangun tioz ("sajati/asli") jeungbek ("pamingpin/bangsawan"), jadina "Ozbek" téh hartina "bangsawan" atawa "pamingpin sajati".
Wewengkon Uzbékistan geus dicicingan ti milennium kaduaSM. Aya papanggih pakakas purba manusa jeung monumén-monumén di wewengkonFerghana,Tashként,Bukhara,Khorezm (Khwarezm, Khorasmia), jeungSamarkand.
Alexander Agung nalukkeun Sogdiana jeung Baktria dina taon 327 SM, kawin jeungRoxana, murangkalihna pupuhu séké Baktria satempat. Tapi, panalukan ieu rupina heunteu loba nulungan Aléxander sabab rahayat ngalawan hangitna.[rujukan?]
Dina loba abad, wewengkon Uzbékistan dipérintah ku Kakaisaran Iran, saperti KakaisaranParthia jeungSassanian.
Dina abad ka-14 M.,Timur, nu diwanoh ogé sabagé Timur Lénk, ngéléhkeun bangsa Mongol jeung ngawangun hiji imperium. Dalam peperanganna, Timur Lenk ngaluaskeun wewengkonna nepi ka Wétan Tengah. Manéhna ngéléhkeunSultan OttomanBayezid I. Bayezid ditangkep jeung maot waktos keur dipanjara. Timur Lenk nyobian ngawangun ibukota imperiumna di Samarkand. Ayeuna, Timur Lenk dianggap sabagé salah sahiji pahlawan ageung di Uzbékistan nu peryogi dina idéntitas jeung sajarah nasionalna. Saenggeus labuhna Impérium Timur Lénk,kaom nomaden Uzbék ngarebut wewengkon ieu. Dinaabad ka-19,Kakaisaran Rusia ngamimitian ékspansina jeung nyebar kaAsia Tengah, kaasup ka Uzbékistan.