Uwais Al-Qorni nyaéta pamuda tiYaman, cicing bareng jeung indungna anu geus kolot, lumpuh, jeung lolong.[1] Bapana mah geus lila tilar dunya jeung teu boga baraya.[1] Matana biru, dadana sembada, kasep, jeung kulitna semu beureum.[2] Tapi kaserang panyakitsopak.[2] Budak yatim anu hirupna sangsara pisan tur teu dipalire ku jalma-jalma sabudeureunna.[2] Remenna mah dihina jeung dituduh maling.[2] Manéhna katelah budak anu taat kana agama, rajin macaAl-Qur’an jeung nyaah pisan ka indungna.[3] Indungna dirawatan kalayan pinuh ku kaasih jeung kadeudeuh, sagala kahayang indungna ku manéhna diusahakeun sangkan kacumponan.[3] Ngan aya hiji kahayang indungna anu rada hésé dicumponan.[3] Harita Indungna hayangeun pisanibadah haji.[3] Manéhna mikir kumaha carana sangkan sanajan dina kaayaan anu sangsara tapi bisa mawa indungna ka Mekah.[3] Hiji mangsa manéhna dibéré anak sapi ku dununganna, lantaran gawéna salaku tukang ngangon kapaké pisan.[3] Nyieun kandangna téh di luhur pasir.[3] Unggal poé éta anak sapi diais, diajak naék turun pasir.[rujukan?] Ningali kalakuanna kitu, loba pisan anu nyebutkeun manéhna owah.[3] Tapi teu ieuh dipaliré.[3] Éta anak sapi tuluy wé diurus ku manéhna, diaais bari diajak ulin nepi ka gedéna.[3] Tangtuna, mingkin gedé anak sapi, mingkin gedé ogé tanaga anu dibutuhkeun ku manéhna keur ngais.[rujukan?] Ku lantaran geus jadi kabiasaan, cape ogé teu dirasa.[3] Tepi ka usum Haji, anak sapi Uwais beuratna geus sakintal, awak manéhna ogé jadi mingkin kuat.[3] Teu sangka, geuning maksudna kitu téh minangka latihan sangkan bisa ngais indungna ka Mekah.[3] Enya wé kabuktian, manéhna mampuh ngais indungna ti Yaman ka Mekah.[3] Manéhna ihlas ngalakonan sagala hal asal indungna bagja.[3] Kalayan tegep manéhnatawaf bari ngais indungna.[3] Sabada réngsé ibadah haji, kalayan Asih ti Nu Maha Suci jeung dunga ti indungna, awakna cageur tina kasakit sopak.[3] Ngan kari aya tanda bodas buleud dina dampal leungeunna.[3] Anu satuluyna éta tanda téh jadi pituduh keurUmar bin Khathab jeungAli bin Abi Thalib.[3]
Uwais kataji pisan ku agama Islam, sabada meunang ijin ti indungna pikeun nepungan Rasululah manéhna langsung indit.[4] Bari saméméhna teu poho nyadiakeun heula kabutuhan indungna, laju nitipkeun ka tatanggana anu bageur.[4] Satepina di imah Rasulullah, nu aya téh ngan Siti Aisyah da cenah Rasulullah mah keur aya dimedan perang.[4] Aya rasa kuciwa dina haténa, kahayangna mah nungguan nepi ka datang, tapi ras inget deui ka indungna anu keur gering.[4] Antukna manéhna milih mulang deui ka indungna, sedeng kaSiti Aisyah manéhna nitip pesen keur Rasulullah[4] Perang geus lekasan, Rasulullah mulang ka Madinah.[4] Satepina di imahna Rasulullah langsung nanyakeun sual pamuda anu datang ka imahna.[4] Rasulullah tuluy nyarita ka Siti Aisyah jeung para sahabat yén Uwais Al-Qorni téh pamuda anu nyaaheun pisan ka indungna.[4] Pamuda anu kasohor di Langit.[4] Rasulullah ogé nyarita upama hayang apal ka Uwais cirina nyaéta aya tanda bodas dina dampal leungeunna.[4]
Wanci tuluy baganti, sabada Rasulullah tilar dunya tuluy diganti khalifah Umar bin Khathab, Ali bin Abi Thalib inget deui kana sabda Rasulullah ngeunaan Uwais.[4] Jadi unggal aya kafilah ti Yaman ku Ali bin Abi Thalib atawa Umar bin Khathab sok seja dipegat.[3] Nepi ka kapanggihna, Ali bin Abi Thalib jeung Umar bin Khathab tuluy ngajak sasalaman.[4] Enya wé dina dampalna aya cirian.[4] Harita Uwais katingali pisan cahyaan.[4] Ku khalifah Umar ditangkeup bari pinuh kadeudeuh, tuluy didongéngkeun yén Rasulullah kungsi nyaritakeun manéhna.[5] Tuluy nitah sangkan dipénta dunga jeung istighfarna.[5]Sabada éta tuluy istighfar babarengan.[5]
Sababaraha taun sabada éta, Uwais mulang ka Rahmatullah.[4] Aya sababaraha kajadian ahéng, di antarana loba pisan anu hayang ngamandikeunna.[4] Kitu ogé nalika rék dikafanan, loba jalma anu nungguan.[4] Komo basa rék digali kuburanna, malah kasampak geus aya nu ngagali.[4] Sagalana geus sadia.[4] Tilar dunyana Uwais matak ibur salelembur.[4] Loba hal anu teu disangka, kawas loba jalma anu teu dipikawanoh datang ka makamna.[4] Padahal mah Uwais teu pada mikanyaah jeung maliré.[4] Tuluy wé Ali bin Abi Thalib jeung Umar bin Khathab nyaritakeun saha saenyana Uwais téh.[4] Penduduk langit anu dipikasono.[4]