Usumtéh salah sahiji babagian utamataun, biasana mah dumasar bentuk iklim nu lega. Ilaharna sataun kabagi jadi opat usum, nyaéta:usum semi,usum panas,usum gugur, jeung usum tiris. Ngan, di Indonésia mah lantaran nganjrek di daérahtropis, mangka ngan dibagi jadi dua usum wungkul, nyaéta:usum ngijih jeung usum halodo.
Ari baheula di Mesir Kuna mah usum téh kabagi jadi tilu usum, nyaéta: musim caah, usum darurat lantaran caah, jeung usum panunéian nu panas.