Usopp nyaéta salah sahiji karakter fiksi dinaManga jeungAnimeOne Piece.[1] Usopp nyaéta penembak jitu di kelompokBajak Laut Topi Jerami.[1] Usopp nyaéta kru topi jerami anu paling borangan.[1]
Ngaran Usopp dicokot tina basaJepang "uso" (うそ) anu hartina wadul atawa jelma tukang ngawadul.[1]
Usopp papanggih jeung luffy di Desa Syrup, di desa éta Luffy gelut jeung kelompok bajak lautKuroneko anu di pimpin ku kapténKuro anu nyamar jadi pelayan salah sahiji warga anu benghar, pikeun nguasaan hartana.[2] Sabada ngéléhkeun bajak laut Kuroneko, Usopp ngabubarkeun kelompok bajak lautna anu anggotana tilu urang budak leutik, tuluy Usopp diajakan jadi anggita bajak laut topi jerami.[3]
Salila diGrand Line Usopp ngarasa lemah, tungtungna Usopp kaleungitan percaya diri.[1] Sabada di Water 7 Usopp gelut jeung Luffy, nu ahirna Usopp kaluar ti kelompok topi jerami.[4] Sabada éta, Usopp di tewak kuCP 9, nu ahirna Usopp di leupaskeun kuSanji.[5] Usopp ahirna indit ngabantuan Luffy pikeun ngabébaskeunNico Robin ku cara nyamar jadiSogeking.[6]
DiEnies Lobby Usopp dititah ku Luffy sangkan ngaduruk bendera pamaréntah dunia, anu andakeun perang jeung pamaréntah nu aya di Enies Lobby.[1] Sabada perang di Enies Lobby, Sogeking (Usopp) boga harga buronan 30 juta berry sabada difonis salah ku lantaran ngaduruk bendera Pamaréntah Dunia.[1]
Usopp di teleportKuma ka hiji pulo nu ngarana Pulo Boin, di pulo ieu pinuh ku tangkalKarnivora anu gedé sarta dina permukaan tangkalna aya kadaharan anu ngeunah.[1] Di pulo éta aya hiji ksatria ngaranaHeraclesun anu nulungan Usopp, ku sabab lobana kadaharan dina éta pulo, Usopp jadi gendut nepi ka hésé bagerak.[1] Sabada maca koran nu ngagambarkeun kaayaan Luffy, Usopp menta tulung ka Heraclesun sangan ngajarkeun manéhna jadi ksatria.
Dua taun geus kitu, Usopp balik deui ka PuloShabaody tuluy panggih jeung Nami di bar, Usopp ningalikeun pakarang anyarna anu mampu ngaluarkeun tutuwuhan anu ngadahar manusa ka kru topi jerami anu palsu.[1]