Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Uranus

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Planét Uranus

Uranus (ᮅᮛᮔᮥᮞ᮪; simbol:⛢) nyaétaPlanét panganggangna katujuh tiPanonpoé sanggeusSaturnus, kapanggih taun1781 kuWilliam Hechell (1738-1782).[1]Itungan orbit Uranus nyindekeun yén ieuPlanét aya anu ngaréwong.[1]Jarak Uranus jeungPanonpoé nyaéta 2875 juta km.[1]Uranus mibanda diaméter nepi ka 51.118 km sarta ngabogaan massa 14,54 kali massaBumi.[1]PériodeurotasiPlanét ieu téh 17,25 jam, sedengkeun périodeévolusi nyaéta 84 warsih.[1]WangunPlanét ieu jiga jeungBulan nu miboga warna héjo sarta bulao.[1]Uranus ngabogaan 18 satelit alami, di antaranaAriel,Umbriel,Miranda,Titania, sartaOberon.[1]Anu unik ti Uranus nyaéta cara gerakna.[2]Déngdékna sumburotasi Uranus ngahontal 97,7 derajat nu ngajadikeun béda tiPlanét-Planét umumna.[2]Balukarna, salila 84 taun période orbitna hiji sisi Uranus baris aya dina sisi caang salila 42 taun sarta poek di sisi séjénna salila 42 taun.[2]Ku kituna mistéri beungeut dina sisi séjén Uranus kakara bakal kajawab sanggeus 42 taun.[2]Taun1789,William Herscel nempo aya sarupa cingcin di Uranus, tapi éta téh teu kungsi jadi hiji timuan alatan salila 2 abad saterusna can kungsi kasampak ayana cingcin di planét kasebut.[2]Anyar dina bulan Maret1977, okultasi béntang SAO 158687 ngungkab ayana lélépén ipis sarta reueuk di Uranus.[2]Dina taun1986, waktuVoyager 2 nalungtik leuwih deukeut Uranus, manéhna hasil moto éta cingcin ti jarak anu deukeut.[2]Tatapinamanusa tacan sanggup pikeun ngajugjug ka ditu sarta nyokot potona.[2] lolobana materi di sistem cingcin Uranus aya dina 9 cingcin ipis anu perenahna dina jarak 41000 – 52000 km ti puseur planét.[2]lolobana ti cingcin Uranus ngabogaan rubak 1 – 10 km, saheulaanan ali epsilon anu aya di bagian luar Uranus nyaéta anu pangrubakna sarta pangeksentrikna.[2]Cingcinepsilon éta téh aya dina jarak 20 km – 96 km.[2] Partikel nu nyusun cingcin Uranus anu kasampak tiBumi ngabogaan ukuran anu meh sarua jeung cingcin utamaSaturnus nyaéta ~1 cm – 10 m.[2]Tapi di bagian aliepsilon, susunanana diwangun ti balok-balok es anu ukuranana sababarahakaki.Aliepsilon ogé warnana dawuk, kalayansatelitCordelia sartaOphelia anu fungsina minangkasatelit nu ngumbala pikeun cingcin téa.[2]Sajaba ti éta di sapanjang 9 cingcin Uranus, ogé aya partikel-partikel kebul lemes anu kadistribusi anggang ngeusian éta cingcin.[2]

Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. abcdefg(id)Uranus[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 1 Desember 2011)
  2. abcdefghijklmn(id)Mengenal dari dekat cincin Uranus (diaksés tanggal 1 Desember 2011)


Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Uranus&oldid=664038"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp