Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Adat Nikah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun tiUpacara adat nikahkeun)

Adat nikahurang Sunda di Parahyangan téh nyaéta talari paranti nu geus dilaksanakeun kukolot baheula dina acara nikahan nu dianggapsakral jeung sakali dina saumur hirup.[1] Dina adat nikah aya sababaraha upacara adat anu sok dilaksanakeun, sapertingalamar,numbas,seserahan,ngeuyeuk seureuh,ngaras,sawér,huap lingkung, munjungan, buka panto, jeung ngunduh mantu.[2]

Runtuyan Upacara Adat

[édit |édit sumber]

Dina adatsunda nalika nikahkeun aya sababaraha adat anu dilaksanakeun boh ti saméméh prung nepi ka réngséna dina poé anu geus ditangtukeun nyaéta:

Neundeun omong nyaéta prosés di mana ti pihaklalaki neundeun omong atawa talatah anu eusina boga niat jang hahadéan. Neundeun omong bisa dihartikeun ogé méré jangji. Prosés neundeun omong atawa ngalagat biasana teu dibarengan ku upacara anu geus tangtu Ku kituna, teu kaasup kana runtuyan upacara nikah, tapi saukur mangrupa prosés wawanohan antaralalaki jeung awéwé atawa prosés anu ngamimitian ayana upacara nikah

Narosan atawa ngalamar nyaéta salah sahiji prosés anu dilakukeun ku pihaklalaki ku cara datang ka kulawarga pihakawéwé bari ménta budakawéwéna jang dijadikeun pamajikan Lamun ditarima, tuluy aya dituluykeun kana tukeur cingcin, tapi aya ogé anu tuluy nikah sabada dibadamikeun di antara dua pihak kulawargana, Nalika narosan ti pihak lalaki biasana méré sajumlahing duit ka pihakawéwé sagédéngeun mawa kadaharan Prosés ieu disebut upacara narosan atawa nanyaan, ku sabab kanyataanana pihak lalaki datang ka pihak awéwé demi maksudna téh pikeun nanya ka kolot awéwé budakna geus aya nu nanyaan atawa teu acan. Sabenerna hal éta mangrupa adat hungkul ti pihak lalaki, sanajan pihak lalaki geus nyaho yén budak awéwé téh masih kénéh léléngohan, can boga kabogoh malah kadang-kadang duanana geus papada wanoh

Seureuh euleus mangrupa prosés sabada pihak lalaki nanyaan. Seureuh euleus dilaksanakeun ku pihak awéwé nu datang ka kulawarga lalaki, maksudna téh ngabales kunjungan ti pihak lalaki waktu narosan. Kulawarga pihak awéwé datang ka imah lalaki téh babawaan anu eusina dahareun, sangu sapuratina, jeung kuéh-kuéh séjénna.

Seserahan hartina masrahkeun, maksudna masrahkeun calon pangantén lalaki ka pihak kulawarga anu bakal jadi mitohanaNgeuyeuk SeureuhNgeuyeuk atawa ngaheuyeuk hartina ngatur, ngurus, atawa migawé Ngeuyeuk seureuh nyaéta migawé jeung ngatur seureuh anu dicampurkeun jeung barang-barang pangabutuh sapopoé kawas béas, uyah, gula, jeung alat-alat dapur ogé perhiasan

Perkawinan dianggap sah nalika geus ngaliwatan akad nikah, boh nurutkeunagama,hukum jeungmasarakat. Akad nikah biasa disebut walimahan Akad nikah nyaéta jangji nikah, sedengkeun walimahan nyaéta salametan atawa syukuran pikeun ngado’akeun pangantén anu karék gé ngadahup diistrénan di hareupeunnaib atawa disebut ogé dirapalan

Sungkem nyaéta salam ka jalma anu dianggap dipihormat ku pangantén Dina acara sungkem pangantén salam ka indung bapa ti dua kulawarga jeung sesepuh anu aya Maksudna nyaéta ménta restu ka dua kulwarga dina ngambah kahirupan rumah tangga anu rék dilakonan

Nyawér asal kecapna tina kecap awér atawa sawér nu hartina cérét. Nalika nyawér pangantén diuk babarengan pagigir-gigir bari dipayungan nyanghareup ka tukang sawér anu sakali-kali ngalungkeunbéas,konéng anu dikeureutan,duit récéh kapangantén. Duit anu dialungkeun téh diparebutkeun ku panongton, utamana barudak Inti tina nyawér téh nepikeun naséhat ngeunaan kahirupanrumah tangga, kawajiban salaki ka pamajikan jeung sabalikna anu ditepikeun ku tukang sawér

Buka pintu hartina mukakeunpanto, dina prak-prakananapangantén awéwé saméméhna asup heula ka jeroimah, sedengkeun pangantén lalaki nungguan di hareupeunpanto. Sabada pangantén lalaki geus nedunan syarat anu dipénta ku pangantén awéwé, nyanggupan sarta nyebutkeun salam tuluy panto dibukakeun, pangantén lalaki asup dibagéakeun ku pangantén awéwé anu satuluyna duanana diuk babarengan di tempat anu geus disadiakeun

Huap lingkung nyaéta silih huapan bari leungeunna ngaléng atawa ngalingkung kana tenggek pasanganana

Munjungan hartina datang bari silaturahmi ka jalma-jalma anu dipihormat, utamana ka kolot jeung dulur-dulur anu geus mantuan dina upacara nikah nepi ka acarana lungsur-langsar. Biasana salaki pamajikan munjungan bari méré parcel atawa sangu sapuratina.

Ngunduh mantu atawa munduh mantu hartina nyokot atawa narima minantu Upacara ngunduh mantu maksudna upacara anu dilakonan pikeun narima minantu awéwé ku pihak kolot lalaki. Upacara ngunduh mantu temaptna di imah kolot lalaki, biasana dibarengan ku pesta lamun di kulawarga anu kurang mampu, ngunduh mantu ngan saukur narima salaki pamajikan (pangantén) di imah kolot salaki anu disakséni ku kulawarga jeung dulur-dulurna

Numbas mangrupa upacara anu dilakonan nalika salaki pamajikan geus laki rabi atawa hahadéan Upacara ieu tujuanana nyaéta pikeun ningalikeun yén maranéhna akur, ogé ningalikeun ka kolot boh ti pihak awéwé boh ti pihak lalaki yén si awéwé saméméhna masih parawan kénéh atawa sabalikna geus teu parawan

Sumber

[édit |édit sumber]
  1. Suryani, Elis (2010).Badingkut. Bandung: Danan Jaya. hlm. 157.
  2. Suryani NS, Elis (2010).Kearifan Budaya Sunda. Ciamis: Pemerintah Kabupaten Ciamis. hlm. 180.
Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Adat_Nikah&oldid=626131"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp