Sistim USB mibanda rancangan anuasimétris, ngawengku rantéhost controller jeungmultipledaisy-chaineddevice.USB hub tambahan bisa diasupkeun dina éta ranté, nu ngidinan ayana percabangan nu ngawangun strukturtangkal(tree structure) nepikeun ka lima tingkat percabangan dina unggal kontrolerna. UnggalUSB host meunang miboga sababarahahost controller sarta unggalhost controller bisa nyadiakeun hiji términal USB atawa leuwih. Nepikeun ka 127 parangkat, kaasup parangkat beusna, bisa disambungkeun kana hijihost controller.
Parangkat-parangkat USB silisambung sacara séri ngaliwatanhub. Diperlukeun sahenteuna hijihub anu katelahroot hub, anu biasana ngahiji jeunghost controller. Aya ogé hub-hub anu dipaké babarengan, disebutnasharing hub, anu ngidinan leuwih ti hiji komputer ngaksés kana périferal anu sarua, boh ku cara aksés nu siligenti antara PC sacara otomatis atawa sacara manual. Hub nu dipaké babarengan ieu kawentar pisan dina pamakéan di kantor-kantor, utamana kantor leutik. Pikeun ngurangan perlunahub USB, komputer ayeuna mah USB port-na loba, umumna aya genep.Komputer déstop nu pangmodérenna miboga nepi ka satengahna términal USB dina panél hareupna, sawaréhna di panél tukang. Nu di hareup ieu dipaké pikeun konéksi parangkat portabel samentara.
USB dirancang keur ngahubungkeun périperal tanpa perlu nyolokkeunkartu ékspansi kana beusISA, EISA, atawaPCI-na komputer, sarta pikeun ningkatkeun kamampuanplug-and-play ku jalan nga-hot-swap parangkat (disambungkeun atawa dipegatkeun hubungannana tanpa maéhan power atawarebooting komputer). Nalika hiji parangkat munggaran dihubungkeun,host bakal ngitung (nyebutan hiji-hiji) sarta ngaku parangkat éta, sarta ngaluarkeundriver parangkat nu diperlukeun. USB bisa ngahubungkeunpériperal sapertimouse,keyboard,gamepad jeungjoystick,scanner,kaméra digital,printer, panyimpen éksternal, komponénjaringan, jeung sajabana. Keur sababaraha parangkat saperti scanner jeung kaméra digital, USB geus jadi métode konéksi standar. USB ogé digunakeun sacara lega keur ngahubungkeun printer nu teu boga hubungan ka jaringan, ngagantiport paralél nu loba dipigunakeun; USB ngabasajankeun hubungan sababaraha printer kana hiji komputer. Nepi ka taun 2004 aya 1 miliar parangkat USB di dunya. Dina 2005, ukur périperal kelas lega nu henteu bisa ngagunakeun USB, alatan perludata rate nu leuwih luhur tibatan nu bisa disadiakueun ku USB, nyaétadisplay jeung monitor, sarta komponén vidéo kualitas luhur.
Dina taun2006, spésifikasi USB nepikeun ka vérsi 2.0 (kalayan révisi). Hewlett-Packard, Intel, Lucent, Microsoft, NEC, jeung Philips babarengan ngamimitian inisiatif keur ngawangun rarata transfer data nu leuwih luhur tibatan spésifikasi 1.1 Spésifikasi USB 2.0 dikaluarkeun dina bulan April 2000 sarta distandarisasi ku USB-IF din aahir 2001. Kaluaran saméméhna nu kacatet nyaéta spésifikasi 0.9, 1.0, jeung 1.1. Parangkat nu ngagunakeun vérsi standar USB mana waé ogé, bisa dipaké dina parangkat nu dirancang dina spésifikasi saméméhna (disebut:kasaluyuan ka tukang, basa Inggris:backwards compatibility).
Colokan jeung wadah (stéker jeung stop kontak) keur USB nu leuwih leutik, disebutMini-A jeungMini-B, ogé aya, nu ditetepkeun kuOn-The-Go Supplement to the USB 2.0 Specification. Dina2 Agustus2006, spésifikasi ieu nepi ka révisi 1.2.
USB ngahubungkeun sababaraha parangkat kahost controller ngaliwatan rantéhub. Dina istilah USB, parangkat dirujuk minangka fungsi (function), sabab dina tiori, anu ku urang dipikawanoh minangka parangkat sabenerna bisa jadi tempat sababaraha fungsi, sapertirouter anu bisa jadi mangrupa pamacaSecure Digital Card dina waktu nu sarua.Hub-hub mangrupa parangkat nu boga guna husus nu henteu sacara resmi dianggap fungsi. Nu sok aya waé téh, hiji hub minangkaroot hub, nu dipasang langsung kanahost controller.
Alat/fungsi (jeung hub) ieu bogapipa (kanal logis) nyambung nu mangrupa sambungan ti kadalihost kana hiji entitas logis dina alat nu disebuttitik tungtung(endpoint). Pipah ieu sarua jeungaliran bita(byte stream) kawas dinajalur pipa(pipeline) boganaUnix, nu mana istilahendpoint ogé (istilah nu goreng) dipaké keur ngamaksudkeun kana sakabéh pipa, sok sanajan dina dokumentasi USB standar oge.
Titik tungtung ieu (sarta pipa nu patuturutna) dinomeran 0-15 dina unggal arahna, antukna hiji alat/fungsi bisa boga tepikeun ka 32 pipah aktip, 16 ka jero jeung 16 ka luar. (arahOUT bisa dihartikeunkaluar tina host controller sarta arahIN hartinaasup kana host controller.)
Unggal titik tungtung bisa nransfer data ukur saarah, boh ka jero atawa ka luareun alat/fungsi, antukna unggal pipa mangrupa pipa saarah. Titik tungtung 0 disadiakeun keur manajemen beus dua arah sarta jadina aya 32 titik tungtung — sakabéh alat USB kudu nerapkeun titik tungtung 0, antukna pasti ukur aya pipa asup jeung kaluar nu dinomeran 0 dina alat nu siga kumaha waé oge.
Dina pipah ieu, data dikirimkeun mangupa paket nu panjangna rupa-rupa. Unggal pipah boga hiji panjang paket makimum, ilaharna bita, antukna paket USB bakal mindeng ngandung hiji hal anu runtuyanana 8, 16, 32, 64, 128, 256, 512 atawa 1024 bita.
Pipah éta dibagi ogé jadi opat kategori nu béda-béda dumasar kanatipe transferna:
transfer kadali - ilaharna dipaké keur parentah pondok tur basajan kana pakakas, katut tanggepan statusna, nu dipaké contona ku pipah kadali beus nomer 0
tranfer isokron - dina sababarahaguaranteed speed (mindeng tapi teu perlu sagancang-gancangna) tapi kalayan rugi data nu mungkin(possible data loss), contona audio jeung vidéo wanci nyata
transfer interupsi - pakakas nu merlukeun tanggepan nu gancangna kajamin(bounded latency), conton pakakas panunjuk(pointing device) jeungkeyboard
transfer nu gedé (bulk transfer) - transfer sporadis nu gedé maké rubak pita nu aya nu nyesa (tapi tanpa jaminan kana rubak pita atawalatency), contona transfer koropak(file transfer).
Nalika hiji pakakas (fungsi) atawahub dicolokkeun kana host controller ngaliwatan hub naon waé dina beus, harita ogé dibéré 7 alamat bit nu unik dina beus ku host controller.