1Dina 21 Désémber 1991, 11 ti urut républik-républik sosialis nyatakeun diAlma-Ata (kalawan républik ka-12 –Géorgia – hadir salaku panénjo) yén kalawan dibentuknaPasamakmuran Nagara-Nagara Merdika, Uni Républik Sosialis Soviét teu aya deui.
2Ditunjuk dina 19 Séptémber 1990, aya saterusna. 3Pamaréntah Éstonia, Latvia, jeung Lituania nempo salaku nu ngalanjutkeun sarta teu aya hubungan jeung républik-républik Soviétna. Rusia nempo RSS Éstonia, Latvia, jeung Lituania salaku républik konstituén sah ti Uni Soviét sarta salaku nu ngaheulaan nagara-nagara Baltik modérn. PamaréntahAmérika Sarikat jeungsababaraha nagara lian teu ngakuananéksasi Éstonia, Latvia, jeung Lituania ka Uni Soviét salaku wewengkon nu sah kaétang.
Kalawan aréa kira-kira 22,402,200 square kilometres (8,649,500 sq mi), Uni Soviét mangrupa nagara nu panglegana sadunya. Ngawengku sapergenep daratanMarcapada, legana bisa dibandingkeun jeungAmérika Kalér. BagianÉropana miboga saparapat ti sakabéh aréana, jeung minangka puseur budaya sarta ékonomi. Bagian wétanna aya diAsia, manjang tiJaladri Pasifik di wétan nepi kaApganistan di kidul, sarta leuwih saeutik populasina. Wewengkonna malang dina leuwih ti 10,000 kilometres (6,200 mi) wétan ka kulon dina 11zona wanci, sarta ampir 7,200 kilometres (4,500 mi) ti kalér ka kidul. Nagara ieu miboga 5 iklim:tundra,taiga,stépa, sagara keusik, jeung pagunungan.
Walungan nu pangpanjangna Uni Soviét nyaétaIrtysh. Gunung pangluhurna nyaéta Puncak Komunisme (ayeunaPuncak Ismail Samani) diTajikistan, dina 7,495 metres (24,590 ft). Dano nu panglegana sadunya,Lau Kaspia, aya utamina dina Uni Soviét. Dano cai tawar nu panggedéna jeung pangjerona sadunya,Dano Baikal, aya di Uni Soviét.
↑Bridget O'Laughlin (1975)Marxist Approaches in Anthropology Annual Review of Anthropology Vol. 4: pp. 341–70 (October 1975) (doi:10.1146/annurev.an.04.100175.002013). William Roseberry (1997)Marx and Anthropology Annual Review of Anthropology, Vol. 26: pp. 25–46 (October 1997) (doi:10.1146/annurev.anthro.26.1.25)
↑Sakwa, Richard.Soviet Politics in Perspective. 2nd ed. London – N.Y.: Routledge, 1998.