Ubuntu nyaétasistem operasi lengkap dumasar kanaLinux, disayagakeun kalawan bébas jeung meunang pangrojong boh nuasalna ti komunitas boh ti tanaga ahli professional. Ubuntu sorangan dimekarkeun ku komunitas sukarélawan Ubuntu.[rujukan?] “Ubuntu” asalna tina basaAfrika kuno, anu ahartina ‘rasa perikamanusaan ka sasama manusa”.[rujukan?] Tujuan tina distribusi Linux Ubuntu nyaéta pikeun mawa sumanget anu nyangkaruk dina Ubuntu kana dunyapakakas lemes dina dunya komputer.[1][2]
Ubuntu téh mangrupa syitem operasi anu kumplit anu ngutamakeun komunitas, pangrojong, jeung sangkan babari dipaké tanpa ngurangan kecepatan, kakuatan, atawa fléksibilitas.[rujukan?] Ieu téh nyaéta Linux pikeun kahirupan manusa, dirarancang pikeun saha baé ti pamaké komputer dasar nepi ka para ahli.[3]
Ubuntu ngasupkeun leuwih ti 6.000 siki pakakas lemes, jeung pikeun instalasi desktop bisa dilakukeun ngan uku maké hiji CD baé.[rujukan?] Ubuntu ngasupkeun sakumna aplikasi standar pikeun desktop ti mimiti paholah kecap, aplikasi lambar sumebar (spréadsheet) nepi ka aplikasi pikeun ngaksésinternet, pakakas lemes pikeun server wéb, pakakas pikeun basa pamrograman jeung ogé kaulinan.[1]
pakakas lemes sakuduna disadiakeun kalawan bébas biaya
éta aplikasi pakakas lemes téh kudu bias dipaké dina basa local sewing-séwangan pikeun jalma-jalma anu kawatesanan fisik jeung,
pamaké kudu boga kabébasan pikeun ngaropéa pakakas lemes pikeun naon baé anu dipikabutuh ku maranéhna.[rujukan?]
Ngeunaan hal kabébasan ieu pisan anu ngajadikeun Ubuntu béda tina akakas lemes nu dipiboga (proprietary); lain ngan saukur anu ku Anjeun dipikabutuh disadiakeun kalawan bébas, tapi Anjeun ogé boga hak pikeun ngaropéa pakkas lemes Anjeun nepi ka éta pakakas lemes téh bisa dipaké kalawan kumaha kahayang Anjeun.[1]
Vérsi Ubuntu nu munggaran téh dumasar kanadesktopGNOME. Sabada éta ogé ditambahkeun édisiKDE,Kubuntu, jeung édisi server.[rujukan?] Sakumna édisi Ubuntu ngabagikeun infrastuktur jeung umum, nu matak ngajadikeun Ubuntu minangkaplatform unik anu skalana ti mimiti konsuménéléktronik pikeun desktop, jeung ngawang-ngawang pikeun komputasi pausahaan.[rujukan?] Pengembang bisa digawé dina desktop maranéhna dina rupa-rupa pilihan jeung bisa ngirim kode ka ka server cloud nu dioperasikeun dina Ubuntu édisi server.[2]