Tumbung,heunceut,mémék,momok, atawabaga (di sababaraha wewengkon sunda, ieu kaasup basa kasar) nujul kaorgan séks luar awéwé nu sacara umum disebut ogépalawangan (aya ogé sebutanpudendum). Heunceutmanusa ngawengkulabia mayora jeunglabia minora (ngaran ieu ditarjamahkeun ka biwir "gedé" jeung biwir "leutik", mindeng ogé "minora" leuwih gedé sarta nonjol luareun "mayora"),itil, lawangurétra (meatus), sartaLiang Heunceut.Fungsi utama nu ngalibetkeun palawangan nyaétakiih,paripolah séksual,kareseban, sartababar.
Nu cendewok lebah hareup palawangan nyaétamons pubis, atawa nu husus keur jelema,mons veneris atawa "gunungVénus" nu sanggeuspuber katutupan kubaok (pubic hair), nu jumlahna gumantung kana faktor turunan. Labia mayora atawa biwir badag manteng di dua sisi heunceut, nu ogé bisa katutupan ku baok. Labia mayora sagemblengna atawa sawaréh nyumputkeun bagian séjén palawangan.
Labia minora nyaéta dua tilep kulit lemes di antara labia mayora jeung dua sisi lawang heunceut.Itil ayana di lebah hareup heunceut tempat labia minora tepung. Tungtung itil nu katémbong,hulu itil (clitoral glans) sagemblengna atawa sawaréh katutupan ku 'tiung' jaringan (tiung itil).
Lawangheunceut ayana deukeut bagian tukang (atawa na bagian handap) palawangan; lawangurétra nu leuwih leutik aya di antara itil jeung heunceut. Di nu parawan kénéh, heunceut téh katutupan ku bagian kulit nu disebutselaput dara (hymen).
Handapeun, kénca-katuhueun lawang heunceut ayakelenjar Bartholin; nalika wanoja karangsang birahina, kelenjar ieu ngahasilkeun zat leuleueur pikeun ngagampangkeun dina prosés penetrasi.
Anatomi palawangan patali jeung anatomisirit ku ayanacommon developmental biology. Bagéan-bagéan nu babagicommon developmental ancestry dina hal ieu disebutnahomolog.
Hulu itil (clitoral glans) homolog jeunghulu sirit (glans penis) lalaki, sedengkeuntiung itil homologna jeungkulup sirit. Awak itil homolog jeungcorpora cavernosa, hiji bagian tina sirit. Labia mayora homolog jeung kanjut (scrotum), sedengkeunvestibular bulb handapeun kulit labia minora homolog jeungcorpus spongiosum, jaringan sirit sabudeureun urétra. Kalenjar Bartholin homolog jeungKalenjar Cowper di lalaki.