Taman Wisata Mekarsari nyaéta salah sahiji puseur palsatarian kaanékarageman hayatibungbuahan tropika panggedéna didunya, hususna jinis bungbuahan pinunjul nu dikumpulkeun ti sakuliah wewengkon diIndonésia, sakaligus mangrupa tempat panalungtikan budidaya (agronomi), pamulyaan (breeding) katut keur ngalobakeun bibit pinunjul nu satuluyna baris disebarluaskeun kapatani katut masarakat umum.
Taman wisata mekarsari nyaéta salah sahiji taman nu di jerona aya rupa-rupa bungbuahan nu aya diIndonesia.[1] Perenahna aya diJl. Raya Cileungsi-JonggolKabupaten Bogor.[1] Diwangun di aréal urut kebonkarét di daérahKecamatan Cileungsi kalawan prakarsa ti Alm. IbuTien Soeharto nu hayang ngaronjatkeun harkat jeung martabat kaum tani ngaliwatan pangwangunan industri nu dideudeul ku séktor tani nu kuat nepi ka bisa kasohor ka sakuliah dunya.[2] Legana kurang leuwih 264Ha diurus kuPT. Mekar Unggul Sari.[2] Diwangun dina pola daunlamtorogung nu mangrupa simbol pepelakan multiguna minangka puseur plasma nutfahholtikultura bungbuahan Indonésia (tropis) nu dimangpaatkeun pikeun panalungtikan, atikan, budidaya, jeung wisata.[2]
Wisatawan nu ngayakeun kunjungan wisata ngamimitian kunjunganana ku ngurilingan ieu taman ngagunakeun kareta wisata pikeun ningali koléksi pepelakan.[1] Nalika ngurilingan ieu taman, para wisatawan bisa ningali wahana outbond, pepelakan buah dinapot, aréa imah plastik,balong, kebon wisatamélon, kebonsalak, kebonrambutan, kebonjeruk, jeung réa-réa deui.[1] Sanggeus ngurilingan taman, wisatawan bisa ngaso di wangunan curug.[1] Ieu wangunan cukup ahéng nalika ditingali ti luar, alatan aya cai nu ngalir ti luhureun gedong nu sarimbag jeungcurug.[1]
Di taman wisata mekarsari aya sawatara bungbuahan nu dijadikeun komoditas unggulan di antarana waéganas arnis,barbados cherry,jambu aér irung petruk,jambu aér toon klow,jambu aér cengkéh,nangkadak,cempeka jeungpedakka.[1]
Ieu taman pelesir perenahna diKacamatanCileungsi,KabupaténBogor,Jawa Kulon. Bisa didatangan ku angkutan umum tiJakarta,Bogor atawaBekasi, jurusan nu kaJonggol.
Taman salega 264 héktar ieu dilengkepan ku sarana pelesir boh keur wisatawannusantara atawamancanagara. Pelesir di tengah taman buah dirojong ku mangrupa wahana nu ngadeukeutkeun sémah ka alam, di antarana:
Kagiatan-kagiatan nu ngajadi favorit para sémah di antarana:
Koordinat:6°24′43″S106°59′05″E / 6.412041°S 106.984843°E /-6.412041; 106.984843