| Artikel atawa bagian artikel ieu butuh leuwih loba réferénsi sangkan pasti. Mangga bantosngédit artikel ieu kalawan nambihkeun réferénsi. Tag ieu dibéré dina Pébruari 2016 |
Abū ʿAbdullāh Muhammad bin Idrīs Asy-Syafiʿī atawaMuhammad bin Idris asy-Syafi`i (Basa Arab:محمد بن إدريس الشافعي) anu nelah disebatImam Syafi'i (Ashkelon,Gaza,Paléstina, 150 H /767M - Fusthat,Mesir 204H /819M)[1] nyaéta hijimufti agungSunni Islam ogé pangadegmadzhab Syafi'i. Imam Syafi'i ogé kaasup sadudulur tiRasulullah, mantenna kaasup kanaBani Muththalib, nyaéta réréhan tial-Muththalib, dulur tiHasyim, anu mangrupa akina nabiMuhammad. Nalika yuswa 20 taun, Imam Syafi'i angkat kaMadinah pikieun guguru ka ulama agung mangsa harita, nyatanaImam Malik. Dua taun salajengna, mantenna ogé angkat kaIrak, pikeun guguru ka murid-muridImam Hanafi di dinya. Imam Syafi`i miboga dua dasar nu beda pikeunMazhab Syafi'i. Nu mimiti ngaranna Qaulun Qadim jeung Qaulun Jadid.[1]
Imam Syafi’i gumelar dina jamanDinasti Bani Abbas, nyatana dina jaman kakawasaanAbu Ja’far al-Mansyur.[2] Idris bin Abbas rumeujeung ka garwana dina hiji liliaran anu kawilang jauh, nyaéta ka pilemburanGaza,Paléstina, nu harita umat Islam keur nyanghareupan perang ngabéla nagari Islam di kotaAsqalan.Mangsa harita Fatimah al-Azdiyyah nuju ngandung, Idris bin Abbas bingah ku perkara éta, lajeng dikocapkeun ku anjeunna, "Saumpamana anu gumelar téh lalaki, mangka bakal disina ngaranan Muhammad, jeung bakal dijujuluk ku ngaran salasaurang akina nyaéta Syafi'i bin Asy-Syaib."[2]
Antukna Fatimah babar diGaza, jeung kabuktian naon anu geus dicita-citakeun ku bapana téh. Budak éta dingaranan Muhammad, jeung sebutanna ku ngaran "asy-Syafi'i".[2] Nurutkeun ahli sajarah, Imam Syafi'i gumelar nalika dina sataun reujeung pupusna hiji ulama agungSunni anu ngarannaImam Abu Hanifah. Imam Syafi’i ngalih kamakkah sinareng biangna nalika mantenna yuswa 2 taun dina kayaan yatim.[1] Sawaktu Imam Syafi’i masih dina kandungan, biangna ngimpén yén hiji béntang tas kaluar tina padaharanna jeung terus naék ngawang luhur pisan, saterusna éta béntang ngahambur mawur nyaangan daérah-daérah sakurilingeunana. Ahli mimpi ngamaknaan impénan étu yén anjeunna bakal ngababarkeun hiji putra anu élmuna ngalingkung sakabéh jagat.[1]
Idris, ramana Imam Syafi'i dumuk ditaneuhHijaz, anjeunna mangrupa réréhan tial-Muththalib, jadi anjeunna kaasup kanaBani Muththalib.[2] Imam Syafi'i katurunanQuraisy ti nasab kolotna duanana,rama jeungbiang.[2]Nasabrama nyaétaAbu Abdillah bin Muhammad binIdris bin Abbas bin Syafi’i binSa’ib bin Ubaidillah bin Abu Yazid binHasyim bin Abdul Muththalib bin Manaf, anu nasab mantenna liwat ramana patepung jeungRasulullah SAW dina bin Manaf.[2] Ngaran biangna jeung Nasab biangna nyatanaFatimah binti Abdullah bin Hasan binHusain bin Ali binAbu Tholib bin Abdul Muththalib, nasab mantenna liwatbiangna patepung jeungRasulullah SAW dinaAbdul Muththalib nyaéta akina Rasulullah SAW.[2]
Tina nasab éta,Al-Mutthalib bin Abdi Manaf, akina Muhammad bin Idris Asy-Syafi`, nyaéta dulur kandung Hasyim bin Abdi Manaf akinaNabi Muhammad shallallahu `alaihi wa alihi wasallam.[2]
Ogé dulur kandung Abdul Mutthalib bin Hasyim, akinaNabi Muhammad shallallahu `alaihi wa alihi wasallam , ngaranna Syifa’, ditikah ku Ubaid bin Abdi Yazid, sangkan gumelar putra nu ngaranna As-Sa’ib, ramana Syafi’i.[2] Ka Syafi’i bin As-Sa’ib radliyallahu`anhuma ieu budak yatim nu dimaksud téh dinisbahkeun nasabna sahingga kasohor ku ngaran Muhammad bin Idris Asy-Syafi`i Al-Mutthalibi.[2] Ku kituna nasab yatim ieu kacida deukeutna jeungNabi Muhammad shallallahu `alaihi wa alihi wasallam.
KusababHasyim bin Abdi Manaf anu saterusna ngalahirkeunBani Hasyim, nyaéta dulur kandung jeung Mutthalib bin Abdi manaf, anu ngalahirkeun Bani Mutthalib, mangka Rasulullah ngadawuh:
| Mung ukur kami (nyaétaBani Hasyim) jeung maranéhanana (nyaétaBani Mutthalib) nu asalna ti hiji nasab. Sabari mantenna nyilang-nyilangkeunramo dua panangan mantenna. | |
—HR. Abu Nu’aim Al-Asfahani dina Hilyah na juz 9 kaca 65 - 66 |
SyaikhAr-Rabi’ bin Sulaiman (Sohabat ogé murid imam Syafi’i) ngocapkeun, “Syafi’i pameunteuna kasép, sorana halimpu (macakeun Ayat-ayat sucial-qur’an, sangkan tiap-tiap jalma anu ngadanguna nyurucudkeuncimata malihan aya nu nepikapingsan), ahlaknaéndah, béréhan (SyaikhAl-Humaidi ngocapkeun, “Syafi’i datang tishana’a bebekelanduit lobana sapuluh rébudinar (10.000dinar = kurang leuwih Rp. 13.000.000.000, tilu belas milyar duit ayaeuna), lajeng mantenna ngadegkeun kémah di luar makkah, jalma-jalma ngadatangan mantenna, jeung dinapeuting éta ogé duitna téh érép dibagikeun,”.[1] SyaikhAmr bin Sawad ngocapkeun, “Syafi’i nyaéta jalma anu pang béréhanana kanadinar,dirham jeungkadaharan”.[1] Ar-rabi’ ngocapkeun, “Syafi’i pernah naékkankeledéi terus pecutna murag dipangmulungkeun ku hiji jalma, mangka imam Syafi’i maréntahkeun ka pelayanna pikeun nyedekahkeun ka jalma étaduit gedéna tujuhdinar (luyu jeung Rp. 9.100.000, duit ayeuna).[1] Mantenna mah saderhana dina dangdanan, mahér dina pangubaran, lihéi dina numpak kuda ogé mahér papanahan ku keunana 100 persén, wawanén, nganggécingcin dina ramo kéncana nu ditulisan “Cekap mung Allah minangka ageman Muhammad bin Idris”.[1]
Nalika yuswa2taun, Imam Syafi'i dicandak kubiangna kanegeriHijaz kalayan ngahiji jeung pangeusinegeri éta anu loloba na mah urangYaman, ku sababibuna asalna ti sukuAzd.[1] Nincak yuswa10taun mantenna dicandak kuibuna kaMakkah,ibuna melangnasabna anu kacida mulyana téh paur leungit jeung dipopohokeun.[1]
Nalika mangsa diajar jeung nyungsiguru pikeun mantenna,ibuna henteu kawasa pikeun ngaburuhanguruna. Tapiguruna tumarima jeung ridho pikeun ngadidik Imam Syafi'i ngora. Imam Syafi'i loba ngahadiran pangajian ogé patepung jeung paraulama pikeun diajar sawatara perkaraagama. Mantenna nulis sagala hal anu didanguna dinatulang-tulang nu lamun tas pinuh jeung numpuk étatulang téh dikana karungkeun.[1] ku sabab kaayaanékonomina nu mangwaaskeun, pikeun tolabélmu téh Imam Syafi'i kudu ka perpustakaan jeung ngagunakeun bagéan luar tina kulit anu dipanggihan pikeun nyatet. Hasilna, dina yuswa 7 taun tas apalal-Qur'an 30 Juz, yuswa 10 taun tas apal kitabal-Muwaththa yasanaImam Malik ogé dina yuswa 15 taun tas dipercanten pikeun matwa kugurunaMuslim bin Khalid az-Zanji.[1]
Di Mekkah, sanggeus dipapatahan supaya neuleumanélmufiqih, Imam Syafi’i guguru kaMuslim bin Khalid az-Zanji, salah sahiji muftiMekkah. Sanggeus kitu, mantenna dicandak kuibuna kaMadinah pikeun tolabélmu kalmam Malik.[1] di dinya, mantenna guguru kaImam Malik salila 16taun nikakeunguruna ieu téh tilar dunya. Bareng jeung éta, anjeunna diajar kaIbrahim bin Sa’d al-Anshary,Muhammad bin Sa’id bin Fudaik jeungulama-ulama salian aranjeunna.[1]
SapupusnaImam Malik, Imam Syafi’i mumbara ka wewengkonNajran minangka Wali (pangawasa) di dinya. Namung sakumaha adilna ogé, aya waé sawaréh jalma anu sirik mah jeung ngagogoréng ka Imam Safi’i sarta ngadu-ngadu kakhalifahHarun ar-Rasyid.[1] Nikakeun Imam Syafi’i téh ditalék di Dar al-Khilafah dina taun 184 H. Sajanan kitu, Imam Syaféi bisa ngabéla dirina di hareupeun parakhalifah ku cara hujjah anu kacida ngantebna sangkan kacirina ku khalifah yén tutuduh anu ditojokeun ka Imam Syafi’i téh henteu ngadasar jeung teu mibanda alesan anu jelas, antuknakhalifah ngabébaskeun ka Imam Syafi’i.[1]
Salajengna Imam Syafi’i mumbara kaBaghdad, di dinya anjeunna patepang sarengMuhammad bin al-Hasan asy-Syaibany, muridnaImam Abu Hanifah.[1] anjeunna macakitab-kitabna jeung ngawanohanélmu AhIi Rayi (kaumRasional), salajengna mulang deui kaMakkah sinaareng dumuk di dinya salila kurang leuwih 9 taun pikeun nyumebarkeun madzhabna liwathalaqah-halaqah élmu anu ditéangan ku para panungnut élmu diHaram,Makkah, kitu ogé liwat panglawungan jeung paraulama nalika lumangsungnausumhaji.[1] Dina mangsa ieu,Imam Ahmad diajar jeung anjeunna.[1]
Saterusna Imam Syafi’i balik deui kaBaghdad taun 195 H. Kabeneran di dinya tas ayamajelisna anu dihadiran ku paraid:ulama jeung dipinihan ku para penungtut élmu anu datang ti pangjuru buana. Anjeunna dumuk di dinya salila 2 taun, waktuna dipaké pikeun ngarangkitabar-Risalah.[1] Dinabukuna éta, anjeunna ngajabarkeunmadzhab heubeulna (Qaul Qadim). Dina mangsa ieu, aya opat urang sohabat seniorna anu nyantri jeung anjeunna, nyaétaAhmad bin Hanbal,Abu Tsaur,az-Za’farany jeungal-Karaabiisy.[1] Anjeunna balik kaMakkah jeung dumuk di dinya dina wanci anu sajorélat, sanggeus kitu angkat deui kaBaghdad, dina taun 198 H.[1] DiBaghdad, anjeunna ogé dumuk sakeudeung pikeun saterusna angkat kaMesir.[1]
Anjeunna nepi diMesir dina taun 199 H nu teu disangka-sangkana mah yén kasohoranna Imam Syafi’i téh tas miheulaan nepi ka dinya. Dina iinditanna ieu, anjeunna dibaturan ku babaraha urang muridna, di antaranaAr-Rabi’i bin Sulaiman al-Murady jeungAbdullah bin az-Zubair al-Humaidy. Anjeunna sindang heula diFushthath minangka tamuAbdullah bin Abdul Hakam anu mangrupa sohabatImam Malik. Saterusna anjeunna mimiti ngeusian pangajianna di JamiAmr bin Ash. Sihoréng, lolobana mah nu tumut ka dua imam saméméhna, nyaéta nu tumut kaImam Abu Hanifah jeungImam Malik leuwih condong ka anjeunna jeung kasima ku kafaséhan sarta élmuna.[1]
DiMesir, anjeunna dumuk salila 5 taun nu mana salila mangsa ieu digunakeun pikeun ngarang, ngajar, nyawala (Munazharah) ogé ngitung-ngitung pangedalan lawan sawalana.[1] Di negeri ieu, anjeunna neundeun madzhab anyarna (Qaul Jadid), nyaéta mangrupahukum-hukum jeungfatwa-fatwa anu ku anjeunna diguardalilna salila diMesir, sawaréhna mah béda jeung kedalanfiqih anu tas diteundeun diIraq.[1] DiMesir ogé, anjeunna ngarangbuku-buku agréngna, anu diriwayatkeun ku paramuridna.[1]
Imam Syafi’i ngawitan nungnutélmu jeungulama-ulama anu aya dinegerina, diantawisna nyaéta[1]:
- Muslim bin Khalid Az-Zanjimufti Makkah,
- Muhammad bin Syafi’uwana nyalira,
- Abbasakina Imam Syafi’i,
- Sufyan bin Uyainah,
- Fudhail bin Iyadl, sarta sababarahaulama nu séjén.
Anjeunna ogé nungtut élmu jeungulama-ulamaMadinah diantawisna nyaéta[1]:
- Malik bin Anas,
- Ibrahim bin Abu Yahya Al Aslamy Al Madany,
- Abdul Aziz Ad-Darawardi,Athaf bin Khalid,Ismail bin Ja’far danIbrahim bin Sa’ad sarta paraulama anu aya dina tingkatanna.
Imam Syafi’i ogé nungtut élmu jeungulama-ulamanegeriYaman diantawisna[1]:
- Mutharrif bin Mazin
- Hisyam bin Yusuf Al Qadhi, jeung sababarahaulama séjénna.
Jeung diBaghdad anjeunna nungtut élmu ti[1]
- Muhammad bin Al Hasan,ulamanabangsaIrak, anjeunna ngamulazamah barenganulama éta, jeung nungtut élmu nu loba ti anjeunna,
- Ismail bin Ulayah,
- Abdulwahab Ats-Tsaqafy, sarta anu séjénna.
Anjeunna mibanda loba murid, anu umumna jadi inohong jeung gegedénulama jeungimam umatislam, anu pangnyongcolangna nyaéta[1]
- Ahmad bin Hanbal, Ahli Hadits jeung sakaligus ogé AhliFiqih jeungimamAhlus Sunnah jeung kasupaketan kaummuslimin.
- Al Hasan bin Muhammad Az-Za’farani,
- Ishaq bin Rahawaih,
- Harmalah bin Yahya,
- Sulaiman bin Dawud Al Hasyimi,
- Abu Tsaur Ibrahim bin Khalid Al Kalbi jeung loba deui nu séjén-séjénna.
Imam Syafi’i tilar dunya diFustat,Mesir dina malemjuma’ah sanggeusmagrib taun204 H /820 M.[1] SyaikhAr-Rabi’i ngocapkeun, “Simkuring ngimpen ningal NabiAdam AS, tilar dunya, nalika kuring nanya ngeunaan perkara éta, hiji jalma (ahli tafsirngimpi) ngawaler yén éta téh cicirén yén hiji jalma anu pangalimna di dunya bakal pupus, marginaAllah SWT ngajarkeunAdam AS sakabéh ngaran, teu lila sanggeus éta Imam Syafi’i rah.a tilar dunya.[2] Jasadna dikurebkeun dina poéjuma’ah sanggeusashar, poé panungtung dina bulanrajab.[2] NalikaAr-Rabi’i mulang tina ngalayad anjeunna ningalhilal bulansya’ban taun204Hijriyah.[2]
- ↑abcdefghijklmnopqrstuvwxyzaaabacadaeafagAsraka, Tawil. 2010.Mengenal Tokoh Ulama’ Terbesar Sepanjang Masa Al-Imam Abu Abdillah Muhammad bin Idris Rah.A, yang lebih dikenal dengan Imam Syafi’i. Jakarta.
- ↑abcdefghijklmDr. Jaih Mubarok. 2000.Sejarah dan Perkembangan Hukum Islam. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya.