Supa acung | |
---|---|
![]() | |
Phallus indusiatus | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | Fungi |
Divisi: | Basidiomycota |
Kelas: | Agaricomycetes |
Ordo: | Phallales |
Kulawarga: | Phallaceae |
Génus: | Schizophyllum |
Spésiés: | Phallus indusiatus |
Sinonim | |
Daptar
|
Supa acung; Phallus indusiatus dina basaInggris disebutbamboo mushrooms,bamboo pith;long net stinkhorn,crinoline stinkhorn aya ogéveiled lady, nyaéta supa anu asalna tina kulawargaPhallaceae, atawastinkhorns.[1] Ieu supa loba kapanggih hirup di daérahtropis, kayaning diAsia Kidul,Afrika,Amérika, sarengAustralia, di mana éta supa hirup dileuweung sarengkebon anu di jero taneuhna loba mibandakai anu bobo tur geus buruk.
Ieu supa mibanda ciri anu mandiri tayalian tiungna anu ngawujud kawaslocéng sarta bijil kulambu(indusium) kawas rokawéwé ngagantung tina handapeunana, ngagapuy ampir ngangsar kanataneuh .
Ieu supa mimiti didadarkeun sacara ilmiah dina taun 1798 ku ahlibotani urangPrancis;Étienne Pierre Ventenat, spésiésna remen disebut kana genus anu misahDictyophora babarengan jeung anu séjénPhallus spésiés anu sarua nembongkeunindusium.P. indusiatus tiasa dibédakeun tina spésiés anu sami bédana dina tataran biologi, ukuran, kelir, sareng panjangindusium.
Supa anu geus déwasa jangkungna nepi ka 25 cm (10 in) kalayan rubak tiungna/topina anu kawas locéng/pileus 1.5–4 cm (0.6–1.6 in) . Kedokna ditutupan ku spora semu héjo, ieu dipikaresep pisan kulaleur sartagegeremet anu ngahakan spora. Ieu supa tiasa didahar, ngeunaan hal ieu tos diguar salaku bahan sayuran jeung kadaharan dina catetan bangsaCina /Chinese cuisine. Tayalian diasakan kujalan digoréng atawa dicampur sareng sophayam. Supa ieu, dipelak sacara komérsial sareng loba dijual disupermarket di Nagara-nagara "Asia, ieu supa euyeub kuprotéin,karbohidrat, jeungdietary fiber. Supa ieu ogé ngandung sagala rupasanyawa bioaktif, sareng gaduh pasipatanantioksidan jeungantimikroba.Phallus indusiatus ngabogaan sajarah anu kacatet kagunaan salaku ubar di Nagara Cina saméméh abad ka-7, Maséhi.
Phallus indusiatus mimitina diguar ku naturalis PerancisÉtienne Pierre Ventenat dina taun 1798,[2] sareng nami anu sangsi kénéh kuChristiaan Hendrik Persoon dina 1801.[3] Saurang pangarang sacaraanonim masihan kesan-kesan na ngeunaan pamanggih Ventenat dina publikasina taun 1800:
Ieu spésiés supa anu éndah, mibanda ciri mandiri pikeun ngabédakeun unggal individu tina kelas anu sanés, hirup di Guyana Walanda, kurang leuwih 300 léngkah ti laut, sareng ampir dugi ka belah kénca walungan Surinam. Éta dikomunikasikeun ka kuring ku kokolot Vaillant,[N 1] Saha anu mendakanana di 1755 dina sababaraha taneuh anu tara kungsi kaséblok ku ombak anu luhur, sareng diwangun ku keusik bodas anu alus pisan, ditutupan ku lapisan taneuh anu ipis. Kuantitas anu luar biasa pikeun jalma ti spésiés ieu anu tumuh dina waktos anu sami, jaman anu béda pisan tina ékspansi aranjeunna, jaman anu béda pisan tina ékspansi sumbangan, némbongkeun prospék anu saé pisan.[4]
Ieu supa teras disimpen dina genus énggal,Dictyophora, dina taun 1809 kuNicaise Auguste Desvaux;[5] éta teras dipiwanoh mangtaun-taun salakuDictyophora indusiata.[6]Christian Gottfried Daniel Nees von Esenbeck disimpen spésiésna diHymenophallus dina 1817, salakuH. indusiatus.[7] Duanana antukna dipulangkeun ka sinonimPhallus sareng spésiésna ayeuna dipiwanoh deui ku nami aslina.[8][6]
Curtis Gates Lloyd dijelaskeun dinavariety rochesterensis taun 1909, asalna salaku spésiés énggal,Phallus rochesterensis. Éta aya di Kew, Australia.[9]Kalayan wujud indusium mibanda kelir kayas dilaporkeun kuVincenzo de Cesati dina 1879 salakuHymenophallus roseus, sareng teras disebatDictyophora indusiata f. rosea KuYosio Kobayasi dina taun 1965;[10] éta sinonim sarengPhallus cinnabarinus.[11] Hiji takson dijelaskeun dina 1936 salakuDictyophora lutea[12] sarta dipiwanoh sababaraha taun salaku Dictyophora indusiata f. lutea, D. indusiata f. aurantiaca, atanapi Phallus indusiatus f. citrinus, sacara formal dipindahkeun ka Phallus di 2008 salaku spésiés anu béda,Phallus luteus.[13]
Nami botani asalna tina kecapLatinindūsǐātus, hartina "maké baju jero".[14] Tilas nami generikDictyophora asalna tina kecapYunani kunoδίκτυον (diktyon, "net"), andφέρω (pherō, "to bear"), hence "bearing a net".[5][15]
Phallus indusiatus mibanda loba ngaran, aya anu dumasar kana rupana, kaasup panjangna kulambu/stinkhorn,crinolinestinkhorn,[16] karinjang stinkhorn,[17] supa tiung panganten,[18] sareng jilbab/tiung awéwé. Dina basa Jepang ngaranna (衣笠茸 or キヌガサタケ,Kinugasatake?), asalna tina kecapkinugasa, nunjul kana topi lega-brimmed anu katempo kawas tiungsutra ngagantung pikeun nyumput sareng nyibuatan anu makéna.[19] Dina basaCina ngaran umum ieu supa nunjul kana habitatna: "bamboo mushroom" (Tionghoa basajan:竹荪; Tionghoa tradisional :竹蓀; pinyin:zhúsūn).[20]
.
Supa anu ngora kénéhP. indusiatus mimitina wujudna kawasendog dugi ka buleud, anu tayalian ieu téhperidium atawa bungkus spora/pibiniheun. Kelirna bodas, sakapeung aya ogé anu semu beureum. Gedé buleudan/ diaméterna 6 cm (2.4 in), sareng biasana ngagaduhanmycelial cord kandel anu napel dina handapeunna.[17]
Nalika supa parantos asak/kolot, tekenan anu disababkeun ku struktur internal anu ngagedéan nyababkeun peridium nepi ka luhur sareng awak buah/tangkal gancang bijil tina "endog". Supa anu geus asak/kolot mibanda ukuran dugi ka 25 cm (9.8 in) jangkungna, kalawan mibanda lamadindusium (kawas rok) anu ngagantung tina handapeun tiung/congcotna. Bukaan netlike tina indusium tiasa ngawujud poligonal atanapi ngawujud buleud.[21]
Spesimen anu dikembangkeun kalayan saé ngagaduhan indusium anu dugi kavolva sareng suar sakedik sateuacan lesot dina gagang.[22] Rubak tutup atawa tiung 1.5–4 cm (0.6–1.6 in), sarta mibanda zat anu kaangseu na bau. Luhureun tutup aya liang leutik.[17]
Panjang gagangan 7–25 cm (2.8–9.8 in),[21] sarta kandelna 1.5–3 cm (0.6–1.2 in). Tangkalna bodas, rubakna kurang leuwih sarua jeung panjangna, sakapeung melengkung, hampos kawas busa. Ieu peridium baris lalesotan tina tangkalna.[17]
Awak buah ngembang/ngagedéan nalika wengi,[23] waktu anu dibutuhkeun pikeun mangkak kurang leuwih 10–15 jam, saatos bijil tina peridium.[24] Hirupna teu lila paling ngan sababaraha poé.[23]. us), sareng ukuran 2-3 ku 1–1.5 μm.[25]
Phallus multicolor saliwat mah katempo sarimbag, pédah mibanda tiung anu katempona leuwih béngras, ukuran indusiumn ilaharna langkung leutik. Éta aya di Australia,Guam,Sumatra,Java,Borneo,Papua New Guinea,Zaire, jeungTobago[26] ogéHawaii. Topi spésiés Indo-PasipikP. merulinus katempo leueur nalika ditutupan gleba, sareng pias tur karijut saatosna gleba pareum. Sabalikna, tutup liar tina mahP. indusiatus ngagaduhan réklikasi anu jelas anu tetep katingali jelas handapeun gleba. Ogé, indusium tinaP. merulinus langkung lemes sareng langkung pondok tibatanP. indusiatus, anu matak moal matak runtuh alatan kabeuratan.[27]
Biasa di Amérika Kalér wétan sareng Jepang, ogé kapanggih hirup.[28] SpésiésnaP. duplicatus ngagaduhan indusium anu ngagantung langkung alit 3–6 cm (1.2–2.4 in) ti handapeun tutupna, sareng sakapeung lésot tina gagangna.[29]
Kapendak di Asia, Australia, Hawaii, kidul Mexico, sareng Amérika Tengah sareng Amérika Kidul,[11]P. cinnabarinus grows to 13 cm (5.1 in) jangkung, sareng ngagaduhan bau anu langkung nyereng tibatanP. indusiatus. Éta bauna ngondang laleur tina genusLucilia (kulawargaCalliphoridae), aya ogé lalay tina genusMusca sok ngadeukeutan éta supaP. indusiatus.[30]P. echinovolvatus, geus diguar di nagara Cina dina taun 1988, raket patalina sarengP. indusiatus, tapi tiasa dibédakeun ku volvana anu spiky/mancung (echinulate) , suhu tempat hirup anu pikaresep langkung luhur tina 30 to 35 °C (86 to 95 °F).[31]P. luteus, asalna dianggap salakuP. indusiatus, boga cap retikulasi konéng, indusium konéng, sareng kayas janten peridium ungu beureum sareng rhizomorphs. Éta aya di Asia sareng Mexico.[13]
Phallus indusiatus loba kapanggih hirup di wewengkontropical, kaasup Afrika (Congo,[22] Nigeria,[32] Uganda,[33] sareng Zaire[34]) Amerika kalér (Brazil[25] Guyana,[35] sareng Venezuela[36]), America tengah (Costa Rica),[37] and Tobago.[38] Di Amérika Kalér, kisaranana dugi ka Mexico.[39] Lokalitas Asia kalebet Indonésia, Nepal, Malaysia,[40] India,[9] Cina Kidul, Jepang,[23] sareng Taiwan.[41] Éta ogé parantos dikumpulkeun di Australia.[42]
Sarua jeung spésiésPhallus lianna,P. indusiatus nyaétasaprobik - nurunkeun nutrisi tina ngarobog kai sareng melak zat organik. Tangkalna sakapeung hirup nyorangan sanajan kitu aya ogé dina wujud dapuran, dina taneuh anu mibanda potongan kai di jerona. Di Asia, éta tuwuh dina leuweungawj, jeung ilaharna jaradi saatos hujan ageung.[23][43] Cara réproduksi pikeun stinkhorn, kalebetP. indusiatus, bénten sareng anu sanésnaagaric supa, anu mana sorana haliber /forcibly eject. Stinkhorn malah ngahasilkeun jisim spora anu napel dina awakna, ngahasilkeun sickly-sweet bau tinacarrion.[44] Seungitna tina spora anu asak - tiasa kaangseu tina jarak anu jauh - matak pikaresepeun pikeungegeremet anu sok ngakuan sporana.[23] Spésiés anu kacatet kalebet kanastingless bees tina genusTrigona,[45] sareng lalay tina kulawargaDrosophilidae jeungMuscidae. Gegeremet ngabantosan ngaliarkeun spora ku nyéépkeun gleba sareng nyimpen kotoran anu ngandung sporagerminate di tempat séjén.[23] Sanaos kagunaan tina indusium henteu dipikaterang sacara pasti, éta sacara visual tiasa ngadatangkeun gegeremet anu kataji ku bauna, sareng tiasa jaditarajé pikeun gegeremet ngarayap Nepi ka gleba/luhur.[46]
Di Asia wétan,P. indusiatus dianggap ngeunah sareng hijiaphrodisiac.[47] Saméméhna ngan ukur ngala/ngumpulkeun ti alam liar, di mana henteu tiasa seueur, éta sesah pikeun dipulut. Kurangna supa hartosna éta biasana disimpen kanggo acara-acara khusus. Dina jamanCinaDinasti Qing, spésiésna dikumpulkeun di provinsiYunnan sareng dikirim ka Kota Larang/Istana Kaisar pikeun nyugemakeun tuangeunPermaisuri Dowager Cixi, anu resep pisan nuang rupa-rupa supa anu tiasa didahar.[48] Éta mangrupikeun salah sahiji tina dalapan bahan anu diulas tina "Sarang Burung Kadalapan Dalapan Kalanggengan" dilayanan dina pésta pikeun ngarayakeun ulang taun ka 60 na. Piring ieu, dilayanan ku katurunan ti Kulawarga Confucius dina hajatan sareng pésta umur panjang, ngandung bahan-bahan anu "sadaya tuangeun anu mahal, ngeunah ti darat sareng laut, seger, lembut, sareng garing, pantes amis sareng asin".[49]
Pamakéan anu kasohor anu séjén nyaéta jamuan nagara anu diayakeun pikeun diplomat AmérikaHenry Kissinger dina kunjungan ka Cina pikeun ngawangun deui hubungan diplomatik dina awal taun 1970an.[50] Hiji sumber nyerat: "Éta supa ngagaduhan tékstur anu hipu sareng leuleus, seungit sareng pikaresepeun, wujudna seger, sareng karaos garing."[51] Supa anu garing, biasa dijual di supermarket jeung pasar diAsia, diolah ku jalan ngahidrasi atawa dikeueuman heula atanapi dibaseuhan dina cai dugi ka leuleus deui.[52] Sakapeung diasakan kujalan digoréng, remen dimangpaatkeun salaku campuran sop hayam.[53] .[54]
Phallus indusiatus parantoscultivated dina skala komérsial di Cina ti saprak 1979.[50] DiProvinsi Fujian Cina - dipikaterang ku industri supa anu maju dugi ka ngokolakeun 45 spésiés supa anu tiasa didahar - "P. indusiatus dihasilkeun di kabupaténFuan,Jianou, sarengNingde.[55]Kamajuan dina widang budidaya ieu parantos ngajantenkeun harga supa langkung mirah sareng hasil panén langkung seueur; taun 1998, kurang leuwih 1,100 metric tons (1,100 long tons; 1,200 short tons) anu dihasilkeun ti Nagara China.[16] Harga di Hong Kong sakilo sup garing ngahontal US $770 in 1982, tapi parantos turun ka US $100–200 by 1988. Ku majuna téhnologi nyababkeun éta harga ragrag langkung jauh ka US $10–20 by 2000.[50]
Supa dipelak dina limbah tatanén — runtah-awi anu ditutupan ku lapisan ipis tina taneuh anu henteu disterilkeun. Suhu optimal pikeun tumuh supaspawn jeung awak buah kurang leuwih 24 °C (75 °F), kalayan kaayaan beueus/lembab/humidity dina 90–95%.[56]Substrat (biologi) anu tiasa dianggo pikeun ngokolakeun jamur kalebet daun awi sareng régangna, cangkang atanapi tangkal kadelé, tangkal jagong, sareng daunwillow.[57]
Analisis gizi P. indusiatus nunjukkeun yén awak buah mibanda langkung ti 90%cai, sakitar 6% fiber, 4,8% protéin, 4,7% fat/gajih, sareng sababaraha unsurmineral, kalebetkalsium, sanajan kitu komposisimineral anu dipibanda tiasa gumantung kana konséntrasi anu pakait dina substrat mangsa hirupna.[58]
Numutkeun ka étnomikologisR. Gordon Wasson,P. indusiatus ieu supa tos ilahar dikonsumsi di Méksikodivinatory dina hiji upacara alatan wujudna anu sugestif. Di nagara séjén,New Guinea pribumina nganggap ieu supa suci.[59] Di Nigeria, supa mangrupikeun salah sahiji sababaraha bau anu dibéré namiAkufodewa ku Urang Yoruba. Ngaranna diturunkeun tina gabungan basaYoruba tina kecapku ("die"),fun ("for"),ode ("tukang moro"), jeungwa ("milarian"), alatan tukang moro mangsa harita sok salah ngangseu bau- bau supa éta kawas bau sato udagan anu geus paéh.[60] Yoruba parantos dilaporkeun nganggona ieu supa salaku hiji sarat pikeunJampé sangkan mangsana moro henteu pinanggih jeung bahaya. Di bagian sanés Nigeria, aranjeunna parantos dianggo dina nyiapkeun pesona anu ngabahayakeun ku kelompok etnis sapertos urang Urhobo jeungIbibio urang.Urang Igbo beulah wétan-tengah Nigeria disebut stinkhornéró ḿma, tina Igbo kecap pikeun "supa" sareng "kageulisan".[32]
Sipat ubar parantos dipasihkeunPhallus indusiatus ti jamanDynasty Tang di Cina, nalika éta dijelaskeun dinapharmacopoeia. Supa dianggo pikeun ngubaran seueurperadangan | radang,nyeri beuteung, jeung [[neurological/ saraf. Tiongkok KidulUrang Miao ngamangoaatkeun sacara tradisional pikeun sababaraha kasakit, kaasup raheut,batuk,disentri,enteritis,leukemia, kalawan parantos diresépkeun sacara klinis salaku ubar pikeunlaringitis,leucorrhea,muriang, sarengoliguria (hésé kahampangan),diare,hipertensi, batuk ,hyperlipidemia, sareng dina terapi antikanker.[61] Élmu modéren parantos niténan dasar biokimia tina kauntungan ubar putative ieu.
Awak buah tina jamur ngandung aktip sacara biologispolysaccharides. Aβ-D-glucan called T-5-N and prepared fromalkaline extracts[62] has been shown to haveanti-inflammatory properties.[63] Struktur kimia na mangrupikeun ranté tulang tonggong anu linier anu seueur didamelna α-1→3 linkedD-mannopyranosyl residues, kalayan ngambah tina 1→6 linkedD-mannopyrosyl residues.[64] Polisakarida ngagaduhan aktivitas penekanan ngalawan tumor (subcutaneously) implantedsarcoma 180 (a transplantable,non-metastasizing jaringan konéktiftumor sering dianggo dina panilitian) dina beurit.[63][65]
Bahan kimia sanés dipikaresep ogé kapendakP. indusiatus tayalianhydroxymethylfurfural,[66] anu parantos narik perhatian salakutyrosinase panghambat. Tyrosinase catalyzes léngkah awal tinamelanogenesis dina mamalia,[67][66]P. indusiatus ogé ngandungribonuclease unik (hijiénzim anu ngepakRNA kana komponén anu langkung alit) ngagaduhan sababaraha ciri biokimia anu ngabédakeun tina ribonuklease supa anu dipikaterang.[68]Dua novelsesquiterpene s,dictyophorine A sareng B, parantos dikenalkeun tina awak buah jamur. Sanyawa ieu, dumasar kana kerangka eudesmane (struktur umum anu aya dina rasa tur parfum anu diturunkeun ku pepelakan), anu mimiti eudesmanederivatives diisolasi tina jamur sareng dipendakan pikeun ngamajukeun sintésisfaktor pertumbuhan saraf dinasél astroglial s.[69] Senyawa anu aya hubunganana anu diisolasi sareng diidentifikasi tina jamur kalebet tilu turunanquinazoline (kelas sanyawa anu jarang di alam), dictyoquinazol A, B, sareng C.[70] Bahan kimia ieu ditingalikeun dina tés laboratorium ngagaduhan pangaruh pelindung kana berbudaya beuritneuron s anu parantos kakeunaanneurotoxin s.[71]Total sintésis pikeun dictyoquinazols dilaporkeun dina 2007.[72]
Jamur parantos lami dipikaterang ngagaduhan sipatantibakteri: nambahkeun supa kana kuah sop dipikaterang pikeun nyegah sangkan teu ruksak sahenteuna pikeun sababaraha dinten.[73] Salah sahiji antibiotik anu tanggung jawab,albaflavenone, diisolasi dina 2011. Éta mangrupikeunsesquiterpenoid anu parantos dipikaterang tina baktéri taneuh 'Streptomyces albidoflavus.[73] Ékspérimén nunjukkeun yén ekstrak 'P. indusiatus ngagaduhanantioksidan salian ti sipatantimikrobial.[74]
Publikasi dina taun 2001International Journal of Medicinal Mushrooms diusahakeun pikeun nangtoskeun khasiatna salakuaphrodisiac. Dina parcobaan ngalibetkeun genep belas awéwé, genep urang ngalaporkeun cenah pangalaman tina syahwat hampang bari ngambeu awak buah, sareng sapuluh anu sanés, anu nampi dosis anu langkung alit, dilaporkeun diri ayana ngaronjat haté karasa leuwih janglar. Sadayana dua puluh lalaki anu diuji dianggap bau anu teu raoseun. Panilitianana ngagunakeun awak buah anu aya di Hawaii, sanés ragam anu tiasa didahar anu dibudidayakan di Cina.[75] Panilitian parantos nampi kritik. Hiji cara pikeun ngahontal orgasme instan bakal dipiharep bakal langkung perhatian sareng seueur usaha pikeun baranahan pangaruhna, tapi teu aya anu hasil. Teu aya jurnal ilmiah utama anu nerbitkeun panilitian, sareng teu aya panilitian anu hasilna parantos diréproduksi.[76][77]
|vauthors=
ignored (bantuan)|archivedate=
, you must also specify|archiveurl=
. http://www.cybertruffle.org.uk/cyberliber/59575/0106/0007.htm. Diakses pada 2012-08-25. |vauthors=
ignored (bantuan) CS1 maint: Extra text (link)|vauthors=
ignored (bantuan)|archivedate=
, you must also specify|archiveurl=
. http://www.cybertruffle.org.uk/cyberliber/59350/0070/006/1258.htm. Diakses pada 2012-08-24. |archivedate=
, you must also specify|archiveurl=
. http://www.cybertruffle.org.uk/cyberliber/59350/0049/001/0156.htm. Diakses pada 2012-08-24. |archivedate=
, you must also specify|archiveurl=
. http://www.cybertruffle.org.uk/cyberliber/59350/0068/005/1076.htm. Diakses pada 2012-09-12. |archivedate=
, you must also specify|archiveurl=
. http://www.cybertruffle.org.uk/cyberliber/59350/0065/006/1319.htm. Diakses pada 2012-08-24. |vauthors=
ignored (bantuan)|vauthors=
ignored (bantuan);Unknown parameter|veditors=
ignored (bantuan)|archivedate=
, you must also specify|archiveurl=
. http://www.cybertruffle.org.uk/cyberliber/59350/0067/002/0311.htm. Diakses pada 2012-09-12. |archivedate=
, you must also specify|archiveurl=
. http://www.kib.ac.cn/jgsz/kyxt/zwhx/zhzlxz/200909/P020090917651746189987.pdf. Archived 2011-07-07 diWayback Machine|vauthors=
ignored (bantuan);Unknown parameter|url-access=
ignored (bantuan)![]() | Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeungPhallus indusiatus. |