Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Sunda Kalapa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Palabuhan Sunda Kalapa taun 1890-1920

Sunda Kalapa nyaéta ngaran hiji kota palabuhan gedé/metropolis di puloJawa perenahna dimuara walunganCiliwung.[1] Anu caina tenang tur jero, dikokolakeun kalawan tartib.[2] Sunda Kalapa dicicingan ku rupa-rupa suku bangsa jeungétnis.[3]

Pedaran

[édit |édit sumber]

Sunda Kalapa minangka cikal bakalkotaJakarta kiwari[3], mangsa harita Sunda Kalapa téh palabuhan daganginternasional anu ramé dijugjug kukapal-kapal ti luar daérah anu ngadonbalantik[3]. Malahan mah jauh saméméh datangnakolonialÉropa, Sunda Kalapa geus jadi puseur dagang hususna di wilayahAsia Tenggara.[3]Sunda Kalapa ogé hijiwilayah anu ngahubungkeun KarajaanPajajaran (Karajaan Sunda) mangsa harita jeung nagara luar[4], patempatannastrategis jadi pangirut juljolna sodagar-sodagar dagang ti Èropa anu ngadon balantik rupa-rupabungbu katutrempah-rempah séjén.[3] Palabuhan Sunda Kalapa perenahna di tungtungbasisir beulah tiwétan Jakarta kiwari, ogé ieu kaasup tempat paling purba.[4]

Sajarah

[édit |édit sumber]

Datangna urangPortugis

[édit |édit sumber]

Urang Portugis téh bangsa deungeun anu pangheulana datang ka nagara urang.[5] Dina abad ka 12 urangPortugis anjog kawilayah palabuhan Sunda Kalapa anu mangsa harita aya dina kakawasaan karajaan Pajajaran (Karajaa Sunda).[5] Mangsa harita Portugis ngajak gawé bareng dina urusan dagang/balantik, ku rasa percaya jeung kahadéan haté karajaan Pajajaran anu harita kumawasa di Sunda Kalapa ieu pangajak téh ditarima.[5] Tapi dina kanyataana lila kalilaan urang Portugis nyieun codéka kana pangajakna sorangan, maranéhna hianat alatan boga maksud hayang ngawasa kana sakabéh urusan dagang (monopoli).[5]

Serangan Fatahillah

[édit |édit sumber]

Sunda Kalapa mibanda tempat anu strategis.[5] Ku ieu kaayaan pisan Sunda Kalapa jadi inceran karajaan-karajaan séjén di Nusantara, salah sihijina karajaan Demak.[5] Dina taun 1527 kalawan pinuh ku pangrojong tiSultan Hasanudin, taya lianFatahillah ngayakeun serangan pikeun ngarebut kakawasaan di Sunda Kalapa anu harita keur sicepeng ku urang Portugis.[5] Ngaliwatanpolitikgerilya serangan dilancarkeun ti tilu tempat (Cirebon,Banten, jeungBogor) ngabuahkeun hasil Sunda Kalapa bisa beunang direbut, ieu hasil peperangan katelah ku sebutan "Jayakarta" hartina (kemenangan yang sempurna).[5] Ti wangkid harita Sunda Kalapa ogé disebut Jayakarta.[5]Sunda Kalapa anu geus ganti ngaran jadi Jayakarta kiwari aya dina kakawasaanIslam (Demak), masarakatna diaping ku ajaran-ajaran Islam dirojong ku juljolnapendakwah Islam anu datang tiIndia,Tiongkok, jeungArab.[3]

Jalur Sutra

[édit |édit sumber]

Sunda kalapa geus ti baheula mula dipaké pikeun liliwatan (persinggahan) jeung kota dagangrempah-rempah bangsaNusantara jeung bangsaArab,Cina, katutIndia.[6] Sunda Kalapa ogé sok disebut aya dina jalur sutra, ku lantaran mangsa haritaperdagangan sutra leuwih loba ngagunakeun jalanlaut.[6] Sunda Kalapa ogé salah sahiji kota palabuhan jeung kota tujuan tina perdagangan barang-barangsutra.[6]

Sunda kalapa Mangsa Kiwari

[édit |édit sumber]

Palabuhan Sunda kalapa, kiwari masih kénéh dimangpaatkeun pikeunbongkar muat barang sok sanajan henteu ramé kawas baheula[4]. Kapal-kapal anu balabuh husus pikeun ngangkutkomoditas lokal, kaayaan anu katempo masih tradisional anu matak nyoréang mangsa ka tukang nalika jaman VOC malahan jaman karajaan Sunda 800 taun ka tukang.[4]Mimiti abad ka 19, pamor palabuhan Sunda Kalapa mimiti morosot, kapa-kapal anu ngangkutrempah-rempah ti unggal daérah malahan luar nagara geus mimiti orot.[4]Sunda Kalapa dianggap geus teu mampu deui narima balabuhna kapal-kapal anu jumlahna mingkin loba tur mingkin gedé, komo deui sabada dibukanaTerusan Suez dina taun 1869 anu bisa nyingket waktu balayar tiÉropa kaAsia.[4] Sunda Kalapa kiwari dikokolakeun ku "Palabuhan Tanjung Priok" anu mibanda tempat leuwih lega,modéren, jeung leuwih payus tur siap dina nyanghareupan kamajuan jaman.[4]

Sunda kalapa kiwari

Tempo ogé

[édit |édit sumber]

Tutumbu kaluar

[édit |édit sumber]

Dicutat tina

[édit |édit sumber]
  1. Winny Gunarti (2010). "Putri Ong Tien".Putri Ong Tien Kisah Perjalanan Putri China Menjadio Istri Ulama Besar Tanah Jawa. Yogyakarta: PT Gramedia Pustaka Utama. pp. 22–30.ISBN 978-979-22-6213-1. 
  2. E. S. Ito (2007). "Rahasia Meede: Misteri Harta Karun VOC".Rahasia Meede: Misteri Harta Karun VOC. Jakarta: Hikmah. pp. 1–22.ISBN 978-979-114-009-7 Check|isbn= value (bantuan). 
  3. abcdefAbdurrahman Misno Bambang Prawiro (2016). "Antropologi Hukum Islam di Indonesia".Reception Through Selection-Modification: Antropologi Hukum Islam di Indonesia. Yogyakarta: Deepublish. pp. 1–22.ISBN 978-602-401-227-9 Check|isbn= value (bantuan). 
  4. abcdefgAde Mulyani (2002). "Napak Tilas Sajarah Jakarta".Panduan Wisata Tanpa Mal. Jakartaisbn=978-602-401-227-9: PT Gramedia Pustaka Utama. p. 34. 
  5. abcdefghiAde Soekirno S. S. P. (2005). "Demak pikirkan keutuhan Sunda Kalapa".Pangeran Jayakarta: perintis Jakarta lewat sejarah Sunda Kelapa. Jakarta: PT Grasindo. pp. 1–22.ISBN 979-553-500-5. 
  6. abcR.Z. Leirissa (1995). "Sunda Kalapa Menjelang Masa Sejarah".Sunda Kelapa Sebagai Bandar Jalur Sutra: Kumpulan Makalah Diskusi. Jakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. pp. 1–22. 


Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.



Daftar pustaka

[édit |édit sumber]
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Sunda_Kalapa&oldid=658389"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp