UrangJawa (Jawa Ngoko: wong Jawa, Krama: tiyang Jawi; Indonésia: suku Jawa) nyaéta salah sahiji kelompok étnis asli nu ngeusi utamana bagian tengah jeung wétanPulo Jawa,Indonesia. 85 juta urang, mangrupa urangJawa nu disebut ogé étnis panglobana diPulo Jawa ogé diIndonesia. Maranéhna sabagéan gedé aya di puseur bagéan timur di pulo ieu. Sanggeus mangabad-abad migrasi kiwari bisa dipanggihan di sabagéan wilayah Indonésia, Semenanjung Malaysia jeung Suriname di Amerika beulah kidul.[1] Dinaabad ka-21 urang Jawa geus nyebar di sakuliah dunya. Populasina kurang leuwih 90 yuta.
Urang Jawa ngagunakeunbasa Jawa dina pacariosan sapopoé. Jawa nyaéta kulawarga basaAustronesia. Hal ieu aya patalina, tapi béda ti basa séjénna diIndonesia. Basa ieu leuwih nyoko ka kekecapan Sansekerta di sagala widang komo dina sastra mah. Hal ieu nyababkeun panjangna sajarah jeung pangaruhHindu Budha diJawa.[2]
Lolobana urangJawa diIndonesia bilingual jeung ngagunakeun ogébasa Indonesia, nu mangrupa basa persatuan.Basa Jawa umumna ditulis ngagunakeun aksara Jawa, nu leuwih kawentar ku ngaran Hanacaraka atawa Carakan.[2]
Sacara historis,Jawa nyaluyukeun bentuk sinkretikHindu, Budha jeung Kejawen sabab maranéhna ngahiji di handap karajaan Hindu/Budha mangabad-abad. Ti mimiti abad ka-15,Islam jeung Kristen datang ka Jawa jeung saeutik-sautik nyumebar.Islam nyumebar kalintang gancang di handap karajaanIslam nu anyar. Sumebarna Kristen dibawa ku kakawasaan kolonial. Sakabéh agama gampang dicokot ku urangJawa sabab saluyu jeung ajén inajén tradisionalJawa, nyiptakeun hiji sét anyar kayakinan kaagamaan nu unik keur budaya lokal. Bangsawan Jawa nu nolak ayanaIslam, lumpat kaBali.[3]
↑Shukri, M. A. M. (1986). Muslims of Sri Lanka: avenues to antiquity. Jamiah Naleemia Inst..
↑abMuljana, Slamet (2005). Runtuhnya kerajaan Hindu-Jawa dan timbulnya negara-negara Islam di Nusantara. Yogyakarta, Indonesia: LKiS.ISBN 979 8451 16 3.