Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Suku

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
suku manusa

Suku (lemes:sampéan,lemes pisan:dampal,cohag:cokor) nyaéta anggotaawakjelema atawasato gunana pikeun nagtung jeungleumpang.[1]

Babagian Suku

[édit |édit sumber]
  • Bincurang bagian suku antaratuur jeung pigeulang suku bagian hareup.[2]
  • Bitis bagian suku antaratuur jeung pigeulang suku bagian tukang.[2]
  • Buah bitis bagian nu menjekul dinabitis.[2]
  • Cacariuantulang dina sambungantuur beulah hareup, bagunna siga cariu.[2]
  • Cécéngkolan bagian suku antara bitis jeungkeuneung, atawa bagian nu legok tukangeuntuur antarapingping jeung bitis.[2]
  • Dampal suku bagian suku panghandapna anu napak kana titincakan.[2]
  • Indung suku nyaétaramo suku panggedéna.[2]
  • Kacapuri nyaéta puhu suku.[2]
  • Keuneung bagian suku antaracécéngkolan jeung dampal suku tukang.[2]
  • Kuku bagian saperti tanduk dinaramo.[2]
  • Mumuncangan bagian suku anu ngabenggul sagedémuncang, gigireun pigeulang suku jeung cecekolan kénca-katuhu.[2]
  • Pigeulang suku bagian suku antarabincurang jeungtonggong suku.[2]
  • Pingping bagian suku antara puhu pingping jeungtuur.[2]
  • Puhu pingping bagian suku pangluhurna anu tepung jeung awak.[2]
  • Tonggong suku bagian suku handapeun pigeulang, tukangeun dampal suku.[2]
  • Tuur bagian suku lebah sambungan tulang, handapeun pingping luhuren bitis.[2]

Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. R.A Darnadibrata, .Kamus Basa Sunda. Kiblat 2006. Bandung.
  2. abcdefghijklmnop(id)Rachmat Taufiq Hidayat, spk. Peperenian Urang Sunda. PT Kiblat Buku Utama. Bandung 2005.


Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Suku&oldid=627235"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp