Suhu némbongkeun darajatpanas barang. Gampangna, beuki luhur suhu hiji barang, beuki panas barang kasebut. Sacara mikroskopis, suhu ngagambarkeunénergi anu dipiboga ku hiji barang. Sabanatom dina hiji barang téh usik boh dina wangun pipindahan boh gerak di tempat nu mangrupageteran. Beuki bédas énergi atom-atom nu nyusun sahiji barang, beuki luhur suhu barang kasebut.
Suhu ogé disebut temperatur.
- Artikel utama:Térmométer
Sacara kualitatif, urang bisa nyaho yén suhu nyaéta rasa tiis atawa haneutna hiji barang anu dirasakan mangsa urang nyabak éta barang. Sacara kuantitatif, urang bisa nyaho luhur handapna suhu kalawan ngagunakeuntérmométer. Suhu bisa diukur ngagunakeun térmométer anu eusinacai raksa atawaalkohol.Kecap térmométer ieu dicokot tina dua kecap nyaétathermo anu hartina panas sartaméter anu hartina ngukur (to measure).
Sawatara rupa térmométer:
Térmométer anu biasana dipaké nyaéta:
- Maké gelas nu ngabelenong (bulb) dina tungtung handap tempat nandéan cacai, sarta bumbung heureut (liang kapilér) pikeun nandéan cacai nu ngalaman robahanvolume atawa tempat pikeun nadahmekarna cacai.
- Dumasar kana prinsip yén hiji cacaivolumena robah luyu jeung suhuna. Cacai anu dieusikeun sakapeungalkohol anu boga warna tapi ogé bisa cacai métalik anu disebutcai raksa atawamérkuri, duanana mekar lamun dipanaskeun sarta méotan lamun ditiiskeun
- Aya angka di sapanjang bumbung gelas anu jadi tanda bédasna suhu.
- Kautungan maké térmométer gelas belenong di antarana urang henteu merlukeun pakakas bantu, rélatif murah, henteu gampang kacampuran bahan kimia antukna cocog pikeun laboratorium kimia, sartakonduktivitas panasna leutik.
- Kakuran térmométer gelas belenong antara séjén gampang peupeus, gampang kacampuran cacai (alkohol atawa mérkuri), kakotoran (kontaminasi) ku gelas/kaca, sarta ngukur anu rumit.
- Dina pamakéan térmométer gelas belenong, urang kudu nangtayungan geléas belenongna tina benturan sarta nyingkahan ukar-ukur anu ngaleuwihanskala térmométer.
- Sumber kasalahan térmométer gelas melendung:
- -time constant effect, waktu anu diperlukeun pikeun konduksi panas ti luar ka tengah pipah kapilér
- -thermal capacity effect, lamunmassa barang anu diukur rélatif leutik, baris réa panas anu diserep ku térmométer sarta ngarobah ukuran suhu sabenerna
- - cairan (alkohol, mérkuri) anu kapegatkeun
- - kasalahan maca
- - kasalahan nganclomkeun
Ngagunakeun hiji beulitan kumparancoil (pelat gepéng) anu dijieun tinalogam anu sénsitip kana panas, dina tungtung spring aya panunjuk (pointer).Lamun hawa panas,coil (logam) mekar antuknapointer usik naék, sedengkeun lamun hawa tiis, logam murengked sartapointer usik turun. Sacara umum térmométer ieu katalitianana leuwih goréng dibandingkeun térmométer kaca belenong jeung térmométer digital.
- Mansa maké térmométer spring urang kudu nangtayungan pipah kapilér sarta tungtung alat parasa (sénsor atawa probe) tina benturan/gésékan. Sajaba ti éta, pamakéanana henteu kaci ngaleuwihan suhu nu dina skala pangluhurna sarta kudu diperenahkeun di tempat anu henteu kapangaruhan ku geteran.
Termometer infra beureum, ngukur suhu sacaraoptik, radiasi énergi sinar infra beureum ti hiji obyék diukur, sarta disajikeun minangka suhu. Ku nyahona jumlah énergi infra beureum anu dipancarkeun ku obyek sarta, suhu obyék kasebut bisa ditangtukeun.
Aya dua wanda térmométer éléktronik anu mindeng dipaké, nyaétathermocouple thermometer sartaresistance thermometer. Biasana, industri ngagunakeun harga résistan 100ohm dina suhu 0 °C antukna disebut sénsor Pt-100. Pt nyaéta simbol pikeun platinum, sénsivitas standar sénsor 100 ohm nyaéta hargana 0.385 ohm/°C, RTDS kalawan sénsivitas 0.375 sarta 0.392 ohm/°C ogé sadia.
Ngarujuk kanaSI, hijian suhu nyaétaKelvin (K). Skala-skala séjén nyaétaCelsius,Fahrenheit, sartaReamur.
Dina skalaCelsius, 0 °C nyaéta titik di manacaingimpel sarta 100 °C nyaétatitik golak cai dina tekanan 1atmosfir. Skala ieu téh anu pangmindengna dipaké di dunya. Skala Celsius ogé sarua jeung Kelvin antukna cara ngarobahna ka Kelvin cukup ditambahkeun 273 (atawa 273.15 pikeun leuwih benerna).
SkalaFahrenheit nyaéta skala umum anu dipaké diAmérika Sarikat. Suhu cai ngimpel nyaéta dina 32 °F sarta titik golak cai nyaéta 212 °F.
Minangka hijian baku, Kelvin henteu merlukeun tanda darajat dina nuliskeunana. Contona cukup ditulis suhu 20 K waé, henteu perlu 20° K.
Cara gampang pikeun ngarobah skala tiCelsius,Fahrenheit, sartaReamur nyaéta ku cara nginget perbandingan C:F:R = 5:9:4. Carana, nyaéta (Skala tujuan)/(Skala mimiti)xsuhu. Ti Celsius ka Fahrenheit sanggeus ngagunakeun cara éta, ditambahkeun 32.
Conto:
- 100 °C dina skala Fahrenheit nyaéta 9/5 x 100 + 32 = 212 °F
- 77 °F dina skala Celsius nyaéta 5/9 x (77-32) = 25 °C