Stasion Bandung | |
---|---|
| |
![]() Stasion Bandung beulah kidul, 2025 | |
Ngaran lian | Stasion Hall |
Lokasi | Jalan Stasiun Timur No.1 (Lawang kidul) Jalan Kebon Kawung No.43 (Lawang kalér) Kebonjeruk,Andir,Bandung,Jawa Kulon, 40181 Indonésia |
Luhur | +709 m |
Operator | Daérah Operasi II Bandung |
Letak ti pangkal | km 155+134 lintasBogor–Bandung– Banjar–Kutoarjo–Yogyakarta km 0+000 lintasBandung– Cikudapateuh–Dayeuhkolot–Majalaya/Ciwidéy[1] |
Jumlah péron | 7 |
Jumlah jalur | 10 (jalur 3 & 4: sepur lurus) |
Konstruksi | |
Arsiték | F.J.A. Cousin[2] |
Gaya arsitéktur | Art deco |
Informasi lain | |
Klasifikasi | Badag tipeu A[3] |
Sejarah | |
Dibuka | 18 Séptémber 1884 |
Diwangun deui | 1909 |
Layanan | |
Karéta api Pénumpang Jalur Barat Jawa:Argo Parahyangan (Regular jeung Tambahan) jeungCikuray Jalur Selatan Jawa:Baturradén Éksprés,Lodaya,Argo Wilis,Turangga,Mutiara Selatan,Malabar, jeungPangandaran Jalur Jawa Utara:Ciremai Éksprés jeungHarina Lokal/Komuter Commuter Line (Bandung Raya jeungLokal Garut) | |
Fasilitas jeung téknis | |
Tipeu pasinyalan | Éléktrik |
Pamesenan tikét | Sistem tikétonlén; ngalayanan pemesenan langsung jeung parobahan/pabolayan kaberangkatan di lokét.Aya fasilitas alabandara mangrupacheck-in mandiri pikeun nyitakboarding pass. |
Lokasi dina peta |
Stasion Bandung (BD) atawaStasion Hall (Aksara Sunda: ᮞ᮪ᮒᮞᮤᮇᮔ᮪ ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ) nyaétastasion karéta api kelas badag tipeu A anu perenahna diKebonjeruk, Andir, Kota Bandung, pasna di wates antaraKalurahan Pasirkaliki jeungKebonjeruk. Stasion anu aya di tingkat kaluhuran +709 méter ieu mangrupa stasion panggedéna anu aya diDaérah Operasi II Bandung. Stasion ieu saméméhna ngan boga hiji wangunan stasion. Saenggeus dirénovasi kuPamaréntahKota Bandung, stasion ieu kiwari miboga dua wangunan sanajan masih kénéh ngahiji. Stasion ini perenahna di Jalan Stasiun Timur No. 1 (pintu kidul) jeung Jalan Kebon Kawung No. 43 (pintu kalér), Kota Bandung.
Stasion ieu ogé dipikawanoh minangka terminalangkutan kota lantaran ku lobana angkot jurusan stasion ieu, otomatis stasion Bandung jadi kasohor ku gelar “terminal angkot”.[4] Stasion ieu mangrupastasion karéta api panggedéna diKota Bandung jeungJawa Kulon.
Mimiti taun2014,KA lokal Bandung Raya jeungKA Lokal Cibatu teu dilayanan di pintu kalér stasion, ngan dilayanan di pintu kidul wungkul, pikeun ningkatkeun palayanan ka panumpang jeung calon panumpang di ieu stasion.
Stasion ieu mindeng dijadikeun minangka stasion karéta api pacontoan (pilot project) ku PT KAI dina sisi kualitas palayanan pikeun satingkat jeungbandara. Kusabab kitu, PT KAI ngajadikeun stasion ieu minangka stasion karéta api munggaran di Indonésia anu nerapkeun sistemcheck-in jeungboarding pass mimiti Pébruari 2016[5] sarta sistem pamariksaan bagasi ngagunakeunsinar-X mimiti Oktober 2018.[6]
Ka arah kulon stasion ieu aya urut stasion Bandung Gudang anu geus teu aktip lantaran geus euweuh deui aktivitas pangangkutan barang di dinya.
Ayeuna, stasion Bandung geus boga sasak layang (skybridge) di wétaneun stasion Bandung, anu ditujukeun husus pikeun panumpang. Salian éta,péron jalur 1 sarta péron antara jalur 2 jeung 3 dijangkungan sarta péron jalur 4, 5, jeung 6 dipanjangan pikeun ngaluyukeun jeungtravelator anu nyambung ka sasak layang éta.[7]
Patali jeung proyék modérnisasi pasinyalan karéta api, ti mimiti Maret 2021 di stasion ieu jeung stasion Ciroyom dilakukeun prosés pikeun ngaganti sinyal anu heubeul jieunan Siemens anu geus 50 taun ku sinyal anu anyar meunang nyieun PT Len Industri.[8]
Dina bukuWajah Bandoeng Tempo Dulu (1984) yasana Haryoto Kunto, ideu awal pangwangunan stasion Bandung aya hubunganna jeung dibukana pakebonan di Bandung sekitar taun 1870. Stasion ieu diresmikeun tanggal 17 Méi 1884, nalika jaman pamaréntahan Bupati Koesoemadilaga sarta di waktu nu sarua ogé dibuka jalur karétaBatavia-Bandung ngaliwatanBogor jeungCianjur. Harita, para juragan tanah pakebonan (Preangerplanters) ngagunakeun jalur karéta api pikeun ngirim hasil pakebonanna ka Batavia leuwih téréh. Pikeun nampung sarta nyimpen hasil pakebonan nu rék diangkut kana karéta, diwangun gudang-gudang paranti nyimpen barang di babaraha tempat di deukeut stasion Bandung, diantarana di Jalan Cibangkong, Jalan Cikudapateuh, daérah Kosambi,Kiaracondong, Braga,Pasirkaliki,Ciroyom, jeung Andir. Saenggeus diresmikeunna jalur Bandung-Surabaya (1 Nopémber 1894), para pamilik pabrik jeung pakebonan gula dariJawa Tengah jeungJawa Timur (Suikerplanters) nyéwa gerbong karéta ka Bandung sangkan bisa miluan Kongrés Usahawan Pakebonan Gula nu kahiji. Kongrés éta mangrupa hasil pertemuan Pengurus Besar Perkumpulan Usahawan Pakebonan Gula (Bestuur van de Vereniging van Suikerplanters) di Surabaya taun 1896.[9][2]
Di taun 1909, arsiték FJA Cousin ngajadikeun wangunan heubeul stasion Bandung leuwih lega, salah sahijina ditandaan ku hiasan kaca patri péron bagian kidul anu gayanaArt Deco. Taun 1918, stasion ieu ngahubungkeun Bandung-Rancaékék-Jatinangor-Tanjungsari-Citali, tuluy taun 1919 diwangun jalur Bandung-Citeureup-Majalaya sarta di jalur nu sarua diwangun jalur Citeureup-Banjaran-Pangaléngan (1921). Pikeun jalur ka pakebonan entéh, Tahun 1918, diwangun jalur Bandung ka Kopo tuluy kaCiwidéy (Maret 1921).[9]
Nalika diresmikeunna stasion Bandung, surat kabarWalanda harita,Javabode, nuliskeun yén masarakat sekitar ngarayakeunna salila 2 poé teu eureun-eureun. Baheulana, karéta api mangrupa sarana transportasi hasil produksi pakebonan Bandung, sapertikina,entéh,kopi, jeungkarét, sahingga pertumbuhan ékonomi di kota Bandung berkembang pesat, anu ngabalukarkeun stasion ieu meunang pangajén dari pamaréntah kota mangrupa monumén anu aya di hareupeun stasion, nyaéta di peron kidul (Jalan Stasiun Selatan). Harita, tugu éta dicaangan ku 1.000 damar rancangan Ir. EH De Roo. Kiwati monumén éta geus diganti ku monumén réplika lokomotip uap séri TC1008. Taun 1990, diwangun péron kalér anu ahirna dijadikeun bagian hareup stasion di Jalan Kebon Kawung.[9]
Priangan (Bandung) ti jaman VOC geus jadi wewengkon anu subur dipikawanoh minangka panghasil komoditi ékspor utamana kopi. Dina sistem budaya paksa, di Priangan dilaksanakeun pamelakan wajib pepelakan kopi anu katelah Preanger Stelsel. Angkutan Kopi téh dibawa ti Priangan ka palabuan pangdeukeutna, nyaéta di Batavia (Jakarta). Pikeun ngagampangkeun angkutan komoditi ékspor, pamaréntahHindia Walanda ngawangun jaringan karéta api Buitenzorg (Bogor) - Bandung - Cicalengka sapanjang 184 km. Saméméhna, jaringan karéta api Jakarta-Bogor geus diwangun ku pausahaan karéta api swasta, Nederlansch Indische Spoorweg Maatschappij (NISM) dina taun [[1]].
Jaringan karéta api Bogor - Bandung - Cicalengka salaku jaringan karéta api munggaran di wewengkon Priangan diwangun ku Staatssporwegen (SS), pausahaan karéta api anu pamaréntah. Salaku salah sahiji halte, SS ngawangun stasion gedé di tengah Bandung. Pangwangunan Stasion Bandung dimimitian dina taun [[2]]. Sangkan stasion anggeus dina waktuna, pangwangunan ogé dilaksanakeun peuting kalayan bantuan lampu listrik. Pangwangunan kahiji kaasup Stasion Bandung anu diresmikeun taun [[3]]. Pangwangunan kahiji dipingpin ku arsiték jeung arkéolog, Jan Willwm Ijzerman. Rarancang Stasion Bandung awal mirip jeung Stasion Surabaya Gubeng, ngabogaan ciri wangunan stasion milik SS dina jaman [[4]]. Stasion éta bisa réngsé dina tanggal 16 Méi [[5]], isukna diresmikeun kainditan karéta api Bogor-Bandung-Cicalengka pikeun masarakat.
Pikeun ngimbangan ngaronjatna jumlah panumpang jeung barang, sanggeus nyambung jeung Batavia. Stasion Bandung dirénovasi, wewengkon stasion dilegaan ku nambahkeun wangunan gayaart deco anu dipingpin ku arsiték FJA Cousin. Taun [[6]], SS deui ngalaksanakeun rénovasi gedé Stasion Bandung. Pangwangunan anu dirarancang ku E. H de Roo kaabus ngawangun deui stasion. Fasad wangunanart deco kalayan konsép anu leungit modéren jeung jandéla biru, kawas anu aya di Stasion Naarden-Bussum taun [[7]]. Salila rénovasi, stasion éta nyieun lampu listrik anyae ti pausahaan Bergman.
Dina [[8]], SS nambahkeun hateup payung beton anu dijadikeun panglegaan hateup beusi nu geus aya. Saméntara éta, wangunan jeung gerbang kalér Stasion Bandung ayeuna hasil renovasi taun [[9]]. Wangunan kalayan konsép imah joglo tradisional.[10]
Kiwari Stasion Bandung dikokolakeun ku Wilayah Operasional 2 Bandung,PT Kereta Api Indonesia (Persero). Stasion anu aya dina kaluhuran +709 mdpl, ayana di km 155+134 jalur Bogor – Bandung – Yogyakarta. Stasion Bandung geus ditetepkeun minangka gedong cagar budaya anu kadaptar dina Peraturan Daerah Kota Bandung dumasar kana Peraturan Daerah Nomor 19 Tahun [[10]].[10]
Stasion ieu miboga ciri has mangrupa bél lagu instruméntal angklungManuk Dadali anu sok disetél unggal karéta api datang. Salian ti éta, sok disetél ogé instruméntalKaratagan Pahlawan unggal aya karéta anu rék indit.
Jenis angkutan umum | Trayék | Jurusan |
---|---|---|
Angkot Kota Bandung | 04 | Terminal Kebon Kalapa |
09 | Stasiun Hall–Dago | |
10 | Stasiun Hall–Terminal Sadang Serang | |
11B | Stasiun Hall–Ciumbeuleuit via Cihampelas | |
12 | Stasiun Hall–Pasar Induk Gedébagé | |
13 | Stasiun Hall–Sarijadi | |
14 | Stasiun Hall–Gunung Batu | |
22 | Terminal Kebon Kalapa–Pasar Sederhana | |
26 | Cisitu–Tegalega | |
30 | Kebon Kalapa–Elang | |
31 | Antapani–Ciroyom | |
34 | Terminal Sadang Sérang–Pasar Induk Caringin | |
Angkot Kabupatén | - | Lémbang–Stasiun Hall |
- | Stasiun Hall–Cimahi–Padalarang |
(id)Situs resmi PT. Kereta Api Indonesia (Persero)Archived 2015-11-25 diWayback Machine
Jalur karéta api Padalarang-Kasugihan | |
---|---|
Stasion saméméhna: Stasion Ciroyom | Stasion saenggeusna: Stasion Cikudapateuh |
![]() | Artikel ngeunaan stasion karéta api ieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan. |