Sora (basa hormat:Soanten) hartina gangguanénergi mékanik nu ngarambat ngaliwatanzat salakugelombang.Manusa nampa sora ku indera pangrungu.
Tina sora, sacara ilahar urang ngahartikeunana mangrupa geteran (vibrasi) nu ngarambat ngaliwatan udara sarta kadéngé ku manusa. Najan kitu, para élmuwan jeung insinyur mah ngagunakeun harti nu leuwih jembar, antukna ngawengku geteranfrékuénsi handap jeung luhur di udara nu teu bisa kadéngé, sarta geteran nu ngarambat ngaliwatan sagala bentuk zat,gas,cairan, jeungpadetan. Zat nu bisa ngarambatkeun sora disebutmédia transmisi. Sora téh ngarambatna salakugelombang nutekenanana robah-robah.
Guruh (noise) jeung sora ngandung harti nu sarua, dibédakeun sotéh ku sabab guruh mah mangrupa sora nu teu dipiharep. Dinaélmu jeungrékayasa,guruh téh mangrupa komponén nu teu dipiharep nu ngaganggusinyal. Guruh jeung sinyal ditangtukeun sacara subjéktip, gumantung ka jihat panilik urang.