Situ atawatalaga téh nyaétacai ngaplak di hiji tempat anu lega balukar tina leburnagletser atawa ceuyahnacinyusu (mata air).[1]Lolobana situ di dunya téh eusinacai tawar jeung ngampar dibeulahan bumi béh kalér dinalatitude nu leuwih luhur. Dinaékologi, lingkungan situ disebutlacustrine. Situ gedé kadang-kadang disebut "sagara di daratan", sabalikna sagara leutik sakapeung sok disebut situ.Istilahsitu ogé digunakeun keur nerangkeun fitur sapertiSitu Eyre nu mangrupa léngkob garing nu kaeusian cai alatan usum hujan nu ngagebrét.[2] Di dunya nagaraFinlandia katelah "nagara sarebu situ" jeungMinnesota katelah "wilayah sapuluh rebu situ".
Tina jihatgéologis, umur situ téh lolobana mah kaitung ngora kénéh, sabab kaurugan ku prosés alami sarupaningérosi sahingga situna beuki lila beuki déét, atawa situna bedah.
Amérika Kidul -Lake Titicaca, nu mangrupa kumpulan cai pangluhurna di sakuliah dunya, 3.821 m luhureun cai laut.
Catetan:Situ Maracaibo bisa dianggep minangka situ panglegana di Amérika Kidul. Situ ieu ngampar sarua jeung luhurna cai sagara tur nuluy ka cai sagara, ku sabab éta leuwih hadé disebutteluk.
Situ pangluhurna nu bisa di navigasi nyaéta LakeTiticaca nu uhurna 3.821 m dpl. Lian ti éta, asup kana kategori situ nu caina kadua panglobana diAmérika Kidul.
Situ panghandapna di dunya téh nyaétaLaut Mati, di 396 m di handapeun laut. Lian ti éta, asup kana kategori situ nu mibanda kadaruyah pangluhurna.