Siamang;hylobates syndactylus nyaétakera hideung anu lengeunna panjang, sarta hirup dina tatangkalan.[1] Ilaharna, siamang pohara gesit mangsa luluncatan di luhurtangkal, ku kituna euweuhprédator anu bisa néwak maranéhanana.[1] Siamang mangrupa spesiés kaancam, alatandeforestasi habitatna gancang ngurangan.[1] Siamang henteu mibogabuntut sarta mibanda postur awak anu kurang ajeg.[1] Siamang ogé mibanda perkembanganotak anu luhur.[1] Siamang boga warna hideung rada coklat semu beureum.[1] Kera ieu mibanda anyaman antararamo kadua sarta katilu.[1][2]
ciri has kera ieu miboga beungeut kawas lélépén sarta boga warna bodas.[3] Awakna ditutupanbuuk leubeut, iwal dibagianbeungeut, telapak leungeun,suku sartakélék.[3] siamang miboga kelir hideung legam berlengan panjang sarta hirup dina tatangkalan. Maranéhanana hirup dina jumplukan leutik, panglobana tiluan] sarta henteu mibanda tempat saré husus kawas kera séjénna.[3]siamang kaasup jenissato anu sieun kanacai kawasucing.[3] sorana pohara tarik pisan sarta bisa kadéngé nepi ka jarak 6,5 méter.[3] kera jenis ieu pohara tangkas dina hal ngagalantung titangkal ka tangkal.[3] ieu sebabna manéhna miboga anyaman antara ramo kadua sarta katiluna.[3]sanajan mibanda lima ramo, sabot gulawing di tangkal , manéhna ngan ngagunakeun opat ramo leungeunna.[3] Manéhna ogé mibanda tingkat kacerdasan luhur dibandingkeun jenis sato séjénna.[3] Maranéhanana nyapih anakna nepi ka umurna sataun. Kera jenis ieu kaasup satoomnivora anu ngadahartutuwuhan atawaserangga.[3]