Sendal capit atawa sendalJepang nyaéta sendal anu miboga warnna rupa-rupa bahana tinakarét atawakarét sintetis.[1] Tali sendal bentukna jiga aksara "v" anu nyambungkeun bagian hareup jeung bagian tukang sendal.[1] Bagéan handap sendal umumna rata, sedengkeun bagéan luhur euweuh panutupna.[1] Sendal capit dipakéna dinaporos bagéan hareupeuntali sendal di antarajempol jeungcuruk, nepi ka teu leupas nalika dipaké.[1] Salain dipaké di jero rohangan atawajamban, sendal capit dipaké di luarimah tapi lain acara resmi, jeung kagiatan nyantai saperti dipantai,kolam renang jrrd.[1] Sendal capit osok disebut ogé sendalswallow.[1] Ngaran swallow asalna tina mérek sendal capit.[1]Havaianas nyaéta mérek sendal capit eksklusif tiBrazil, anu mimiti dijieuna dinataun 1962 anu produksina miripzori, tapi dijieuna tina karét.[1]