Urang Koréa percaya yén baheula (kira-kira abad 3-2 abad SM) aya hiji karajaan anu ngarannaJoséon (kiwari sok disebutGojoséon sangkan henteu pahili jeung karajaan Joséon anu didirikeun abad ka-14).
Geus kitu, aya karajaan-karajaan saperti Silla, Baekje, Goguryéo, Gaya, jsb. Karajaan-karajaan éta bertahan ti abad ka-1 nepi ka abad ka-6.
Abad ka-6 M, karajaan Silla ngéléhkeun karajaan-karajaan anu aya di semenanjung Koréa, anu disebut ogéKarajaan Silla Ngahiji. Tuluy, karajaan Goryéo jadi pangawasa di Koréa nepi ka abad ka-14.
Abad ka-14,Yi Seong-gyé, pendiri karajaan Joséon ngéléhkeun Goryéo, sarta Koréa berkembang pesat. Karajaan Joséon bertahan salila kurang leuwih lima abad.
Tuluy,Kaisar Gojong ti Koréa ngagenti karajaan Joséon jadiKekaisaran Han Raya, tuluy ngayakeun réformasi di Koréa. Kekaisaran Han Raya bertahan salila 13 taun saacan anéksasiJepang.
Ti taun1910-1945, Koréa dijajah kuJepang. Taun1945, wilayah koréa dibagi dua dumasar garis lintang 38 darajat. Bagian kidul diawas kuAmérika Serikat, sedengkeun wilayah koréa bagian kalér diawas kuUni Soviét. Masing-masing ngumumkeun kamerdikaanna sacara terpisah.