Sayur asem nyaéta salah saiji kadaharan nu asalna tiSunda atawaJawa Kulon.[1] Sayur asem mangrupa kadaharan nu geus ilahar dimasarakat.[1] Rasana nu seger, amis jeung haseum dipikaresep ku balaréa.[1] Kiwari mah sayur asem geus sumebar disababaraha daérah di Indonésia lain ngan saukur di Jawa Kulon.[1]
Numutkeun sajarahna mah sayur asem téh mimiti aya pasIndonésia keur dina kaayaan sagala kakurangan, sabab kitu, bungbu keur masakna ogé kawates ngan saukur maké buahasém jeungcabé, eusi sayuranna ogé rupa-rupa nu teu ilahar saperti dauntangkil,jagong,léjét, tangkil jsb.[1] Diaranan sayur asem téh ku sabab rasa sayurna nu haseum.[1]
Bahan pikeun nyieun sayur asem di antarana, jagong amis,kacang panjang, tangkil, daun tangkil, léjét, bungbuna kawas asém,gula beureum,tomat,bawang bodas,uyah,tarasi.[2] Mimitina golakkeun cai, jeung bungbu nu tadi geus disebutkeun nepi kaambeu seungitna.[2] Tuluy abuskeun sayuran nu geus meunang nyiksikan leutik-leutik.[2] Golakkeun nepi ka sayuranna hipu, ulah poho abuskeun asém nu geus digeprék.[2] Antepkeun sakeudeng tuluy jait.[2]
![]() | Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan. |