Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Saung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Saung di tengahsawah

Saung (shed) nyaéta hiji wangunan leutik kawasimah ngan henteu weweg;gardu;ranggon.[1] Saung ilahar katempo disawah atawakebon, dimangpaatkeun pikeun ngaso, nungguan sawah, kebon, ingon-ingon, nundapakakas,gemuk, jeung sajabana. Saung ogé nunjul kana wangunan pikeun ngiuhan ipukan atawa pabinihan sangkan henteu kabentrang teuing ku panon poé.[1] Ilaharna dijieun tina bahankai jeungawi,hateupna makéjarami atawa dauneurih.[1]

Kiwari saung loba ogé dijieun pikeun rupa-rupa kabutuhan, saperti saung anu ngahaja dijieun pikeun nendeunruntah anu baris dijieun kompos.[2] Aya deui saungtradisional anu ngahaja dijieun dikota pikeun tempat usahakuliner, sangkan béda tinulian ogé katempo asri kawas dikampung atawa dilembur.[3].Aya saung pikeun ngukut atawa miarabangkong[4]

Nincakumur paré geus culcel bijilbuahna, di saung ogé mimiti haneuteun nu ngadon tunggusawah ngagebahanhamamanukpiit jeung sajabana.[5]Nu tunggu di saung ilaharna ibu-ibu jeung barudak, ku sabab salakina mah ngadon garawé dikebon atawa nyiarsuluh.[5]Tunggu paré disaung téh ilaharna ti mimiti wancipecat sawed nepikalingsir ngulon, mangsa geus suruppanon poé kakara ninggalkeun saung baralik ka imahna séwang-séwangan.[5]

Saung henteu ngan aya di urang wungkul, di luarnegri ogé aya saperti diAustralia jeungNew Zealand ogé aya.[6]Malahan mah aya majalahna judulna "The Shed" jeung buku anu judulna "Men and Sheds".[7] Dua-duana dikokolakeun ku hiji paguyuban (Australian Men's Shed Association) anu eusina rupa-rupaiber pikeun saha waé anu mikaresep ngeunaan saung.[8]

  • Saung urang Bali
    Saung urangBali
  • Saung urang Inggris
    Saung urang Inggris
  • Saung paranti neundeun suluh
    Saung paranti neundeun suluh
  • Saung paragi ngaso tur jajan
    Saung paragi ngaso tur jajan
  • Saung sawah di Bali
    Saung sawah di Bali

Dicutat tina

[édit |édit sumber]
  1. abcDibrata, R.A. Dana (2009).Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.ISBN 9793631937.
  2. Suryati, Teti (2009).Bijak dan Cerdas Mengolah Sampah. Jakarta: AgroMedia.ISBN 9789790062184.
  3. Hendry E. Ramdhan, Malahayati (2009).99 PELUANG BISNIS BUAT ANAK MUDA. Jakarta: Penebar PLUS+.
  4. Iswaring Pujaningsih, Retno (2007).Kodok Lembu. Jakarta: Kanisius.ISBN 9789792113082.
  5. abcZulvita,Nurbaiti Harun,Fetriatman, Eva (1993).Kearifan Tradisional Masyarakat Pedesaan Dalam Pemeliharaan Lingkungan Hidup di Daerah Propinsi Jambi. Bandung: Direktorat Jenderal Kebudayaan. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)
  6. "Best way to Build a Shed".Zacs Garden (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal2017-02-10.
  7. Thomson, Mark (January 1998).Blokes and Sheds. HarperCollins Publishers PTY.ISBN 0207189161.
  8. Why every man needs time in a shed -The Telegraph
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Saung&oldid=549185"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp