Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Saudi Arabia

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
المملكة العربية السعودية
Al-Mamlakah al-'Arabiyyah as-Sa'ūdiyyah

Karajaan Saudi Arabia
Bandéra Saudi ArabiaLambang Saudi Arabia
BandéraLambang
Motto:basa Arab:لا إله إلا الله محمد رسول الله
(Alihaksara:lā ilāhā illā-llāhu; muhammadu-r-rasūlu-llāhi)
(Alihbasa: "Teu aya deui Pangéran anging Gusti Allah sareng Nabi Muhammad éta utusan Allah")
Lagu:Aash Al Malik

Lokasi Saudi Arabia
Lokasi Saudi Arabia


IbukotaRiyadh
24°39′N 46°46′E
Kota panggedénaRiyadh
Basa resmiBasa Arab
PamaréntahanKarajaan absolut
 -RajaSalman bin Abdulaziz
 -PangéranMuqrin Bin Abdul Aziz
NgadegnaMinangkaKarajaan 
 - Didéklarasikeun8 Januari,1926 
 - Diaku20 Méi,1927 
 - Ngahiji23 Séptémber,1932 
Wewengkon 
 - Total2.149.690 km² (ka-14)
 829.996 sq mi 
 - Cai (%)saeutik
Populasi 
 - Perkiraan taun 200625.192.7201 (ka-462)
 -Kapadetan11/km² (ka-205)
29/sq mi 
GDP (PPP)2005 (éstimasi)
 - Total$351.996 milyar (ka-27)
 - Perkapita$ 15.229 (ka-46)
HDI (2003)0,772 (ka-77) – 
Mata uangRiyal (SAR)
Wewengkon wanci(UTC+3)
Internét TLD.sa
Kode telepon+966
1Populasina diperkirakeun 5,576,076 non-nasional
2Réngking dumasar kana itungan taun

Karajaan Saudi Arabia (Basa Arab:المملكة العربية السعودية‎) nyaéta nagara panglegana diSemenanjung Arab. Nagara ieu wawatesan jeungJordania di kulon kalér,Iraq di kalér jeung wétan kalér,Kuwait,Qatar,Bahrain, jeungUni Émirat Arab di beulah wétan,Oman di wétan kidul, sartaYaman di beulah kiduleunnana, kalayanTeluk Pérsia di beulah wétan kalér jeungLaut Beureum di beulah kuloneunnana. Nagara ieu disebut "lemahna dua masjid suci", minangka rujukan kaMekah jeungMadinah, dua kota pangsucina dina agemanIslam. Nagara ieu nujul kanaSaudi Arabia (ngecapkeun dina basa Inggris /ˈsɒdɪ əˈɹeɪ̯bɪə/),السعودية/ælʕɑrɑˈbiː æsːæʕuːˈdijːæ/ atawaArabia wungkul, nu henteu pati ilahar (saperti dina maén bal),KSA.

Sajarah

[édit |édit sumber]
 Artikel utama:Sajarah Saudi Arabia.
Nu ngadegkeun Saudi Arabia modéren,Raja Abdul Aziz, keur sawala jeungFranklin Delano Roosevelt nalika mulih tiKonferensi Yalta taun 1945.

Nagara ieu dimimitian di Arabia tengah kira-kira taun1750. Saurang pangawasa lokal,Muhammad bin Saud, ngagabung jeung ajengan sarta pembaharu Islam ngaranna syékhMuhammad Abdul Wahhab, pikeun nyiptakeun sahiji entitas pulitik anyar. Salila saratus lima puluh taunsaterusna, nasib kulawarga Saud sawatara kali naék-turun dina usahana ngalawanMesir,Kakaisaran Utsmaniyah, sarta kulawarga Arab séjénna pikeun ngawasa semenanjung Arabia éta. Nagara Arab Saudi pamustunganana nangtung di handapeun kapamingpinan almarhum RajaAbdul Aziz Al-Saud (anu ogé ditulis minangka Abdul Aziz bin Saud).

Dina taun1902, Abdul Aziz bin Saud junun ngawasaRiyadh, puseur dayeuh karuhun kulawarga Al-Saud, ti kakawasaan lawanana nyaéta kulawargaAl-Rashid. Abdul Aziz nuluykeun usahana kalayan ngawasaAl-Ahsa, Al-Qatif, sésa wewengkonNajd, sartaHijaz antara taun1913-1926. Dina tanggal 8 Januari 1926, Abdul Aziz bin Saud nyokot gelar Raja Hijaz. Dina tanggal 29 Januari 1927, manéhna nyokot gelar Raja Najd. NgaliwatanPerjangjian Jeddah anu ditandatanganan dina20 Méi1927,Inggris ngaku kamerdikaan wewengkon kakawasaan Abdul Aziz, anu saterusna dipikawanoh minangka Karajaan Hijaz sarta Najd. Dina taun1932, kadua wewengkon ieu ngahiji sarta robah jadi Karajaan Arab Saudi.

Kapanggihnaminyak bumi dina bulan Maret1938 geus ngarobah ékonomi nagara, sarta saterusna méré kamakmuran anu badag pikeun karajaan ieu.

Pulitik

[édit |édit sumber]
 Artikel utama:Pulitik Saudi Arabia.

Institusi pamaréntahan utama di Arab Saudi nyaéta Karajaan Saudi. Undang-undang dasar anu diadopsi dina taun1992 nyatakeun Saudi Arabia minangka hiji karajaan anu diparéntah ku anak sarta incu ti raja kahiji,Abdul Aziz Al-Saud, sartaAl Qur'an minangka konstitusi nagara ieu anu dijalankeun dumasar hukum Islam (saréat).

Raja Salman ti Saudi Arabia

Euweuh partéi pulitik atawa pamilihan umum nasional anu diaku, kajaba pamilihan lokal anu diayakeun di taun2005. Kakawasaan raja sacara téoritis diwatesan ku saréat Islam sarta talari Saudi séjénna. Manéhna ogé kudu nengetan konsensus para kulawarga karajaan Saudi, pamingpin ageman (ajengan), sarta elemen penting séjénna dina masarakat Saudi. Idéologi nagara nyaéta Salafi. Karajaan nyebarkeun falsafah Islam ieu ngaliwatan pangwangunan masjid sarta madrasah di sakumna dunya. Kulawarga karajaan milih raja ti antara maranéhanana sorangan, saterusna ménta kasapukan ti ajengan.


Propinsi

[édit |édit sumber]
Propinsi di Saudi Arabia
Propinsi di Saudi Arabia
 Artikel utama:Propinsi di Saudi Arabia.

Saudi Arabia kabagi jadi 13 propinsi (manatiq, tunggal - mintaqah).

  1. Al-Bahah
  2. Al-Hudud Asy-Syamaliyah
  3. Al-Jawf
  4. Al-Madinah
  5. Al-Qassim
  6. Ar-Riyad
  7. Asy-Syarqiyah
  8. `Asir
  9. Ha'il
  10. Jizan
  11. Makkah
  12. Najran
  13. Tabuk

Kota gedé

[édit |édit sumber]
 Artikel utama:Daptar kota di Saudi Arabia.
Artikel ieu keur dikeureuyeuh,ditarjamahkeun tinabasa Inggris.
Bantuanna didagoan pikeunnarjamahkeun.

Tempo ogé

[édit |édit sumber]

Bibliografi

[édit |édit sumber]
  • Lippman, Thomas W. "Inside the Mirage: America's Fragile Partnership with Saudi Arabia" (Westview 2004)ISBN 0-8133-4052-7
  • Mackey, Sandra,The Saudis: Inside the Desert Kingdom (Houghton Mifflin, 1987)ISBN 0-395-41165-3
  • Ménoret, Pascal,The Saudi Enigma: A History (Zed Books, 2005)ISBN 1-84277-605-3
  • al-Rasheed, Madawi,A History of Saudi Arabia (Cambridge University Press, 2002) ISBN 052164335Citakan:Invalid isbn
  • Matthew R. Simmons,Twilight in the Desert The Coming Saudi Oil Shock and the World Economy, John Wiley & Sons, 2005,ISBN 0-471-73876-X
  • Robert Lacey,THE KINGDOM: Arabia & The House of Sa'ud, Harcourt Brace Jovanovich, Inc, 1981 (Hard Cover) and Avon Books, 1981 (Soft Cover. Library of Congress: 81-83741ISBN 0-380-61762-5

Rujukan

[édit |édit sumber]

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Pintasan
Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Saudi Arabia ku jalan nyungsiproyék sabaraya Wikipédia
Définisi kamus tiWiktionary
Buku téks tiWikibooks
Cutatan tiWikiquote
Téks sumber tiWikisource
Gambar jeung média tiCommons
Warta tiWikinews
Sumber pangajaran tiWikiversity

Pamaréntah

Sawangan

Diréktori

Iber

Lianna

  Tempo ogéSaudi Arabia di Wikivoyage

NgeunaanArab SaudiSaudi Arabia
Sajarah
Lambang Saudi Arabia
Géografi
Hukum
Pulitik
Militér
Ékonomi
Masarakat
Budaya
Simbol
Nagara anggota
Organisasi
Anggota
Katunda
Panitén
Diplomasi
AlbaniaAljazairApganistanArab SaudiAzerbaijanBahrainBangladésBasisir GadingBéninBurkina FasoBrunéiChadDjiboutiGabonGambiaGuinéaGuinéa-BissauGuyanaIndonésiaIranIraqKuwaitKazakhstanKamerunKomoroKyrgyzstanLibanonLibyaMaladéwaMalaysiaMaliMauritaniaMarokoMesirMosambikNigerNigeriaOmanPakistanPaléstinaQatarSénégalSierra LeoneSomaliaSudanSurinameSuriahTajikistanTurkiTunisiaTogoTurkménistanUgandaUzbékistanUni Émirat ArabYamanYordania

Nagara panénjo
Afrika TengahBosnia jeung HérzégovinaMuangthai

Organisasi jeung masarakat Muslim panénjo
Front Pangbébas Nasional MoroRépublik Turki Siprus Kalér

Organisasi panénjo internasional
Organisasi Sabilulungan ÉkonomiUni AfrikaLiga ArabGerakan Non-BlokPBB

Wétan Tengah
Nagara jeung téritori
1 ngan diakuan kuTurki; tempoPapaséaan Siprus
Nagara daulat
Pangakuan kawates
Depéndensi jeung
Wewengkon Administratif Husus
Australia
Britania Raya
Cina
1 Kadang diasupkeun kaÉropa, kumaha définisi watesna.2 Kadang diasupkeun kaOséania.3Nagara lintas buana.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Saudi_Arabia&oldid=672988"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp