Sastra téh asalna tina kecapSangsekerta;sas jeungtra.Sas téh akar kecap dina rundayan nu hartina : ngarahkeun; ngajarkeun; ngawulangkeun; méré pituduh atawa paréntah.[1][2]
Tra téh mangrupa kecap ahiran nu biasana nuduhkeun alat; pakakas; sarana. JadiSastra hartina pakakas pikeun miwulang; buku pituduh; buku intruksi atawa buku pangajaran.[1]Dina budaya Sunda aya nu disebutsusastra anu hartina tulisan anu éndah.[1]NumutkeunA.Teeuw sastra téhetimologina tina basaYunani téalittera; nu harti saujratna nyaéta tulisan, éta kecap téh tuluy dipaké ku bangsaLatin, ti dinya nyebar ka sakuliah dunya, di antaranaInggris,Prancis, jeungBelanda.[3]Harti sastra (tulisan) téh kudu dipaluruh deui dina hubunganana jeung tujuh ciribasa tinulis.[3]Memang aya poténsi satra dina tujuh ciri basa tinulis tapi ogé sastra henteu idéntik jeungbasa tinulis, lantaran aya sastra anu poténsina tinabasa lisan nu disebut sastra lisan téa.[3]
Prosa nyaéta karangan dina rakitanbasa sapopoé; lancaran, tanpa ngolah atawa ngatur intonasi anu matok.[1] Warna prosa aya nu heubeul, jeung aya nu anyar. Karya sastraSunda nu heubeul dina wangun prosa nyaétadongéng.[1]
Puisi nyaéta karangan nu basana dirakit pinuh ku wirahma, kauger ku wangun jeung diksi, ungkara kalimahna henteu lancaran.[1]Puisi sunda dina wangun heubeul aya nu nagjujud carita saperti :pantun jeungwawacan, sedengkeun anu teu ngawangun sastra saperti :mantra,kakawihan,sair, jeungpupuh.[1]