Sarikaya (Latin:Annona squamosa) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargaAnnonaceae.[1] Buah sarikaya wujudna buleud kalawan kulit luarna ngajarendil kawas nangkasirsak. Daging buahnabodas tur mibanda rasa amis jeung kaangseu seungit.
Tutuwuhan ieu kasebutrungkun daunna ieu henteu ngarangrangan, jangkungna nepi ka 8 m.Daunna paselang seling, ukuranana 7–12 cm panjangna, jeung rubakna 3–4 cm.Bungana bijil tina tandan lobana 3-4, ukuran kembangna 2–3 cm, mibanda genep daun kembang/kelopak, konéng - héjo borontok wungu di handapna.
Buah remenna buleud aya ogé anu monyong kawas buah tangkalcamara, diaméter 6–10 cm, kalawan kulit luarna ngajarendul kawas sisitan. Daging buahna bodas, mibanda rasa kawaspodeng.
Sarikaya loba mibandaénergi makanan ogé mangrupi sumberzat besi anu saé.
Digunakeun ku masyarakat diIndia pikeun ngaramu ubar nyuburkeun rambut. Sikina ogé bisa ditutu sarta diulaskeun kana kulit sirah, pikeun ngabasmi kutu atawa otét.[2]
Sagigireun bisa dikonsumsi tur matak seger, siki buah sarikaya tiasa dijantenkeun péstisida sayuran. Sapertos sari pati siki sarikaya dipaké pikeun gabasmi hamahileud Spodopteralitura[1], Plutella xylostella[2], sareng rinyuh taneuh[3]. Ékstrak sikina berfungsi salaku racun lambung dina hama serangga ieu.Srikaya juga memiliki manfaat untuk ibu hamilArchived 2019-06-22 diWayback Machine
Citakan:Buah-stub