Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Samudra Pasifik

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Samudra Pasifik

Samudra Pasifik atawaLautan Iuh (basa Spanyol: Pacifico, hartina tenang) nyaéta kumpulancai pangbadagna diMarcapada[1]. Ieu ngawengku kira-kira sapertiluMarcapada, ku legana 179,7 juta km² (69,4 juta mi²)[1]. Panjangna kurang leuwih 15.500 km (9.600 mi) tiLaut Bering diArktik nepi ka watesés diLaut Ross diAntartika di kulon[2]. Samudra Pasifik nepi lebarwétan-kulon[2]. Minangka Samudra palegana di dunya, parairan ieu ngawengku kurang leuwih sapertilu lakopmarcapada[1]. Titik panglandeuhna ti Samudra Pasifik nyaéta di dasarPalung Mariana diKapuloan Mariana ku jerona -10.924 méter[1]. Di sabudeur Samudra Pasifik loba gunung marapi antukna sok rajeunlini[1]. Teu saukur kitu, fénomena alam anu sok kajadian dilaut ieu nyaéta badéy sarta angin puyuh[2].Badéy ieu anu tuluy narajangpulo-pulo di sabudeur Samudra Pasifik[2]. Di tengah Samudra Pasifik aya gugusankapuloanPolynésia,Mikronésia, jeungMélanesia (kawasan ieu disebutOceania)[2]. Posisi samudra Pasifik kacida penting pikeun séktorékonomi jeungpulitik internasional[2]. Nagara-nagara di kawasan ieu kagolong miboga tingkat tumuwuhnaékonomi anu luhur sarta gancang[2]. Ku kituna diwangun forum gawébarengékonomi nagara-nagara Pasifik (APEC)[2].

Sajarah

[édit |édit sumber]

Sajarah kapanggihna

[édit |édit sumber]

Ari jalma anu mimiti manggihan Samudra Pasifik nyaétaVasco Nunez de Balboa[1]. Balboa nyaéta bangsaSpanyol anu mimiti némbongan Samudera Pasifik dina taun1513[1]. Harita Samudera Pasifik can dingaranan, sangkan Vasco Nunez de Balboa boga inisiatif pikeun méré ngaran ka samudra éta ku sebutanMar del Sur atawa nu hartina lautan kidul[1].

NgaranPasifik

[édit |édit sumber]

Sanajan nu manggihan mimiti Samudra Pasifik téhVasco Nunez de Balboa, tapi pangaranan Pasifik mah anyar dilakukeun dina sababaraha taun satuluyna[1]. NU méré ngaran nyaétaFernando de Magelhaens.Magelhaens magnrupa saurang palaut asalPortugis, jeung nalika ngalanglang meuntasan samudra anu mimiti dibéré mimitina mah dibéré ngaran Laut Kidul ieu,Magelhaens gé milu méré ngaran ku sebutan Pasifik[1]. Fernando de Magelhaens mindeng ngalakukeun langlangan ka sawatara tempat liwat jalur laut[1]. Tujuanna mah pikeun manggihan kapuloan anu euyeub ku sasamaraan anu satuluyna kanyahoan yén pulo nu dimaksud nyaétapulo Maluku diIndonésia[1].

Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. abcdefghijklBimbie.com,Siapa Penemu Samudera Pasifik?Archived 2015-03-22 diWayback Machine Diaksés 11 Agustus 2015
  2. abcdefghKompasiana.com,Samudera dan karakteristiknya Diaksés 11 Agustus 2015
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Samudra_Pasifik&oldid=654549"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp