Samudra Atlantik nyaéta samudra pangbadagna kadua diMarcapada, sanggeussamudra Pasifik[1]. Ku total legana kurang leuwih 106,400,000 Kilométer pasagi (41,100,000 sq mi), Samudra Atlantik mungkus kurang leuwih 20 persén tina lakopMarcapada sarta kurang leuwih 29 persén tinaaréa lakopcai[1]. Mimitina mah ngaran Atlantik téh nujul kanaAtlas tina mitologiYunani, ngajadikeun Atlantik téh "Laut Atlas"[1]. Samudra Atlantik mayakpak ti basisir kulonÉropah ka buanaAfrika nepi ka basisir wétan buanaAmérika[2]. Samudra Atlantik miboga lega kurang leuwih maparo jeungSamudra Pasifik sarta rata-rata jerona 3.350 méter sarta titik panglandeuhna 8.385 méter[2]. Posisi Samudra Atlantik penting pisan pikeun subrang-sebrangna rupining palabuan-palabuan gedénagara-nagaraÉropah kaAmérika, ti nagara-nagaraAfrika di basisir kulonna ka nagara-nagaraAsia[2].
Mangrupa samudra anu numbukeun buanaÉropah jeung buanaAmérika[2]
Aya fénomenaJurutilu Bermuda (basisir wétan Amérika deukeut Kapuloan Bermuda) anu kasohor ku ayana daya grafitasina anu badag atawa jadi puseurmagnétmarcapada sanajan bener henteuna mah can bisa dibuktikeun sacara ilmiah[2]
Sawaréh wilayahna aya di wilayah garis bujur kulon[2]