Sampeu mangrupabeuti atawaakar tangkal anu panjang jeung boga garis tengah rata-rata 2–3 cm sarta panjang 50–80 cm, gumantung kana jinis sampeu anu dipelak.[4] Daging beutina boga kelir bodas atawa semukonéng.[4] Beuti sampeu henteu bisa lila disimpen sanajan ditempatkeun dinalomari és.[4] Gambaran karuksakan ditandaan ku kaluarnawarnabirukolot alatan kawangunnaasam sianida anu boga sipatracun pikeun manusa.[4]
Jinis sampeuManihot esculenta mimiti dipikawanoh diAmérika Kidul, saterusna dibudidayakeun dina mangsa pra-sejarah diBrasil sartaParaguay.[5] Wangun-wangun modéren tina spésiés anu geus dibudidayakeun bisa kapanggih tumuwuh liar di Brasil kidul.[5]
Produksi sampeu dunya dikira-kira ngahontal 184 juta ton dina taun2002.[5] lolobana produksi dihasilkeun di Afrika 99,1 juta ton sarta 33,2 juta ton diAmérika Latin sartaKapuloan Karibia.[5]
Beuti akar sampeu réa ngandungglukosa sarta bisa didahar atah-atah.[6] Rasana rada amis, aya ogé anu pait gumantung kana kandungan racunglukosida anu bisa nyieunasam sianida.[6] Beuti anu rasana amis ngahasilkeun paling saeutik 20 mg HCN pér kilogram beuti akar anu seger kénéh, sarta 50 kali leuwih réa dina beuti anu rasana pait.[6] Dina jinis sampeu anu amis, prosés ngasakkeun pohara diperlukeun pikeun nurunkeun kadar racunna.[6] Tina beuti ieu bisa ogé dijieuntipungaci.[6]
Sampeu dikokolakeun ku sagala rupa cara, sampeu réa dipaké dina sagala rupa macem asakan.[6] Dikulub pikeun ngagantikeun kentang, sarta palengkep asakan.[6] Tipung sampeu bisa dipaké pikeun ngaganti tipung gandum, alus pikeun panyandang alergi.[6]
Cereda, M.P. and Mattos, M.C.Y. (1996). "Linamarin - The Toxic Compound of Cassava". Journal of Venomous Animals and Toxins (online) 2 (1), 6-12; ISSN 0104-7930[1]