Sajarah asalna tinabasaArab, nyaétasyajarotun nu hartinatangkal, turunan, atawa asal-usul. Ieukecap téh asup kana basaMalayu dina abad ka-13 Masehi. Ari asupna kana basaSunda mah kira-kira dina abad ka-17 Masehi, patali jeungagamaIslam di wilayah Sunda. Pentingna sajarah atawa turunan téh dina budaya masarakat Arab mah jéntré pisan. Hal ieu kagambar dina susunanpancakaki urang Arab nu tepi ka 20 tingkatan. Patali jeung pancakaki katut sajarah, silsilah Raja Yogya disusun dina wangun tangkal. Ari diSumedang mah ayaKitab Pancakaki nu disusun ku RadenArya Suryalaga. Ieu kitab téh kiwari jadi koléksiMuseum Pangéran Geusan Ulun, Sumedang. Sajarah geus ilahar digunakeun salaku watesan umum pikeun béja atawa émbaran ngeunaan jaman baheula, saperti dina "sajarah géologis Bumi". Lamun dilarapkeun salaku hiji widang ulikan, sajarah hartina sajarah manusa, nyaéta ingetan atawa kajadian kahirupansosial manusa baheula nu karékam atawa kacatet. Harti sajarah dina basa-basaNusantara mekar jadicarita,kisah,hikayat,riwayat,babad,tambo,tutui teteek. Dina basa Sunda éta ngaran téh di antarana carita, sajarah, babad, carios, hikayat, lalakon, jeungwawacan. Pikeun éta istilah téh dina basa Arab mah disebutnaqosos.Sajarawan ngagunakeun sabararaha rupasumber, kaasup tulisan atawa rekaman citak,wawancara (sajarah oral), jeungarkéologi. Pamarekan pikeun ngulik sajarah dina unggal jaman bisa béda-béda. Kajadian-kajadian nu lumangsung méméh ayana catetan manusa disebutprasajarah.[1]
Harti sajarah téh aya dua rupa, nyaéta harti sacaratradisional jeung harti sacaramodérn. Sacara tradisional sajarah téh dihartikeun bagian tinasastra. Ku kitunakarya sastra dina wangunlégenda,mitos, jeung séjénna kaasup sajarah. Contona Ilios jeung Odise diEropa, CaritaMahabarata jeungRamayana diIndia,Hikayat Hang Tuah,Babad Balambangan, jeungCarita Parahyangan.Sacara modérn, harti sajarah leupas tina widang sastra. Di dieu mah sajarah téh ngandung harti ieu di handap.
- Peristiwa nu dialaman ku manusa dina mangsa nu geus kaliwat.
- Lalakon ngeunaan peristiwa nu dialaman ku manusa nu kajadianana dina mangsa nu geus kaliwat.
- Élmu ngeunaan peristiwa jeung lalakon peristiwa.
Sajarah tradisional jeung sajarah modérn kaalaman ku sakumna manusa di dunya. Di Eropa, abad ka-18 dianggap masa peralihan tina sajarah tradisional kana sajarah modérn. Sedengkeun diIndonésia awal abad ka-2O nu dianggap masa peralihan téh. Aya anggapan yén sajarah modérn di Indonesia téh asalna ti kulon, hususnaWalanda. Dina basa Walanda kecap sajarah téh nyaétageschiedenis, nu asalna tina kecapgesclzieden, nu hartina téh kajadian anu dipigawé. Ari dina basa Jérman mah sejarah téh nyaétageschiclzte, nu asalna tina kecapgeschehen nu hartina kajadian. Jadigeschichte hartina nu geus kungsi kajadian. Dina basaInggris aya istilahhistory, nu asalna tina basaYunani,istoria, nu hartina élmu atawa hiji pedaran sistematis ngeunaan gejalaalam. Sanggeus muncul istilah Scientia pikeun pedaran nu non-kronologis, kecapistoria husus pikeun pedaran sistematis nu kronologi ngeunaan gejala-gejala nu patali jeung kahirupan manusa. Ku kituna muncul pamadegan kritis (modérn) dina karangan sajarah nu disusun kuPangéran Wangsakerta dina akhir abad ka-17Masehi.[1]
Mangpaat sajarah bisa ditilik tina segi téoritis jeung segi Praktis-pragmatis.
- Teoritis: bisa ngawewegan fakta-fakta anyar dina kahirupan manusa nu geus kalarung kalawan dibuktikeun sacarailmiah.
- Praktis-pragmatis: ngandelan kareueus tur kacinta,bangsa katut lemah cai, ngalegaan ambahan, sawangan, jeung wawasan dina nyanghareupan kiwari jeung jaga, mibogaajén pikeun cecekelan hirup dina jero pakumbuhan nepi ka bisa jauh tina balai, hirup-hurip atawasalamet, jeung parek rejeki.
Salian ti éta, sajarah téh miboga tilu mangpaat séjén di antarana pikeun ngawétkeun idéntitaskelompok jeung mageuhan daya tahan kelompok sangkan hirup terus lumangsung, nyokot pelajaran jeung tuladan tina rupa-rupa kajadian dina mangsa nu geus kaliwat, jeung sarana pikeun mikawanoh ngeunaan ma'na hirup jeung maot, atawa ngeunaan tempat manusa didunya.[1]
Aya rupa-rupa sumber jeung bukti sajarah di tatar Sunda, boh nu lengkep kénéh boh nu henteu. Tapi duanana ogé silih lengkepan. Tina rupa-rupa titinggal téh bisa diklasifikasikeun jadi lima katégori, nyaéta:
- nya sumber nya bukti, nyaétaprasasti,naskah (upamanaSanghiyang Siksa Kandang Karesian),arsip,duit, jeung palaku sajarah;
- sumber lain bukti, contona naskah (karya Pangéran Wangsakerta, nu ditulis salila 21 taun, 1677-1698, sanajan tepi ka kiwari masih kénéh dipadungdungkeun, tokoh nu apal kana kajadian tapi teu ngalaman, karya, jeungdongéng (aya bagian anu bisa dipaké maluruh sajarah, misalna gambaran dina caritaSangkuariang téh kahirupan dina jaman nu tangtu).
- bukti minangka sumber, contonabarang,tokoh, jeung naskah.
- sumber asli jeung teu asli, contona prasasti, naskah, jeung arsip.
- sumber pituin jeung kosta.[1]
Data sajarah téh rupa-rupa, nyaétapaleolitik, alatobsidian (batu kaca), situsnéolitik perundagian,punden berundak, taman purbakala/ prasasti,candi,arca ganésa, situsbudaya Islam, kampungadat, gedung bersejarah, situs perundagian, jeungcagar alam. Data sajarah téh lengkep upama aya sumberna jeung buktina. Tapi hal éta téh teu salawasna kacumponan. Dina kanyataanana, bisa jadi saperti ieu di handap.
- Sagala teu nyampak, teu nyampak di dieu maksudna can atawa teu kapanggih, teu nyésa, teu dijieun, teu kapuluk, teu katalingakeun, jeung teu kacatet.
- Sagala teu rempeg , bisa jadi data sajarah téh aya tapi teu rempeg, ngan ukur sesemplékan, ancal-ancalan, atawa teu ngaleunjeur, nepi ka hésé disusunna.
- Sagala teu kaharti Sanajan datana aya ogé sakapeung mah teu kaharti alatan dumukna éta sumber jeung bukti, perenahna, atawa gunana dina mangsa nu geus kaliwat téh teu jelas.[1]
DinaWikipédia aya loba émbaran ngeunaan sajarah, sababaraha cara papasinganana bisa ditempo ieu di handap.
Klasifikasi sajarah dumasar wewengkonna | Klasifikasi sajarah dumasar waktu: |