Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Séréh

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Séréh

Séréh
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:Plantae
Divisi:Magnoliophyta
Kelas:Magnoliopsida
Ordo:Poales
Kulawarga:Poaceae
Marga:Cymbopogon
Spreng.
Spésiés

tempo téks

Séréh (Cybopogon cytratus) nyaéta salah sahiji tutuwuhan tina kulawarga Poacéae. Ieu mangrupa sabangsaningtutuwuhanjujukutan nu daunna panjang sigaeurih.[1] bédana, rumpun séréh leuwih gedé jeung sok tumuwuh ngagorombol.[1] Daun séréh miboga wangun ipis, lempeng, tulang daun sajajar, tungtung daun nyungcung jeung sisina keusrak.[1] Sok kapanggih bagian luar jerona warna beureum.[1] Sistim akarna kuat pisan jeung jero.[1] Séréh resep kana tempat nu jemlék jeung deukeut kanacai,taneuh nu gembur/ngeprul, antukna teu héran mun tutuwuhan séréh loba tumuwuh di aréa pasawahan,irigasi, wahangan, jeung sajabana.[2] pikeun ngalobakeun ieu tutuwuhan bisa dilakonan ku cara neukteuk rimpangna/anakna atawa ku cara misahkeun dapuranna tuluy dipelak.[2]séréh miboga loba ngaran di daérah-daérah, saperti sere (Jawa); sarai, sorai, sange-sange (Sumatera); Tonti, sare (Sulawesi); hisa, isa (Maluku).[2]

Sifat Kimiawi

[édit |édit sumber]

Séréh ngandung minyak atsiri kalawan ngandungcitral, geraniol, citronrllal, methylheptenone, eugenol methyleter, dipenten, eugenol kaninen, kadinol jeunglimonene, Salian éta, sérh ngandungalkaloid,flavonoid, jeungpolifenol.[2]

Mangfaat

[édit |édit sumber]

Séréh dipaké minangkabungbu dapur pikeun nyeungitkeun kadaharan;minyak séréh mangrupaminyak atsiri meunang nyuling tinapepelakan ieu.

Salah sahiji kagunaan lianna tina séréh nyaéta bauna nu bisa dipaké keur ngusirreungit, boh pepelakannana, atawa ogé minyakna.

Referensi

[édit |édit sumber]
  1. abcdeSa'adah, Sumiati. 2004. Mengenal Tanaman yang Berkhasiat Obat. Jakarta:Ganesa ExactISBN 9791211124ISBN 9789791211123
  2. abcdSuryo, Joko. 2010. Herbal Sistem Pernafasan. Yogyakarta:Bentang PustakaISBN 9792438777ISBN 9789792438772
Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Séréh&oldid=658660"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp