Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Séng

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Spalerit (ZnS)

Séng (tinaBasa Jérman:Zink) nyaétaunsur kimialogam nu dilambanganZn kalawannomer atom 30. Ieu unsur aya dina baris kahijilogam transisi dinagolongan 12tabél periodik. Sacara kimia, séng sarupa jeungmagnésium ku sabab ukuranionna sarua sarta bogabilangan oksidasi +2. Dina kulitBumi, séng téh unsur ka-24 panglobana, dina bentuk lima rupaisotop stabil. Bijih anu panglobana digali nyaéta dina bentukspalerit atawaséng sulfida, kapanggih loba pisan diAustralia,Kanada, jeungAmérika Serikat.

Aloy séng jeungtembaga anu katelahkuningan, sahanteuna geus dipaké ti abad ka-10 SM. Dina skala gedé, masarakatIndia geus bisa ngahasilkeun séng (teu murni) tiabad ka-13, anapon bangsa-bangsaÉropah kakara wanoh jeung ieu logamabad ka-16. Paraalkémis ngaduruk séng pikeun nyieun anu katelah "philosopher's wool" atawa "white snow". Taun1800,Luigi Galvani jeungAlessandro Volta medarkeun pasipatan éléktrokimia séng. Kiwari, ieu logam utamana dipaké pikeungalvanisasi baja ngarah tahan tai hiang. Lian ti éta, séng ogé dipaké dinabatré,séng karbonat jeungséng glukonat pikeun suplemén katuangan,séng klorida dina déodoran,séng pirition dinasampo anti-ketombé,séng sulfida dina cét luminesens, sarta séng métil atawa séng diétil di laboratorium organik.

Séng téh kaasupmineral ésénsial[1],défisiénsina karandapan ku 2 miliar jalma di nagara-nagara nu keur mekar, anu tumali jeung rupa-rupa kasakit[2]. Mun kaalaman ku barudak, tumuwuhna bisa kaganggu, telat sawawa sacara séksual, gampang katarajang inféksi, jeung diaré nu unggal taunna ngabalukarkeun maotna 800.000 budak[1]. Dina biokimia, loba pisanénzim anu ngandung atom séng dinagugus prostétikna, misalna baéalkohol dehidrogénaseu dimanusa. Sabalikna, asupan séng anu kaleuleuwihi bisa ngabalukarkeunataksia,défisiénsi tembaga, jeung matak létoy kana awak.

Catetan

[édit |édit sumber]


Rujukan

[édit |édit sumber]
  • Zinc (disalin 20 Agustus 2009)
  1. abHambidge, K. M. and Krebs, N. F. (2007). "Zinc deficiency: a special challenge".J. Nutr.137: 1101.PMID 17374687. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)
  2. Salah ngutip: Tag<ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernamaPrasad2003

Bibliografi

[édit |édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit |édit sumber]
Wikimedia Commons memiliki media mengenaiZinc.
Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Séng&oldid=675703"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp