Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Romanisasi aksara Jepang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Tulisan JepangTulisan Jepang

Kanji漢字

Kana仮名

Pamakéan

Rōmajiローマ字

Romanisasi kecapBasa Jepang, nyaéta nuliskeun karakter nu asalna tina tulisan (kanji) Basa Cina jeung skripsuku kata (kana) kana hurup Latin, keur kaperluan nuliskeun tanda jalan, ngaran sarta dina kamus jeung teks book keur urang luar nu hayang diajar Basa Jepang.

Aya sababaraha sistem romanisasi, tilu sistim nu penting nyaétaHepburn romanization,Kunrei-shiki (ISO 3602), jeungNihon-shiki (ISO 3602 Strict). Variasi Hepburn nu leuwih remen dipaké.

Masyarakat Jepang nu sakola dasar ti mimiti Perang Dunya Kadua diajar maca jeung nulistulisan latin, disebutna rōmaji (ローマ字,rōmaji?) dina Basa Jepang. Romanisasi ogé ilahar dipaké keur kecap Basa Jepang dinapengolah kata jeung komputer. ku sabab kitu, ngan sabagéan leutik ti generasi kolot, nu bisa maca jeung nulis make, sanajan sabagéan tina buku teks jeung nu diajar Basa Jepang jarang ditulis dina tulisan latin sacara lengkep. Loba kecap dina Basa Jepang mun dituliskeun kana romaji malah jadi ngabingungkeun nu maca.

Sajarah

[édit |édit sumber]

Sistim romanisasi Basa Jepang mimiti dumasar kanaortografi Basa Portugis. Mimiti dimekarkeun kira-kira taun 1548 ku urang Jepang Katolik nyaéta Yajiro. PenerbitYesus maké sistim ieu dina runtuyan bukuKatolik keur kaperluan misionaris dina hotbah jeung pangajaran Kristen sangkan teu kudu diajar maca tulisan Basa Jepang. Pamakéan buku ieu loba gunana keur diajar cara ngucapkeun Basa Jepang modérn sarta keur kaperluan romanisasi mimiti dinaNippo jisho, kamus Basa Jepang-Portugis nu ditulis dina tau 1603. Sacara ilahar, sistimBasa Portugis mimiti ampir sarua jeung Nihon-shiki dina ngagunakeunvowel. Sababaraha konsonan ditranslasi beda-beda: contona, konsonan /k/ dijieun "c", sarta konsonan /ɸ/ (ayeuna diucapkeun /h/) dijieun "f", mangkaNihon no kotoba ("Basa Jepang") diejana "Nifon no cotoba". Penerbit Yesus ogé ngaluarkeun sababaraha buku sekuler di romanisasi Basa Jepang, nyaéta buku nu mimiti terbit dina Basa Jepang KlasikThe Tale of the Heike, diromanisasi jadiFeiqe no monogatari, sarta koleksiAesop's Fables (diromanisasi jadiEsopo no fabvlas). Nu kadua terus dicetak sarta dibaca sanggeus éra Kristenisasi (Chibbett, 1977).

Nuturkeun pangusiran Kristen ti Jepang dina ahir taun 1590-an sarta awal taun 1600,rōmaji jadi jarang dipaké sarta dipaké sacara sporadis keur teks basa asing sanggeus pertengahan taun 1800-an, waktu Jepang terbuka deui. Sistim nu dipaké ayeuna dimekarkeun dina pertengahanabad ka-19.

Sistim nu mimiti dimekarkeun nyaéta sistim Hepburn, dimimitian ku kamusJames Curtis Hepburnsarta loba dipaké keur kaperluan urang asing.

DinaMeiji era, sababaraha sarjana Basa Jepang ngusulkeun keur ngaleungitkeun sistim tulisan Jepang jeung makérōmaji keur gagantina. RomanisasiNihon shiki tumuwuh ku ayana gerakan ieu. Sababaraha teks Basa Jepang diterbitkeun dinarōmaji dina periode ieu, tapi gagal ditarima, sabab sabagian gedéhomophone dina Basa Jepang, nu diucapkeun sarua tapi beda dina karakter tulisan. Saterusna, mimitiabad ka-20, sababaraha sarjana mikirkeun sistimsuku kata keur karakter nu asalna tina Basa Latin; tapi ieu ogé henteu populer, sabab teu didasarkeun kana sajarah pamakéan alpabet Latin.

Sistim Kiwari

[édit |édit sumber]

Hepburn

[édit |édit sumber]
 Artikel utama:Hepburn romanization.

Romanisasi sistimHepburn Revisi makémacron keur nembongkeun sababarahavowel panjang, jeungapostrophe keur misahkeun fonem nu ngabingungkeun. Contona, ngaran じゅんいちろう, ditulis dina karakterkanaju-n-i-chi-ro-u, sarta diromanisasi jadiJun'ichirō dina Hepburn Revisi. Sistim ieu loba dipaké di Jepang, di antara mahasiswa asing jeung akademik.

Romanisasi Hepburn ilaharna nuturkeun fonologi Basa Inggris ku vowelRoman, sarta métodeu inituisi nembongkeun cara ngucapkeunAnglophone kecap Basa Jepang. Sistim ieu geus dibakukeun di Amérika nyaétaAmerican National Standard System for the Romanization of Japanese (Modified Hepburn), tapi status ieu dileungitkeun dina6 Oktober,1994. Hepburn mangrupa sistim romanisasi nu pangilaharna dipaké, hususna keur obrolan maké Basa Inggris. Sistim Hepburn dikritik sabab aya distorsi dina fonologi Basa Jepang nyabab hésé keur ngaharkeun Basa Jepang ka urang asing.

Nihon-shiki

[édit |édit sumber]
 Artikel utama:Nihon-shiki.

Nihon-shiki sistim nu pangjarangna dipaké di antara tilu sistim nu aya. Aslina métodeu ieu dipaké keur nuliskeun Basa Jepang kana basana sorangan. Sistim ieu nuturkeun fonologi jeung suku kata sacara disiplin, sarta hiji-hijina sistim romanisasi utama nu ngidinan keur metakeun ti jeung kakana. Sistim ieu dibakukeun dina ISO 3602.

Kunrei-shiki

[édit |édit sumber]
 Artikel utama:Kunrei-shiki.

Kunrei-shiki nyaéta modifikasi saeutik tina versi Nihon-shiki nu ngaleungitkeun beda antara suku katakana jeung cara ngucapkeun modérn. Contona, lamun kecapkana かな jeungtsukai つかい dihijikeun, hasilna ditulis dinakana nyaéta かなづかい makédakuten (tanda sora) ゛dinakana つ (tsu) keur nembongkeun yén つ sora ayeuna.Kana づ diucapkeun ku cara nu sarua jeungkana, す (su), nu maké dakutendakuten, ず. Kunrei-shiki jeung Hepburn ngaleungitkeun beda dina "kana" jeung maké sora nu sarua, nyaéta,kanazukai, maké hurup nu sarua "zu" saperti nu dipaké keur nga-romanisasi ず. Nihon-shiki angger maké beda sarta dina romanisasina jadikanadukai, ngabedakeun antara "kana" づ jeung ず, nu dina romanisasi jadizu, sanajan duanana diucapkeun sarua. Ampir sarua jeung pasangan じ jeung ぢ, duananazi dina romanisasi Kunrei-shiki jeungji Hepburn, tapi jadizi jeungdi dina Nihon-shiki. Keur leuwih jentre tempo tabel di handap.

Kunrei-shiki geus daibakukeun ku Pamaréntah Jepang jeungISO (ISO 3602). Kunrei-shiki diajarkeun di sakola dasar Jepang nepi ka taun kaopat.

Variasi sejen

[édit |édit sumber]

Masih mungkin keur ngaromanisasi ngucapkeun Basa Jepang keur urang asing kalayan leuwih bener. Tipikal tambahan saperti tandatone keur catetanaksen Basa Jepang jeung tanda diacritik keur ngabedakeun robahna folologi, saperti asimilasi nasal /n/ (tempofonologi Basa Jepang).

JSL

[édit |édit sumber]
 Artikel utama:JSL.

JSL nyaéta sistim romanisasi dumasar kanafonologi Basa Jepang, dirancang maké prinsip kabasaan dipaké ku ahli basa dina nyieun sistim tulisan keur basa nu jarang dipaké. Sistim ieu dumasar kanafonem murni, dipaké hiji simbol unggal fone sarta ditandaan makédiakritik. Sistim ieu diciptakeun kuEleanor Harz Jorden keur ngajar Basa Jepang. Prinsipna saperti sistim nu ngidinan pelajar keur leuwih jero diajar fonologi Basa Jepeng. Sabab sistim ieu teu pati gedé pangaruhna keur obrolan urang asing tinimbang sistem séjénna, sarta Basa Jepang geus mibanda sistem tulisan sorangan, JSL teu loba dipaké di luar dunya pendidikan.

Romanisasi nu teu-baku

[édit |édit sumber]

salian ti sistim baku di luhur, aya variasi dina romanisasi, dipaké keur nyederhanakeun, kasalahan atawa nu ngabingungkeun atawa ngan sakadar alesan gaya.

Catetan, variasi metakeunmetoda asupan Basa Jepang keur konversikeystrokes dina papan ketik Roman keyboard kanakana sok dikombinasikeun jeung sakabéh sistim; waktu maképlain text tinimbang konversi, ilaharna disebutwāpuro rōmaji. (Wāpuro nyaétasinggetan tinadopurosessā [word processor].) Teu saperti tina sistim baku, wāpuro rōmaji teu merlukeun karakter ti luar runtuyan karakterASCII.

Aya sababaraha alesan dina variasi romanisasi di konteks husus, utamana lamun dipakena pacampur, ngajadikeun bingung lamun romanisasi kecap Basa Jepang dijieun indeksna.

Variasi romanisasi nu umum nyaéta:

  • Ngaran jeung kecap Basa Jepang nu aya dina ejaan Basa Inggris sapertikudzu jeungjiu jitsu, atawa kecapan injeuman sapertikyatto keur "cat", kadangkala ditulis saperti dina Basa Inggris, teu nuturkeun aturan romanisasi.
  • Jya keur じゃ, nu dina Hepburn nyaétaja jeungzya dina Nihon-shiki jeung Kunrei-shiki, sarta ampir sarua jeungjyu keur じゅ jeungjyo keur じょ. Nu teu make tambahany katempona hasil tina kabingungan dina sistim romanisasi.
  • Cchi keur っち (Hepburntchi) jeung nu sejenna. Ieuwāpuro rōmaji, tapi remen dipake ku sabab alesan gaya lamun dipake keur nulis ngaran pondok (contona, あきこAkiko jadi あっちゃんAcchan tinimbangAtchan).
  • La keur ら (Hepburnra) jeung saterusna. Konsonan Basa Jepang /r/ ngabogaan sora (IPA[ɽ]) nu deukeut tapi teu sarua, boh dina Basa Inggris "r" jeung "l". "R" jeung "l" duananaditranskripsi kana Basa Jepang make Basa Jepang /r/. Contona "l" dina romanisasi Basa Jepang boneka budak リカ, diromanisasi jadiLicca.
  • Na keur んあ (Hepburnn'a) jeung saterusna. Bentuk ieu romanisasi Basa Jepang dipake dina inpormasi publik saperi rambu-rambu jalan jeung kareta di Jepang.
  • Nn keur ん (Hepburnn). Contonawāpuro rōmaji (sanajan lobametoda asupan Basa Jepang ditarima dina Hepburnn'). Ieu nyababkeun dualisme leuwih lega dina sistim Hepburn. Contona, klusternna, numana んな dina Hepburn, digambarkeun jadi んあ dina sistim ieu. n ganda kadangkala katempo dinga ngaran, contona ngaran nu remen katempoUsenet posterJunn Ohta.

Vowel panjang

[édit |édit sumber]

Variasi nu leuwih umum nyaéta ngidinan makron atawacircumflexes dipake keur nembongkeun vowel panjang. Ieu kacida remenna dina romanisasi versi kecap Basa Jepang nu dipake dina Basa Inggris. Contona ngaran ibu kota Jepang, cara nulis nu bener nyaéta Tōkyō dina romanisasi Basa Jepang, sacara universal ditulis Tokyo. Di Jepang, romanisasi Basa Jepang katempona leuwih loba mangpaatna keur urang asing pikeun bisa maca sacara gampang,macrons jeungcircumflexes ilahar dipake keur penyederhanaan.

Lobamesin ketik,pangolah kecap, jeung sistim komputerisasi teu gampang nyaruakeun jeung "macron" dipake dina romanisasi. Nihon-shiki jeung Kunrei-shiki make aksencircumflex (saperti, Tôkyô). Ieu gampang keur asupan, saperti â, î, û, ê, jeung ô dina runtuyan karakterISO-8859-1, sarta gampang diasupkeun kana variasi sistim.

Metoda saterusna nu ilahar dipake keur "vowel" panjang:

  • Oh keur おお atawa おう (Hepburnō). Ieu kadang-kadang disebut "passport Hepburn", saperti Kamenterian Luar Negeri Jepang nu ngaluarkeun paspor (tapi teu diperlukeun) pamakean ieu paspor[1]Archived 2011-12-05 diWayback Machine
  • Ou keur おう (oge Hepburnō). Contonawāpuro rōmaji.
  • Ô keur おお atawa おう (Hepburnō). Ieu bener keur Nihon-shiki jeung Kunrei-shiki, tapi kakdangkala aya dina romanisasi kecap Hepburn sejenna (saperti dijelaskeun di luhur).

Variasi kuno

[édit |édit sumber]
 Artikel utama:Historical kana usage.

Dina teks heubeul, variasi romanisasi sejen nu ayeuna jarang dipake. Sababaraha diantarana masih dipake nepi ka kiwari sanajan ngan saeutik. Contona:

  • Voweli pluso kadang kala dipake keur nuliskeun sora Basa Jepangyōon: sapertiTokyo jadi "Tokio" sartaKyoto jadi "Kioto". Romanisasi ieu masih kapanggih dina ngaran spesies "mioga", sayuran Jepangmyōga.
  • Kana ゑ dianggapye. Ucapan nu sabenerna keur "kana" ieu nyaétawe, tapiw geus leungit ku waktu nyaéta (upamana) ゑど "Wedo" mimiti diromanisasi jadiYedo.
  • Kana づ (Nihon-shikidu) diromanisasi jadidzu, saperti dina ngaran tutuwuhanadzuki jeungkudzu. Ieu saperti Hepburnwāpuro rōmaji keur mata uang.

Romanisasi ngaran Jepang

[édit |édit sumber]

Ngaran bisa jadi loba variasi, nu gumantung kana cara ngeja nu dipikaresep. Contona, artismangaYasuhiro Nightow ngaran kulawargana sacara konvensional ditulis dina sistim romanisasi Hepburn nyaétaNaitō.

Variasi sejen dina ngaran nyaéta ngaganti K ku C, saperti ngaran artis tipi Ricaco atawadahareun ringanJagarico, atawa miceunvowel tanpa sora, saperti dina ngaran sutradara pilemMacoto Tezka (putra artismangaOsamu Tezuka). Catean miceun vowelu.

Conto kecap nu ditulis dina unggal sistim romanisasi

[édit |édit sumber]
Basa SundaBasa JepangNgeja kanaRomanisasi
Revised HepburnKunrei-shikiNihon-shiki
Roman charactersローマ字ローマじrōmajirômazirômazi
Gunung Fuji富士山ふじさんFujisanHuzisanHuzisan
tehお茶おちゃochaotyaotya
gubernur知事ちじchijitizitizi
surut縮むちぢむchijimutizimutidimu
saterusna続くつづくtsuzukutuzukutuduku

Chart romanisasi

[édit |édit sumber]

Chart nembongkeun beda nu jelas dina sistim romanisasi utama.

KanaRevised HepburnKunrei-shikiNihon-shiki
ううūûû
おう, おおōôô
shisisi
しゃshasyasya
しゅshusyusyu
しょshosyosyo
jizizi
じゃjazyazya
じゅjuzyuzyu
じょjozyozyo
chititi
tsututu
ちゃchatyatya
ちゅchutyutyu
ちょchotyotyo
jizidi
zuzudu
ぢゃjazyadya
ぢゅjuzyudyu
ぢょjozyodyo
fuhuhu

Huruf alpabet dina Basa Jepang

[édit |édit sumber]

Di handap nembongkeun cuma ngeja Latin unggal karatker atawa akronim dina Basa Jepang. Contona,NHK diejaenu-eichi-kei, (エヌエイチケイ).

  • A;ē orei (エー or エイ)
  • B; (ビー, cara maca sejenna, ベー)
  • C;shī (シー or シィー, kadangkala dibaca, スィー)
  • D; (ディー, cara maca sejenna, デー)
  • E;ī (イー)
  • F;efu (エフ)
  • G; (ジー)
  • H;eichi (エイチ)
  • I;ai (アイ)
  • J; orjei (ジェー or ジェイ)
  • K; orkei (ケー or ケイ)
  • L;eru (エル)
  • M;emu (エム)
  • N;enu (エヌ)
  • O;ō (オー)
  • P; (ピー, cara maca sejenna, ペー)
  • Q;kyū (キュー)
  • R;āru (アール)
  • S;esu (エス)
  • T; (ティー, cara maca sejennachī, チー, jeung cara maca sejenna, テー)
  • U; (ユー)
  • V;vi (ヴィ, cara maca sejennabui, ブイ)
  • W;daburyū (ダブリュー)
  • X;ekkusu (エックス)
  • Y;wai (ワイ)
  • Z;zeddo or (ゼッド or ズィー, cara maca sejenna, ジー)

Kana tanpa bentuk romaji

[édit |édit sumber]

Taya bentuk romanisasi umum nu ditarima keur sakabeh bentukkana. Sabagean, taya bentuk romanisasi keur sakabeh ukurankana nu leuwih leutik tina "vowel"kana, "ぁ", "ぃ", "ぅ", "ぇ" jeung "ぉ", versi nu leuwih leutik keurkanay, "ゃ", "ゅ", jeung "ょ", sartasokuon atawakanatsu "っ" leutik. Sanajan ilaharna make tanda ponetik atawadiakritik keur ngadeukeutanana, saperti dina tungtung kalimah atawa sababaraha ngaran.

Taya umum ditarima keur kombinasi romanisasi saperti katakana "トゥ" dibacato jeungu leutik, dipake keur ngagambarkeun sora dina kecap Basa Inggris "too". Sababaraha urang nulisna jaditu, tapi ieu ngabingungkeun jeungtu dina romanisasi Nihon-shiki jeung Kunrei-shiki keurkana ツ, dina Hepburn romanisasi jaditsu.

Dina komputer atawa pangolah kalimah, kana leutik bisa dihasilkeun tina sababaraha cara. Contona, ku cara mencet "x" atawa "l" samemeh romanisasi ukuran pinuh bakal ngahasilkeun kana versi leutik dina sababaraha sistim, sapertixtu bakal jadi "っ" dina komputer Microsoft. Sanajan ieu teu baku sarta bentukna ngan dipaké dinasistim asupan; teu dipaké keur ngagambarkeunkana leutik dina romanisasi Basa Jepang.

Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. Chibbett, David (1977).The History of Japanese Printing and Book Illustration. Kodansha International Ltd.ISBN 0-87011-288-0.
  2. Nihongo Daihakubutsukan (日本語大博物館,Nihongo Daihakubutsukan?).ISBN 4-88309-046-9.; (Dina Basa Jepang).

Tempo ogé

[édit |édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit |édit sumber]
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Romanisasi_aksara_Jepang&oldid=654491"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp