Richard Branson miboga ngaran lengkepSir Richard Charles Nicholas Branson (gumelar diLondon,Inggris,18 Juli1950) nyaéta saurang pabisnis asalInggris anu kacida kasohorna ku sabab ngadegkeun 360 pausahaan di handapeun naunganVirgin Group[1][2]. Branson mangrupa anak pangkolotna ti opat sadulur, dua urang dulur awéwé,Lindi jeungVanessa Branson. Sedengkeun adi laki-lakina, Ted, nuturkeun léngkah bapana jadipangacara[1]. Branson teu pati alus pangabisana dina widang akademik mah tapi kemampuhna di widang olahraga, utamanaolahragarenang[1].
Branson suksés ngadegkeun bisnis munggaranna nalika umur 16 taun jeung publikasi majalahStudent[1]. Branson ngadegkeun hijibisnis pesenan rekamanaudio liwatsurélék di taun1970[1]. Branson dipaparin dua urang anak jeung Joan Templeman nyaéta Holly jeung Sam[1][2]. Branson kacatet minangka jalama pangbeungharna ka-261 nurutkeun vérsi majalahForbes pikeun kategori daptar jalama pangbeungharna2009 ku kabeungharan nepi ka 3.9milyarUSD[1][2].