Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Rambutan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Rambutan
Rambutan
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Plantae
(unranked):
Spermatophyta
(unranked):
Dicotykedonae
Ordo:
Sapindales
Kulawarga:
Sapindaceae
Génus:
Nephellium
Spésiés:
Nephellium lappaceum Linn.

Rambutan (Nephellium lapaceum) nyaéta salah sahiji wanda bungbuahan anu kaasup kana jenis tatangkalantropis. Rambutan asalna ti wewengkon Kepuloan diAsia Tenggara.[1] Kecaprambutan asalna dicokot tina wangun buahna anu miboga kulit sarupa jeung buuk atawarambut.

Rambutan loba kapanggih di wewengkontropis sapertiAfrika,Kamboja,Karibia,Amerika Tengah,India,Indonésia,Malaysia,Filipina,Thailand jeungSri Lanka. Jinis rambutan acéh mangrupa rambutan anu kamashur diurang, alatan rasana kareueut tur dagingna molopog tina sikina.[2]


Morfologi

[édit |édit sumber]

Rambutan mangrupa tatangkalan taunan, sacara alami tangkal rambutan bisa nepi ka 25m atawa leuwih. Tapi umpamana dibudidayakeun umumna ngan nepi 5-9m. Wangun tangkalna saperti payung kalawan jangkungna 5–10 m. Sistem akar nu jero. Watang rambutan bogakai nuheuras, wanguna gilig, tumuwuh jangkung kokoh sarta warnana radacoklat nepi kabodas semucoklat. Cabangna tumuwuh sacara horisontal sakapeung saeutik miring ka luhur.Daun rambutan wangunabuleud panjang kalawan tungtung tumpul atawa runcing sarta dina umumna warnanahéjo kolot atawa ngora gumantung variétasna.[3]

Kembang muncul ti kélékdaun atawa ditungtung cabang kasusun dina tandan. Unggal tandan kawengku ku 50-2000kembang.Kembang rambutan ukurana leutik warnana konéng kalawan tangkey nupondok.[3]

Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. Rochani, Siti. 2007.Bercocok Tanam Rambutan. Jakarta: Azka Press
  2. Rigg, Jonathan (1862).Sunda Language. Batavia: Lange & Co. p. 2. Diakses tanggal (disungsi – 19 Pébruari2025). 
  3. abRukmana, Rahmat. 2002.Rambutan. Yogyakarta: Kanisius
Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Rambutan&oldid=677071"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp