Raksukan nyaéta mangrupa kabutuhan utamamanusa saliandahar jeung tempat dumuk.[1] Ieu hal geus bisa katilik ti jaman baheula kénéh anu terus ngigelan kamekaranbudaya jeungparadaban manusa.[1]
Ditilik tina sajarahna kamekaran kabudayaan manusa, bisa ditalungtik hal-hal anu aya patalina jeung raksukan.[1] Dina hakékatna raksukan anu mekar dimasarakat ayeuna téh mangrupa kamekaran tina bentuk raksukan peradaban barat.[1] Tapi raksukan barat ogé mangrupa serepan tina tilu budaya nyaétaYunani Kuno,Romawi jeungNasrani.[1] Kamekaran jaman ogé mangaruhan kana raksukan anu saluyu jeung kamekaranélmu,pangaweruh,téknologi, jeungseni (IPTEKS).[1] Dina jaman prasejarah manusa encan wawuh kana raksukan saperti ayeuna.[1] Manusa hirup alatan moro saperti ayeuna.[1] Tapi manusa hirup alatan cara moro,tatanén, jeung hirupna pundah-pindah ti hiji tempat ka tempat séjén ku cara ngamangpaatkeun naon anu kapanggih disabudeureunana.[1] Nalika maranéhna morosato, maranéhanana téh lain dagingna wungkul tapi jeung kulitna, dagingna pikeun di dahar jeung kulitna pikeun nutupan awakna.[1] Nalika éta manusa mimiti mikir yén nutupan awak tina pangaruh alam jeung sabudeureunana saperti pangaruh hawa, sato,cuaca atawaiklim jeung barang-barang anu ngabahayakeun.[1] Cara pikeun nyingkahan tina hal nu tadi téh béda-béda saluyu jeung alam sabudeureunana.[1] Di daérah anu hawana tiis, manusa jaman baheula nutupan awakna ku cara awakna ditutup ku kulitsato, hususna sato-sato anu buluna kandel sapertidomba.[1] Kulit sato kasebut dibersihkeun heula tina daging jeunglemak anu nempél tuluy digaringkeun.[1] Kitu ogé di daérahpanas, maranéhna ngamangpaatkeun kulitkai anu saméméhna dikeueum tuluy digebugan jeung digaringkeun.[1] Aya ogé anu maké dadaunnan jukut jeung anu garing.[1] Salain ti éta aya ogé anu makéranté tinakerang atawabeubeutian, sihung sato jeunghuntu anu disusun saperti kalung.[1] Ilaharna dipaké dina beuheung saperti kalung, dina leungeun sapertigelang, dinasuku sapertigénggé jeung dinaimbit pikeun nutupan bagian-bagianawak.[1] Ieu kabéh téh miboga pungsi pikeun jadi pamanis jeung kaéndahan salain ti éta aya kapercayayan atawa tahayul.[1] Numutkeun kapercayaya baheula, yén maké barang-barang kasebut bakal némbongkeun kakuatan atawa ayana rasa kawani tina roh-roh jahat jeung pikeun dipika hormat.[1] Salain ti éta aya cara lain nyaéta ku cara ngagambaran awakna anu disebutnatattoo. Tapi sakabéh anu dilakukeun ku masarakat primitif encan bisa disebutkeun raksukan ku sabab seni dina raksukan mah ayana sanggeus masarakat maraké panutup awak tina kulit sato, kulit kai atawabahan baju dina bahan tenunan.[1] Satuluyna, ayana pamanggih bahan raksukan boh tina kulit sato boh kulit kai jeung cara makéna éta jadi kasang tukang lahirna bentuk dasar raksukan.[1] Bentuk dasar raksukan anu ayadiIndonésia, nyaétakutang,papakéan,ponco,kaptan jeungcalana.[1]
Fungsi saujratna tina raksukan téh nyaéta pikeun nutupan awak tina panasnapanon poé, tirisnaangin jeung ngjaga suhuawak sangkan tetep stabil, salain ti éta raksukan téh jadi enteung budaya masarakat anu aya.[2] Ditilik tina agama raksukan téh pikeun nutupanorat, jeung pikeun perhiasan maksudna pikeun mamanis dina dangdosan di hareupeun GustiAlloh jeung sasama manusa.[2]
Mimitina manusa ngamangpaatkeunkulittangkal jeung kulitsato pikeun bahan raksukan.[1] Tuluy ngamangpaatkeunbola tinakapas,bulu domba sarta sutra anu satuluyna dijadikeun bahan dasar dijieuna raksukan.[1] Ayeuna dipikawanoh rupa-rupa jiniskaén di antarana: