Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Réog

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Réog

Réog nyaéta salah sahijikasenianbudaya anu asalna tiJawa Wétan sartaPonorogo dianggap minangka dayeuh asal Réog anu sabenerna.[1]Réog mangrupa salah sahijibudaya wewengkon diIndonésia anu masih kentel kana hal-hal anu mistik sarta élmu kebatinan anu kuat.[1]

Sajarah

[édit |édit sumber]

Dina sajarahna aya limavérsi carita populér anu ngembang di masarakat ngeunaan asal-usul Réog sartaWarok, tapi salah sahiji carita anu pangkacelukna nyaéta carita ngeunaan ka waniKi Ageng Kutu, saurang abdi karajaan dina mangsa Bhre Kertabhumi, RajaMajapahit pamungkas anu ngawasa dina abad ke-15.[1]Ki Ageng Kutu ambek alatan ayana pangaruh kuat ti pihak Cina ka rajana dina pamaréntahan sarta paripolah raja anu korup, manéhna ogé nempo yén kakawasaan KarajaanMajapahit baris lekasan.[1]Manéhna tuluy ninggalkeun raja sarta ngadegkeun paguron, manéhna mengajar barudak ngora senibela diri,élmu kekebalan diri, sarta élmu kasampurnaan jeung harepan yén barudak ngora ieu baris jadi bibit pikeun bangkitna deui karajaanMajapahit.[1]Sadar yén pasukanana saeutik teuing pikeun ngalawan pasukan karajaan, mangkaKi Ageng Kutu nepikeun maksudna ngaliwatan pintonan seni Réog, anu mangrupa "sindiran" ka Raja Bra Kertabumi sarta karajaanana.[1]Pagelaran Réog jadi caraKi Ageng Kutu ngawangun lalawanan masarakat lokal ngaliwatan katénaran Réog.[1]Dina pintonanna Réog ayatopéng ngawangun hulusinga anu dipikawanoh minangkaSinga Barong, raja leuweung, anu jadi simbol pikeun Kertabumi, sarta di luhurna maké bulu-bulumeraknyarupaan kipas buta anu ngagambarkeun pangaruh kuat baturCinanya anu ngatur sagala paripolahna.[1]Jatilan, anu dipaénkeun ku nu ngibinggemblak anu naék kuda-kudaan jadi simbol kakuatan pasukanKarajaan Majapahit anu jadi babanding kakuatan warok, anu aya di tukangeuntopéng badut beureum anu jadi simbol pikeunKi Ageng Kutu, pamaén sorangan sarta ngangkut beurattopéngsinga barong anu beuratna leuwih ti 50 kg ngan ukur ku ngagunakeun huntuna.[1] kawentarna RéogKi Ageng Kutu pamustunganana ngabalukarkeun Kertabumi nyokot tindakan pikeun nyerang ka paguronna, sarta paguron dicaram pikeun ngajarkeun élmu warok .[1]Tapi murid-muridKi Ageng Kutu tetep nuluykeunana sacara reureunceupan.[1]Sanajan kitu,Kasenian Réog sorangan sok dipintonkeun pikeun jadi pintonanpopulér disabudeureun masarakat.[1]Tapi kiwari, jalan caritana ditambahan saluyu jeung carita rahayatPonorogo nyaéta Kelono Sewondono, Dewi Songgolangit, and Sri Genthayu.[1]

Pintonanna

[édit |édit sumber]

Kasenian réog biasana dipaénkeun ku opat urang nyaéta ; saurangDalang anu ngadalikeun réog, saurang wawakilDalang, sarta dua batur deui nu ngabantuan.[2]Dalang nyekelKendang atawaDogdog anu ukuranana 20 cm anu disebutDogdog Tilingtingtit, wawakilDalang nyekelKendang anu ukuranana 25 cm atawa anu disebutPanempas sarta pamaén katilu ngagunakeunDogdog ukuran 30–35 cm sarta disebutBangbrang sarta pamaén kaopat nyekelDogdog ukuran 45 cm anu disebut ogéBadublag.[2]Pamaén katilu sarta kaopat biasana jadi tukang bodor sedengkeun pamaén kahiji sarta kadua ngadalikeun jalan carita.[2]Lila pintonan réog antara sajam nepi ka sajam satengah sarta pikeun miriglagu-laguna minangka selingan atawa panglengkep ayaNayaga kalayan waditrana saperti; duaSaron,Kendang,Rebab,Goong,Gambang.[2]

Referensi

[édit |édit sumber]
  1. abcdefghijklm(id)Reog dan sejarahnya[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 14 Maret 2012)
  2. abcd(id)Seni dan Budaya : ReogArchived 2012-03-15 diWayback Machine (diaksés tanggal 16 Maret 2012)
Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Réog&oldid=654512"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp