Sanggeus dominasiInggris jeungKasultanan Utsmaniyah di Qatar, ahirna Qatar jadi nagara nu merdéka dina3 Séptémber1971. Baheula,Inggris ngawasaan Qatar sabagé tempat transit kapal dagang saméméh nuju kaIndia. Qatar teras miboga status salaku depénden tiInggris, teras status protéktoratInggris nu dihentian dina taun 1916.
SanggeusPerang Dunya Kadua, Qatar rék miboga kamerdékaan, utamana sanggeusIndia miboga kamerdékaanna dina taun 1950-an. Qatar teras gencar sanggeusInggris méré kamerdékaan kaKuwait dina taun 1961. PamaréntahInggris nyebutkeun rék ngeureunan pangawasaan politik tapi tetep neruskeun pangawasaan ékonomi di Qatar. Hal ieu teu diingkeun ku Qatar nu satuluyna ngawangun Féderasi Arab Teluk babarengan jeung Bahrain.
Awalna,ékonomi Qatar difokuskeun kanakalaukan jeungmutiara tapi industri mutiara ancur sanggeus mucunghulna mutiara nu dibudidayakeun tiJepang dina taun1920-an jeung1930-an. Transformasi ékonomi aya dina taun1940-an, nyaéta dina wanci kapanggihna simpenanminyak bumi. Ayeuna, pamasukan utama Qatar nyaéta tiékspor minyak jeunggas bumi. Simpenan minyak nagara ieu kira-kira 15 miliarbarel (2,4 km³).
Pikeun sababaraha taun ka payun, Qatar kira-kira rék tetep fokus dina minyak jeung gas bumi, tapi geus mulai ngamekarkeun séktor swasta. Dina2004,Taman Sains jeung Téhnologi Qatar dibuka pikeun menarik jeung ngalayanan rupa-rupa usaha nu basisna téhnologi, boh ti jero atawa luar Qatar.
EujeungPDB per kapita nomor 2 pangluhurna di dunya jeung pakiraan taun 2008 kira-kira $111.000[1] nu nyieun manéhna Salaku nagara nu tarap hirup populasina bisa disaruakeun malah leuwih maju dibandingkeun nagara-nagaraÉropa Kulon nu rupa-rupa layanan sosial jeung fasilitasna modérn.
Dataran Qatar gedéna ngan 160 km jeung leuwih leutik ti nagara bagianConnecticut diAmérika Sarikat. Dataran Qatar diwangun ti sagara keusik. Tempat pangluhurna di Qatar nyaéta di Jabal Dukhan. Aréa ieu miboga jumlah gas alam nu gedé pisan.
Kalobaannana populasi Qatar pangagem Islam. Salian étnik Arab, Qatar ogé diwangun ti laloba ékspatriat nu gawé di Qatar dina industri minyak. Kalobaannana ékspatriat asalna ti Asia Kidul, nyaéta wewengkonIndia,Pakistan, jeungMaladéwa. Kalobaannana Muslim di Qatar pangagem Islam Sunni, teras nu pangagem Syi'ah ngan 3 %. Pangagem Kristen kalobaannana asalna ti ékspatriat asalÉropa nu gawé di Qatar.
Sanajan aya di wewengkon Arab, hukum di Qatar katempo leuwih bébas jeung liberal. Dina kapamingpinanÉmir Qatar, Hamad bin Khalifa Al-Thani, Qatar ngalaman modérnisasi jeung liberalisasi. Misalna, alkohol diboléhkeun dina jumlah kabates hungkul.
Dina sababaraha taun ieu, pamaréntah Qatar naro perhatosan nu gedé kana atikan. Pamaréntah Qatar geus ngawangun sakola ti tingkat taman kanak-kanak nepi ka univérsitas. Sababaraha univérsitas Amérika Sarikat geus muka cabangna di Qatar eujeung dukungan Qatar Foundation, di antarana nnyaéta Carnegie Mellon University, Géorgetown University School of Foreign Service, Texas A&M University, Virginia Commonwéalth University, jeung Cornell University's Weill Medical College. Émir Qatar, Shéikh Hamad bin Khalifa Al-Thani geus ngawangun Déwan Atikan Qatar dina taun 2002.
Qatar miboga sistem komunikasi nu modérn diDoha. Sistem ieu ngagunakeun 2 Intelsat jeung 1 Arabsat. Pausahaan télékomunikasi resmi di Qatar nyaéta Qtel jeung Vodafone. Qtel ogé jadiISP di Qatar nu dingaranan Internét Qatar. Statsion télévisiAl Jazeera asalna téh ti Qatar jeung didukung ku Émir Qatar.